2 Conto Biantara Basa Sunda Pondok tur Mundel

Kiwari.co.id – conto biantara basa Sunda bisa dijadikeun minangka referensi pikeun panulisan téks biantara maké basa daérah. Hal ieu téh dilantarankeun panulisan téks biantara ngagunakeun basa daérah loyogna leuwih bangga lamun dibandingkeun jeung ngagunakeun basa resmi atawa basa nasional.

Sanajan ngagunakeun basa daérah, tapi basa anu digunakeun kudu tetep sopan sahingga teu nyigeung parasaan jalma lian. Mangka ku kituna, sing saha baé jalma anu karep nulis téks biantara atawa pidato kudu ningali sababaraha conto biantara leuwih ti heula sangkan panulisan téksna hadé jeung bener.
Conto Biantara Basa Sunda dina Sababaraha Jejer.

Dicutat tina buku Bahasa Indonesia (Cara Mudah Menulis Karya Ilmiah) ku Ahsanul Anam (2023:128), biantara atawa pidato téh nyaéta nyatur atawa nyarita di hareupeun jalma lian atawa umum pikeun tujuan anu tangtu. Ilaharna, téks biantara dibawakeun ku jalma anu méré orasi orasi, patalékan ngeunaan hiji hal atawa paristiwa anu penting tur pantes digunemkeun.
Kemampuhan biantara atawa cacarita anu hadé di hareupeun balaréa bisa ngabantu pikeun ngahontal jenjang karier anu hadé ogé. Ieu téh nyaéta dua conto biantara basa Sunda anu bisa dijadikeun minangka iloan atawa referensi enggoning panulisanana.

Conto Teks Biantara 1

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Murid-murid, daramang?

Murid-murid sadaya,

Kaberesihan téh aya hubungan sareng kaséhatan. Lingkungan nu kalotor, bisa nimbulkeun ayana panyakit. Laleur ngagarimbung dina runtah. Laleur haliber ka bumi, areunteup dina piring tuangeun. Tuangeun nu aya dina piring janten kotor. Kumaha lamun katuang ku urang? Bisa nyeri patuangan, diare, disentri, nya?

Tuh, geuning janten teu damang!

Murid-murid sadaya!

Rohangan kelas kedah beresih. Bangku-bangku tong dicurat-corét. Gambar-gambar ogé ulah daréngdék. Lanté kedah dipél. Mun sarareungit, saha baé anu lebet ka kelas, matak betaheun. Reungit mah moal betaheun. Betaheunana di tempat nu kotor.

Sadaya warga kelas kedah ngajaga kabersihan. Sanés nu pikét baé, tapi sadayana ngajaga kaberesihan.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Conto Téks Biantara ka-2

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Sadaya puji kagungan Alloh nu murbeng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca mah. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wireh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedihna mah da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih rerencangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka akhir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kurang saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah ngantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih elmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk elmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Bapa Ibu…

Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh Swt. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mugi badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Kitu ngeunaan conto téks biantara basa Sunda dina dua jejer kaayaan. Ku ayana conto éta, diharapkeun jadi iloan pikeun nyusun karangan ngagunakeun basa Sunda.

 

Kontributor: Agus Rohmat

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan