Majalengka, Kiwari.co.id – Komunitas sosial Bagong Mogok anu digagas Brigjen Pol Asep Guntur Rahayu, anu mangrupakeun Direktur Penyidikan Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK), kiwari terus nohagakeun eksistensina kalayan ngabentuk kapangurusan anyar di Kabupatén Majalengka.
Ngajungjung filosofi Sunda “Bagong Mogok,” éta mangrupakeun komunitas anu mibanda komitmen ngabantu masarakat anu ngabutuhkeun kalawan sumanget joang anu luhur. Sekretaris Umum Komunitas Bagong Mogok Kabupatén Majalengka, Eka Setiawan ngajéntrékeun, komunitas ieu gumelar tina visi basajan, ngan ayeuna mekar ngajadi gerakan sosial anu boga balukar lega pikeun méré manfaat keur masarakat balaréa.
“Jargonnya Satékah Polah Ngabéla Anu Susah, artinya setiap gerakan kami bertujuan membela mereka yang berada dalam kesulitan,” ceuk Eka.
Filosofi Bagong Mogok nurutkeun inyana, dalam budaya Sunda, “Bagong Mogok” ngacu kana sato anu ngaranna babi leuweung anu tatu tur kapojokeun ku pamoro. Di éta situasi, éta sato bakal tarung bébéakan pikeun nyalamatkeun dirina.
Filosofi ieu pisan anu jadi inspirasi pikeun komunitas Bagok Mogok dina ngabantu masarakat anu kasilihkeun tanpa wanoh rasa gimir atawa sumerah. Tumali hal éta, Komunitas Bagong Mogok Majalengka mangsa ieu keur aya dina satengahing nyusun kapangurusan periode 2024-2029, anu nyoko Dewan Pembina, Dewan Penasehat, Pengurus Pusat, Kordinator Daerah (Korda), Kordinator Wilayah (Korwil), nepi ka Kordinator Désa (Kordes).
“Saat ini kepengurusan Bagong Mogok telah terbentuk di berbagai kota dan kabupaten di Indonesia,” pokna.
Ceuk inyana deui mertélakeun, yén komunitas ieu téh bakal terus ngalegakeun hontalanana demi nyiptakeun dampak positif anu leuwih gedé di masarakat.
“Bersama sama, kita bisa membantu mereka yang membutuhkan. Inilah semangat yang terus kami jaga,” pungkasna.
Ropéa basa: Agus Rohmat