Genep Serikat Buruh Ménta Bawaslu KBB Gasik ku Ayana Pangrempakan Para Kapala Désa Ngarojong Salah Sahiji Paslon kalayan Masif

Ngamprah, Kiwari.co.id – Ratusan buruh ti genep sarikat pagawé, KEP SPSI PC SPMI, SBSI 92, Gobsi, DPC SPN jeung SPSI LEM, ngagelar unjuk rasa di hareupeun Kantor Bawaslu Bandung Barat, Salasa (22/10). Éta Sarikat pagawé anjog pikeun nuntut Bawaslu Kabupatén Bandung Barat sangkan nyokot tindakan kana kageruhan sual réana aparat kawewengkonan atawa kapala désa anu kalibet dina kampanye tur katohyan nongérak méré rojongan ka salah sahiji Pasangan Calon Bupati jeung Wakil Bupati.

Diantara pangunjuk rasa hadir ogé para katua sarikat pagawé, Budiman katua DPC SPN, Dede Rahmat katua PC SPMI, Dadang Suhendar katua KEP SPSI, Wagiminudin katua SBSI 92, Rian imawansyah katua Gobsi jeung Roni Budiarto katua SPSI LEM.

Dina mangsa éta Katua Bawaslu KBB, Riza Nasrul Falah Sopandi, daék nepungan pangunjuk rasa pikeun dialog reujeung maranéhna di rohangan lanté 2 Kantor Bawaslu KBB

Gabungan genep sarikat pagawé éta ménta ka Bawaslu pikeun ngajalankeun pancén jeung fungsi sarta kawenanganana dina hal pangawasan, pangcegahan tur panindakan lamun aya indikasi pangrempakan sarta proses pikeun anu ngarempak katangtuan dina Pilkada serentak 2024.

“Sampai saat ini Bawaslu belum memberikan bukti dan lain sebagainya dengan dalih dan alasan belum ada pelapor. Harapan kita ada progres tertentu dari Bawaslu, membuktikan kebenaran yang terjadi di lapangan, bukan membiarkan,” ceuk Dede Rahmat salaku Koordinator Unjukrasa 6 Serikat Buruh.

“Saya yakin Bawaslu punya tim khusus di Kecamatan dan juga Desa. Apakah mereka tidak bergerak atau takut dan sebagainya. Maka dari itu ini lah kegundahan kita pada siang hari ini, ingin menyampaikan langsung pada Bawaslu. Kita masih ingat apa yang disampaikan Ketua KPU bahwa Pilkada sukses tanpa ekses,” tambah Dede.

Inyana nétélakeun pikeun ngahontal sukses kudu dipimpin ku Bupati anu jujur, ku kituna Pilkada kudu dimimitian ku proses anu jujur ogé.

“Bawaslu tidak boleh berdiam diri menunggu bola, seharusnya menjemput bola, agar tidak ada kesan membiarkan temuan-temuan tersebut,” pokna Dede.

“Saya pikir tidak mungkin media memberitakan hal-hal yang tidak mungkin terjadi. Oleh karenanya kawan-kawan mari kita kontrol. Serikat Pekerja memiliki hak yang sama. Oleh karenanya kita terus monitoring,” jéntréna Dede.

Sarikat buruh ogé teu kaliwat nepikeun informasi anu ngarekahan di masarakat boh di media sosial pon kitu deui tatali warta ti pagawé sual netralitas ASN, Kapala Désa jeung anu lianna anu ku katangtuan kudu netral.

“Kita ingin Pilkada berjalan dengan bersih. Jadi kita akan kecewa jika kecurangan-kecurangan ini dibiarkan,” bébérna Dede.

Lian ti éta Dede ogé ngungkabkeun yén kacurangan éta tangtu teu saukur nguciwakeun masyarakat, tapi ogé para calon lianna.

“Kita tidak melihat siapa calonnya. Siapapun calon yang malakukan kecurangan harus ditindak tegas,” ceuk Dede.

Anu dipikaharieang ku Dede mun masarakat engkéna baris horéam datang ka TPS lamun seug éta kacurangan diantepkeun.

“Media sudah memiliki bukti, ada tangkapan layar, ada bukti video. Bawaslu seharusnya tidak diam, melainkan menindak lanjuti tindakan kecurangan tersebut,” tandes Dede.

Kalawan tandes Dede nyaturkeun yén béja ka genep sarikat pagawé diwaragadan ku salah sahiji Paslon, éta teu bener. Dede malah nangtang kalayan ménta sing saha baé anu nuduh ayana éta pangwaragadan pikeun ngabuktikeun kalawan mawa palakuna langsung.

“Silakan buktikan, siapa yang memberi dan siapa yang menerima dana tersebut, bawa ke hadapan kami,” pungkasna Dede.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan