SampurasunWartaWarta Internasional

Aya Naon AS? ‘Malapetaka’ Tarajang Texas-‘Neraka’ Anjog di LA California

Foto: Hollywood dilimpudan haseup tina kahuruan anu kajadian kamarina di Hollywood Hills, samentara dua kahuruan leuweung anu ngancam Los Angeles .i wétan jeung kulon masih hurung teu kakadalikeun, di Los Angeles, California, AS, 9 Januari 2025. (REUTERS/Carlin Stiehl)

Kiwari.co.id – Bancana keur satengahing narajang Amerika Serikat (AS). Sababaraha nagara bagian ditétélakeun dina “kaayaan darurat” samentara anu lianna “bancana nasional”.
Umpamana baé Badéi musim dingin neunggeul Amerika ti nagara bagian Kansas, Missouri, Maryland, Kentucky, Virginia, West Virginia, Arkansas, jeung Washington DC ti saprak awal pekan ieu. Panganyarna Kemis, cuaca ekstem kalawan salju kandel niban Kansas.

Ngan situasi anu sabalikna kajadian di California, Los Angeles. Cuaca garing anu ekstrem nyababkeun kahuruan leuweung rongkah di Los Angeles ti wétan ka kulon nyababkeun puluhan rébu jalma ngungsi.

Ieu rangkuman anu dicutat ti CNBC Indonesia, Saptu (11/1/2025).

Malapetaka usum tiis ti Kansas ka Texas
Badai usum tiis niban sajumlah wilayah di AS. Hal ieu téh mawa hujan salju anu leubeut dituturkeun pareum lampu massal, panundaan panerbangan sagemblengna, nepi ka nimbulkeun korban jiwa.

Para pajabat ngadesek warga pikeun cicing di imah jeung teu mamangkatan. Layanan Cuaca Nasional AS (NWS) ogé ngaluarkeun pangwawadi.

Sacara rinci cuaca tiis mingkin goréng di Kansas, Missouri, Maryland, Kentucky, Virginia, West Virginia, Arkansas, jeung Washington DC, sarta sababaraha bagian New Jersey. Badéi éta ngahasilkeun leuwih tina genep inci salju di sababaraha wewengkon di wilayah Atlantik tengah, kaasup wilayah metro Washington DC, Virginia, New Jersey, jeung Delaware.

“Dua orang juga dilaporkan tewas dalam kecelakaan satu kendaraan di daerah Sedgwick, Kansas, pada Minggu malam,” nurutkeun patroli jalan raya Kansas, dicutat The Guardian.

Di nagara bagian Texas, ratusan panerbangan ka jeung ti bandara Dallas-Fort Worth dibatalkeun akibat badéi musim dingin anu bisa nimbulkeun salju kandelna lima inci (12.7 cm). Ngalansir Newsweek, dina Kamis tabuh 3:21 waktu satempat, 709 panerbangan ti Bandara Internasional Dallas-Fort Worth jeung 698 panerbangan nuju bandara geus dibedokeun.

Spesialis urusan publik NWS jeung ahli meteorologi Erica Grow Cei nyaritakeun ka Newsweek yén fenomena badéi usum tiis ieu dipangaruhan ku ngalemahna Polar Vortex. Palemahan polar ieu anu ahirna ngajadikeun hawa tiis bocor tur nyebar.

“Wabah Arktik sering dikaitkan dengan melemahnya Polar Vortex. Ketika Polar Vortex melemah, hal itu memungkinkan udara dingin yang terkandung dalam Vortex tumpah ke selatan, alih-alih tetap terkurung di kutub,” caturna

Foto: Badéi salju rongkay AS (AP Photo/Brooke Hess-Homeier)

“Neraka” di California

Samentara éta di nagara bagian California, dua kahuruan leuweung rongkah di Los Angeles ti wétan jeung kulon terus ngabebela tanpa kakadali dina Kemis. Angin tarik ogé mingkin ngajadikeun seuneu mingkin ngagedéan salila dua poé ahir.

Kahuruan kajadian di wewengkon parumahan elite, Palisades, di antara Santa Monica jeung Malibu di sisi kulon kota. Kahuruan ogé ngarémbét wilayah Eaton di timur deukeut Pasadena.

Dilaporkeun kumaha ieu kahuruan mangrupakeun panggoréngna di AS dina dua dekade. Méh 28.000 hektare lahan jeung lingkungan jadi lebu sarta 180.000 urang ngungsi kalayan 200.000 dina pangwawadi evakuasi.

Foto: Helikopter nyemprotkeun cai ka lokasi kahuruan Sunset Fire di kawasan Hollywood Hills, Los Angeles, Rabu, 8 Januari 2025. (AP/Ethan Swope)

Dina laporan AP, sahenteuna lima urang tiwas. Sheriff Los Angeles Robert Luna dina konferensi pers nyaturkeun korban tiwas diirong baris ningkat.

Perelu dipiweruh, seuneu kahuruan geus ngabebela saprak Salasa peuting. Sumber awal aya di deukeut cagar alam di suku pasir padalaman timur laut LA.

Nurutkeun laporan NWS di Los Angeles, seuneu didorong ku angin Santa Ana anu tarikna nepi ka 60 mph (97 kpj) di sababaraha tempat Salasa. Angin ningkat jadi 70 mil per jam (112 kpj) din Rebo janari.

Foto: Pamancén pemadam kebakaran matéahkeun mareuman seuneu mangsa Kahuruan Palisades ngabebela salila badéi angin di sisi barat Los Angeles, California, AS, 7 Januari 2025. (REUTERS/Ringo Chiu)

“Kecepatannya bisa mencapai 100 mph (160 kpj) di pegunungan dan kaki bukit – termasuk di daerah yang belum mengalami hujan lebat selama berbulan-bulan,” ceuk NWS.

Éta situasi ngadorong Departemen Pemadam Kebakaran LA pikeun nyokot léngkah langka kalawan ménta bantuan patugas pamadam kabakaran anu keur teu mancén. Angin tarik teuing sahingga pasawat pamadam kabakaran teu bisa ngapung, sahingga mingkin ngahambat upaya pamareuman.

Panyabab kahuruan salah sahijina ayana kurangna curah hujan rata-rata gedéna 10% saprak Oktober 2024, sahingga salah sahiji wilayah AS éta kajadian garing. Angin leupas basisir anu kuat ogé jadi panyabab kahuruan rongkah éta.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Sampurasun