Kiwari.co.id – Bosen ku rurupaan WhatsApp anu kitu-kitu kénéh? Anjeun tétéla bisa nyieun rurupaan WhatsApp jadi leuwih narik, salah sahijina ku ngarobah warna tulisan jadi warna-warni.
Sakumaha anu dipiweruh, warna aksara dina teks di aplikasi éta nyaéta hideung. Tah pikeun ngarobah warna éta, Anjeun butuh aplikasi pihak ketilu.
Aplikasi éta ngaranna Blue Text anu sayagi di Google Play Store. Mun anjeun katarik pikeun ngaganti warna teks WhatsApp, prak install leuwih tiheula dina ponsel.
Sanggeus Blue Text réngsé dipasang dina HP, buka aplikasi tur pilih Fancy Text. Léngkah satuluyna teken tombol Start Writing.
Tulis naon baé anu sakarepna dina kolom anu kasayagi. Bakal aya sajumlah pilihan data style, Anjeun bisa milih warna aksara jadi bulao.
Sanggeus kitu, aplikasi baris méré tilu pilihan nyaéta Copy Text, WhatsApp, jeung Share Text. Pilih WhatsApp pikeun ngagunakeun teks tadi dina aplikasi éta.
Pilihan éta baris mawa Anneun asup ka WhatsApp. Téangan kontak anu hayang dikirim teks tadi.
Teks warna ti Blue Text ieu bisa digunakeun lain saukur keur chat wungkul. Tapi bisa Anjeun gunakeun ogé pikeun unggahan status WhatsApp.
Samentara éta, aplikasi Blue Text mibanda sajumlah kamampuhan séjén. Salah sahijina sayagi 30 gaya tulisan, leuwih ti 30 jinis font, tur freehand pencil pikeun nyieun stiker sorangan.
Fitur lain anu sayagi dina aplikasi nyaéta clip art jeung sticker pack. Pangguna bisa nyieun stiker luyu jeung kahayang sorangan.
Salain Blue Text, aya sajumlah aplikasi pihak ketilu séjén anu bisa digunakeun pikeun ngaganti warna teks. Mimiti ti Fancy Text, WhatsApp Blue Text, jeung aplikasi Text Art.
Ropéa basa: Agus Rohmat