3 Kadaharan anu Teu Meunang Dikonsumsi Babarengan jeung Kulub Sampeu

Kiwari.co.id – Réa jalma milandep kulub sampeu minangka menu sasarap atawa opieun séhat. Tapi tétéla, aya kadaharan anu teu meunang dikonsumsi bareng jeung kulub sampeu.
Sampeu mangrupakeun salah sahiji sumber karbohidrat kompleks anu ngandung manfaat pikeun waruga.

Nyutat ti Healthline, saporsi sampeu asak anu 3,5 ons atawa 100 gram beyratna ngandung 191 kalori. Sakitar 84 persén diantarana asalna tina karbohidrat, sedengkeun sésana asalna tina protein jeung lemak.

Karbohidrat kompleks sorangan boga manfaat pikeun ningkatkeun energi, ngajaga bobot awak, ngoptimalkeun massa otot, ngatur gula darah, tepika ngarojong kaséhatan otak.

Sanajan mibanda ragam manfaat, kombinasi kadaharan anu tangtu reujeung kulub sampeu kudu disingkahan pikeun ngajaga kaséhatan.

Food combining
Réa anu nerapkeun prinsip food combining pikeun ngatur kadaharan anu dikonsumsi sangkan ngamaksimalkeun nutrisi poéan earuga.

Dicutat ti Food Insight, food combining nyaéta pola dahar anu ngatur kombinasi kadaharan dumasar t3ori yén kombinasi anu merenah bisa nyegah gangguan padaharan jeung panyakit.

Pola dahar ieu ngabagi kadaharan kana sababaraha kategori, diantarana asam (daging, produk olahan susu, lauk, gandum), netral (lemak, gula, pati), jeung basa (sisikian, buah, sayur, kacang-kacangan).

Ilustrasi. Salian ti nyingkahan kadaharan anu teu meunang dikonsumsi babarengan jeung sampeu, Anjeun kudu bisa ngolahna kalayan merenah. (iStockphoto/Photographer)

Nyutat Healthline, prinsip utama food combining diantarana :

– Pék dahar buah saukur dina mangsa beuteung kosong, utamana melon.

– Singkahan ngagabungkeun pati jeung protein.

– Singkahan ngagabungkeun pati jeung kadaharan haseum.

– Singkahan ngagabungkeun rupa-rupa jinis protein.

– Konsumsi produk susu saukur dina mangsa beuteung kosong, utamakeun inuman susu.

Tuluy, naon baé kadaharan anu teu meunang dikonsumsi bareng jeung kulub sampeu?

Kulub sampeu mangrupakeun sumber karbohidrat anu sugih pati resisten, sajenis pati anu ngaliwatan pangcernaan tur mibanda sifat anu sarimbag jeung serat larut, sahingga aya sababaraha kadaharan anu teu meunang dikonsumsi bababrengan jeung kulub sampeu.

Ieu daftarna:

1. Kadaharan kalayan kandungan haseum
Buah jeruk, tomat, cuka, jeung kadaharan séjénna anu boga sifat haseum bisa ngaganggu padaharan atawa pangcernaan tur nyababkeun beuteung kembung atawa gangguan padaharan séjénna.

2. Protein
Daging, lauk, hayam, jeung produk susu teu meunang dikonsumsi babarengan jeung sampeu lantaran bisa ngahasilkeun kaleuwihan asam dina waruga anu ngabalukar goréng kana kaséhatan.

3. Gula
Kombinasi sampeu jeung kadaharan amis kayaning kuéh atawa dessert ngandung gula gedé bisa nyababkeun masalah padaharan tur ningkatkeun kadar gula darah sacara drastis.

Sanajan prinsip food combining tacan kabuktian sacara ilmiah ningkatkeun kualitas kaséhatan, sababaraha anjuran kawas ngaminimalkeun konsumsi karbohidrat jeung lemak bisa ngabantu panurunan beruat awak.

Ngan, penting pikeun teu ngajadikeun food combining minangka hiji-hijina patokan pola dahar sapopoé.

Risiko pangolahan sampeu anu salah

Sampeu ngandung nutrisi penting kayaning vitamin C, tembaga, jeung serat. Ngan, perelu diinget yén sampeu ogé ngandung sanyawa bahaya lamun didahar atah.

Sampeu atah ngandung bahan kimia anu disebut glikosida sianogenik. Lamun didahar, ieu bisa ngaleupaskeun sianida kana jero waruga.

Prosés pangolahan anu merenah diperelukeun pikeun ngilangkeun senyawa racun éta. Ngonsumsi sampeu dina anu teu kaleuleuwihi kacida dianjurkeun.

Ku kituna, salain nyingkahan kadaharan anu teu meunang dikonsumsi babarengan jeung kulub sampeu, Anjeun kudu ngolahna ku cara anu merenah sangkan bisa dicokot manfaatna kalayan maksimal.

Kontributor: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan