Kiwari.co.id – Ngaran Sunaja nepika Boelah mah sigana geus ahéng pikeun masarakat Sunda kiwari. Padahal mah ngaran-ngaran éta téh baheulana dipiwanoh minangka ngaran Sunda.
Dina 90 taun akhir ieu téh mémang aya ngaran-ngaran Sunda anu geus leungit tantaran geus teu digunakeun deui. Minangka gantina téh, muncul ngaran-ngaran modérn anu jadi tren digunakeun, kayaning Khanza jeung Keysa.
Ngan ku kituna, aya ogé ngaran Sunda anu masih eksis kénéh di satengahing panggunaan ngaran modérn, kawas Asép.
Ieu téh mangrupakeun hasil panalungtikan ti sajumlah guru besar, dosen, jeung mahasiswa ti Departemen Ilmu Komputer Fakultas Matematika & IPA Universitas Padjadjaran (Unpad). Maranéhna nyokot sample data di Sumedang, Jawa Barat.
Saha baé ngaran-ngaran Sunda anu leungit, masih eksis, jeung ngaran anyar anu jadi tren téh? Tengetan pedaranna di dieu.

Ngaran-ngaran Sunda anu Leungit
Dicutat ti laman Unpad, ieu ngaran-ngaran Sunda anu geus ilang dina 90 taun ka ahir:
. Boelah
. Sunaja
. Saim
. Sundia
. Djatma
. Unamah
. Entjil
. Eyut
. Kitji
. Macih.
Ngaran anu Jadi Tren dina 10 Taun ka ahir
Ngaran-ngaran modérn ogé muncul jadi tren dina pangaranan budak. Éta ngaran-ngaran téh diantara:
. Khanza
. Naura
. Arsila
. Keyla
. Raffa
. Rafka
. Aqila
. Zahra
. Aleska
. Keysa.
Ngaran anu Masih Jadi Favorit di Sumedang
Lian ti éta, panalungtik geus medalkeun 10 ngaran favorit salila ieu di Sumedang. Karéréaanana mah ngaran ieu téh kacida galibna dipibanda ku urang Sunda mah, nyaéta:
. Muhammad
. Muhamad
. Dede
. Asep
. Ade
. Ai
. Agus
. Ani
. Wawan
. Cucu.
“Sok sanajan 80% tina 10 ngaran favorit masih digunakeun kénéh, ngan panggunaanana téh relatif turun. Malahan mah ngaran favoritna geus rarobah, nyokot serepan tina budaya séjén,” ceuk Guru Besar FMIPA Unpad Prof. Dr. Atje Setiawan Abdullah, MS, MKom.
Sakolépat Ngeunaan Panalungtikan Ngaran Sunda
Anapon panalungtikan ieu téh mangrupakeun bagian tina panerapan etnomatematika jeung etnoinformatika. Informasi anu dibeunangkeun nyaéta tina ngaran-ngaran favorit, ngaran anu geus leungit, nepika ngaran anyar anu muncul.
Para panalungti téh nyaéta Prof Atje reujeung tim dosen katut mahasiswa. Objek anu ditalungtikna nyaéta parobahan antroponimi atawa pangaranan jalma di Kabupatén Sumedang salila 100 taun ka ahir (1920-2020).
“Ngaran-ngaran Sunda di padésaan Sumedang mah réa kénéh digunakeun, ngan sacara sagemblengna mah jumlahna téh rélatif turun. Sedengkeun ngaran Sunda di pakotaan rélatif geus réa nu rarobah,” ceuk Prof Atje nalika ngajéntrékeun materi Penelitian Pengenalan Etnoinformatika pikeun Warisan Budaya Takbenda ka 170 palajar jeung guru SMKN Sukasari, Sumedang, anu dimuat dina situs Unpad poé Salasa (6/12/2022).
Atje ogé miharep yén hasil panalungtikan ieu téh bisa jadi asupan pikeun masarakat sangkan milu kalibet ngalestarikeun budaya Sunda, kaasup dina méré ngaran budak.
Ropéa basa: Agus Rohmat