Kiwari.co.id – Mangkuk tacan lila ieu media sosial diramékeun ku unggahan anu nyebutken yén Depok téh mibanda kapanjangan tina De Eerste Protestantse Organisatie van Kristenen dina basa Belanda. Éta istilah téh ditepikeun ku hiji jalma dina video anu diunggah ku pangguna X @rezn******* dina poé Ahad (12/1/2025). Unggahan éta ogé ngajéntrékeun kakait kumaha sajarah kabentukna wewengkon Depok dina mangsa kolonialisme Belanda.
Dina video, Depok disebutkeun geus aya saméméhna Kemerdekaan Indonesia dina 17 Agustus 1945.
Harita, lemah di wilayah Depok dipibanda ku saurang bangsawan Belanda anu ngaranna Cornelis Chastelein ti saprak ahir abad 17. Jalma dina éta video nyebutkeun, Chastelein harita meuli wewengkon Depok legana 12,44 kilométer pasagi keur lahan produktif. Chastelein téh disebutkeun mibanda budak-budak anu mangrupakeun pribumi keut digawékeun di lahan Depok. Saméméh tilardunya, Chastelein téh ngawariskeun éta tanahna ka budak-budak beulianana. Ti saprak harita, Depok jadi wewengkon kalayan pamaréntahan di luar pamaréntahan Belanda.
“Kepanjangannya tuh De Eerste Protestantse Organisatie van Kristenen disingkat skrg DEPOK. Cmiiw,” tulis panétélaan dina unggahan video.
Sok sanajan kitu, pangunggah teu ngajéntrékeun harti tina kapanjangan Depok. Terus, kumaha ceuk sajarawan sual asal usul ngaran Depok éta téh? Ieu pangjéntréan sajarawan
Mangsa ditalék Dosen sajarah Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB) Universitas Indonesia, Titik Irsyam, ngabenerkeun Depok téh nyaéta singgetan tina De Eerste Protestantse Organisatie van Kristenen.
“Organisatie itu organisasi, eerste artinya pertama. Protestantse itu Protestan, dan Kristenen artinya Kristen,” ceuk inyana ka Kompas.com, Senén (13/1/2025).
Ku kituna, De Eerste Protestantse Organisatie van Kristenen téh mibanda harti Organisasi Kristen Protestan Munggaran. Anapon kitu, ceuk Titik, Depok ogé mibanda kapanjangan atawa harti séjén luyu jeung kamekaran di masyarakat tur dipiyakin tepi ka kiwari.
“Nama Depok sudah ada di dalam peta abad 17. Jadi mereka membuat singkatan-singkatan itu, terus berkembang. (Istilah) Depok selalu dipanjang-panjangin, banyak banget kepanjangan dari Depok,” caturna.
Titik mertélakeun, Depok ogé ditafsirkeun minangka “Daerah Permukiman Orang Kota”. Asal usul kapanjangan Depok ieu téh diirong akarna ti saurang bangsawan Belanda anu ngaranna Cornelis Chastelein. Dina abad 17, Chastelein meuli lahan di wewengkon Depok satuluyna ngajadikeun éta lemah minangka lahan produktif tur ngagawékeun budak beulian.
“Budak-budak Chastelein, ada yang mengatakan jumlahnya 120 orang, ada 150 orang,” ungkab Titik.
“Jumlah 120 orang, merujuk pada sumber Belanda yang terbit pada tahun 1800-an sekian. Sementara jumlah 150 budak itu mengacu pada artikel yang terbit pada 1970-an,” sambungna.
Sanggeus Chastelein tilar dunya, lemah-lemah éta téh satuluyna diwariskeun ka budak-budak beulianana.
Depok teu kungsi jadi nagara
Leuwih jauh Titik nyebutkeun, Depok mah teu kungsi jadi nagara sorangan anu dipimpin ku presiden tur leupas tina pamaréntahan Hindia Belanda.
Sok sanajan kitu, Titik ogé ngabenerkeun yén Depok dina mangsa harita dipingpin ku “presiden”. Ngan, istilah presiden éta mah lain hartina pemingpin nagara, taya lian minangka pamingpin komunitas.
“Kalau (menurut) KBBI, istilah presiden itu, ada ketua kelompok, tapi namun presiden ini tidak bisa disamakan dengan kepala negara,” jéntré Titik.
Inyana nganilé, anggapan Depok kungsi jadi hiji nagara lantaran salah dina ngahartikeun gemeente bestuur atawa pamaréntahan sipil. Ceuk inyana, konsep gemeente ieu muncul dina mangsa ayana politik etika, sakitar taun 1901-1902.
“Namun gemeente yang dimaksud bukan berarti kota praja, tetapi suatu desa kecil,” ceuk Titik.
Lamun disebutkeun hiji nagara téh sahenteuna aya opat syarat, nyaéta wewengkon kakawasaan, padumuk, pamaréntahan, jeung kadaulatan politik kana ka jero jeung luar nagari. Ngan, dina mangsa harita mah, kadaulatan ka jero jeung luar nagara, masih dicepeng ku pamaréntahan Hindia Belanda.
Ropéa basa: Agus Rohmat