Lembur KuringPanineungan

6 Fakta Ahéng Gunung Sunda anu Mangrupakeun Indung Gunung Api di Jawa Barat

Kiwari.co.id – Gunung Sunda anu aya ayeuna reujeung Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang katut Gunung Bukit Tunggul, mangupakeun sésa tina Gunung Sunda Purba anu kungsi bitu gedé dina zaman prasejarah. Gunung Sunda mangrupakeun gunung api purba anu perenahna di wewengkon Bandung, Jawa Barat, Indonesia.

Ngabeledugna Gunung Sunda ngabalukarkeun kabentukna Kaldera Sunda. Gunung Sunda mangrupakeun gunung api anu kabentuk minangka hasil tina panotogan lémpéng Indo-Australia ka handapeun lémpéng Eurasia.

Nyutat ti laman Kemendikbud, Rebo, 7 Agustus 2024, nurutkeun Panaliti BPNB Jawa Barat, Nandang Rusnandar, ngeunaan ayana Gunung Sunda, ogé kakait jeung ayana pamukiman manusa purba di Pakar Dago, Bandung Utara sakitar 120 ribu taun kalarung. Fakta ieu dikuatkeun ku hasil sababaraha panimuan mangrupa artefak-artefak

Réa kénéh perkara ngeunaan Gunung Sunda salian tina lokasi jeung paristiwa bituna. Di handap ieu genep fakta ahéng Gunung Sunda anu dirangkum Tim Lifestyle Liputan6.com ti sababaraha sumber.

*1. Sejarah Ayana Gunung Sunda*
Ieu gunung medal tina bituna gunung api saméméhna, Gunung Jayagiri atawa Pra-Sunda sakitar 500 rébu tepika 560 rébu taun kalarung sanggeua ngalaman mangsa dormansi salila 290.000 taun anu ngabentuk kaldera Pra-Sunda. Tina kaldera éta, 300.000 taun satuluyna Gunung Sunda medal.

Hal ieu ogé ditandaan ku sumber geologi, yén Bandung dina zaman baheula, 120 rébu taun anu kaliwat mangrupakeun hiji dano raksasa anu ngembat ti tungtung wétan (Ujung Berung) nepika tungtung kulon (Padalarang). Dina mangsa Dataran luhur Bandung masih mangrupa dano ieu, beungeut cai jangkungna 725 m di saluhureun beungeut cai laut. Di sabudeureunana harita geus aya pamukiman jalma.

*_2. Gunung Sunda Indung Gunung Api di Jawa Barat_*

Tina analisis tefrakronologi, vulkanisme gunung gunung api Sunda-Tangkuban Parahu dikolompokeun opat vulkanisme, tina kolot kana ngora, nyaéta tina Gunung Pra-Sunda, Sunda, Tangkuban Parahu kolot, Tangkuban Parahu ngora. Gunung Sunda jadi indung tina sajumlah gunung api di Jawa Barat.

*3. Sésa Bituan Gunung Sunda*
Sésa gunung purba raksaksa anu kabentuk 2 juta taun kalarung ieu kiwari mangrupakeun tonggongan pasir. Di sabudeureun Situ Lembang jeung Gunung Burangrang dipiyakin minangka salah sahihi puncrut gigiran tina Gunung Sunda Purba.

Sésa séjénna tina lamping Gunung Sunda Purba ieu aya di belah kalér gunung. Hususna di belah kalér Walungan Cikapundung nepika Gunung Manglayang, anu ku van Bemmelen disebut minangka blok Pulasari.

Sésa séjén Gunung Sunda Purba ieu nurutkeun Koesoemadinata dina makalahna anu judulna “Asal-Usul dan Prasejarah Ki Sunda” mangrupakeun Pasir Putri anu aya di belah wétan laut Lembang, Bandung.

*4. Asal-usul Nama Gunung Sunda*

Tina carita salah saurang sesepuh zaman baréto anu dumuk di Arjasari, Kacamatan Banjaran, Kabupatén Bandung, Gunung Sunda Purba baheula dipiwanoh nyaéta Gunung Chuda anu dina Basa Sansekerta boga harti putih atawa bodas. Dingaranan Gunung Chuda alatan kocap cenah puncak tina gunung salilana katutup és atawa salju, éta sababna aya sababaraha pangumbara anu asalna ti India bisa ningali Gunung Chuda kalayan atea.

Dikirakeun para pangumbara ningali gunung éta ti dataran Sumatera. Lantaran rasa panasaran anu gedé, para pangumbara ngadatangan éta gunung, nepika akhirna anjog di wewengkon Gunung Chuda.

Balukar panyebutan padumuk lokal, kecap chuda ngagésér jadi Sunda. Ngait kana chuda mibanda harti putih atawa bodas. Teu hémeng lantaran Sunda identik jeung wargana atawa masarakatna anu mibanda kulit loyog semu bodas

*5. Aya Situs Zaroh Nepika Curug*
Nyutat ti laman Jaringan Desa Wisata Kementerian Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Kemenparekraf), di Gunung Sunda aya situs zaroh. Ieu tempat mangrupakeun situs anu remen dijugjug warga désa jeung luar Désa Cipancar anu mangrupakan warisan karuhun Désa Cipancar. Cipancar anu aya di Kabupatén Subang, mibanda pariwisata unggulan nyaéta Curug Cijalu, Resort Cijalu, Panginapan Warna-warni, Panginapan Nagasari.

*6. Cerita Mistis Ngeunaan Gunung Sunda di Sukabumi*

Aya réa carita mistis anu sumebar di masarakat ngait jeung Gunung Sunda. Disebutkeun yén di sekitar Gunung Sunda Sukabumi aya hiji Guha.

Kocap guha éta mangrupakeun tempat panyimpenan pakakas sanjata perang laskar Pajajaran. Tur remen pisan aya kawénéhan mangrupa ‘maung’ atawa macan.

Mun seug bener, mangka ieu ogé sigana ay hubungan jeung pangaranan lain Gunung Sunda anu tiheula disebut Gunung Kerud atawa Gunung Tunda. Tujuan pangaranan lian tina Gunung Sunda éta cenah, lantaran di lelewek éta dina zaman baheula nyaéta tempat panyumputan, nepika lelewek ayana Gunung Sunda disamarkeun.

Aya ogé jalma anu masih ngaramatkeun jeung mercata Gunung Sunda tempat panyindangan Prabu Siliwangi katut para pangawalna. Pangabdi Prabu Siliwangi éta dipercaya jadi panggeugeuh guha jeung Gunung Sunda, sawaktu-waktu némbongan macan hideung garis beureum anu disebut Maung Lodaya.

Samalah di sakitar lokasi Gunung Sunda ieu, cenah kerep ayana kawénéhan hal gaib. Jalma mindeng ningali karéta kancana anu dipercaya asalna ti Karajaan Pajajaran.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *