Dedi Mulyadi Baris Sikat Oknum LSM jeung Wartawan anu Kerep Peres Kepsek

Kiwari.co.id – Gubernur Jawa Barat kapilih RI Dedi Mulyadi nandeskeun baris nindak tandes oknum LSM jeung wartawan anu kerep meres kapala sakola ku dalih nyisikudi dana Bantuan Operasional Sekolah (BOS). Modus anu digunakeun, nurutkeunana, taya lian ku nuding ayana panyalahgunaan dana BOS, anu pamustunganana ménta duit.

“Kita ini sebenarnya dianggap maling, kepala sekolah dianggap maling, ujung-ujungnya mereka minta duit,” ceuk salah saurang kapala SMA di Subang mangsa paguneman jeung Dedi Mulyadi tur ditayangkeun dina akun YouTube Kang Dedi Mulyadi Channel, Senén (3/2/2025).

Nurutkeun laporan ti para kapala sakola mah, rata-rata éta oknum téh ménta duit gedéna Rp2 juta. Malahan mah, lamun duit teu dipasrahkeun, maranéhna maksa pihak sakola meuli barang anu ku maranéhna ditawarkeun.

“Biasanya maksa jual barang. Padahal di pasar banyak. Misalnya seragam 300 setel, mereka minta kita beli minimal 5 paket,” angluh salah saurang kapala sakola.

Ku lantaran éta tekenan téh, sababaraha kapala sakola ngarasa kapaksa ngagugu paméta éta para oknum.

“Pengeluaran non-budgeter per tahun bisa mencapai di bawah Rp5 juta per sekolah, tapi kalau dikumulasi jumlahnya sangat besar,” tambahna.

Salah saurang kapala sakola téh ngaku malahan mah kungsi boga pikiran keur ngundurkan diri alatan ngarasa kateken ku éta praktik pameresan.

“Saya pernah mau mundur dari kepala sekolah karena pusing menghadapi hal ini,” ungkabna.

Minanggap hal ieu, Dedi Mulyadi nandeskeun yén praktik kawas kieu téh kudu dieureunkeun. Inyana mibanda rancana nyieun Memorandum of Understanding (MoU) jeung Aparat Penegak Hukum (APH) sangkan kapala sakola téh mibanda panangtayungan hukum.

“Ke depan, tidak boleh lagi ada praktik seperti ini. Jika ada yang datang mengaku LSM atau wartawan dan tujuannya meminta duit, laporkan saja ke pihak berwajib,” tandesna.

Dedi ogé nandeskeun yén kapala sakola téh teu perelu gikir nyanghareupan ancaman siga kitu.

“Bapak-bapak tidak usah takut. Saya beberapa kali membela kepala sekolah yang dikriminalisasi hanya karena hal seperti ini,” pokna.

Lian ti kitu Dedi ogé mertélakeun yén dunia pendidikan mah sakuduna beresih tina praktik néangan kauntungan pribadi. Sakur alokasi waragad pangdidikan ogé kudu diaudit sangkan teu jadi kasalahan administrasi, bisa sagancangna dioméan tanpa intervensi pihak luar anu mibanda niat teu hadé.

Kalawan ayana léngkah tandes ieu téh, diharepkeun praktik pameresan ka kapala sakola beunang dieureunkeun, sahingga dana pangdidikan bisa digunakeun sagemblengna pikeun kapentingan siswa katut kamajuan sakola.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan