Kuring nu keur kekedengan ngoréjat, balik ti pagawéan can kaburu ucul-ucul. Teuing mani ku tunduh ti kantor kénéh. Mana basa nepi ka imah gé ngadon blug, satengah ngabeubeutkeun manéh kana pangsaréan. Mun di luar henteu ngadéngé nu ngetrokan panto, kawasna tibra nepi ka soré. Kojéngkang muru panto bisi sémah penting,...
Read moreSaméméh Galunggung bitu, harita pacabakan kuring téh kana nyupir, supir angkutan umum, bari sok ngalong alias jalan peuting. Sok lumayan nambangan peuting téh, teu loba pungli, paling-paling barudak calo. Malem Salasa kira-kira jam 8.00 peuting keur ngetém, kurunyung aya sababaraha urang anu ménta dianteurkeun ka Cipanas Galunggung, moal PP rék...
Read moreWanci pasosoré mangsa layung mimiti hibar di tegalan tengah lembur nu biasa pang ulinan barudak mapag buka geus ramé ku budak nu keur nyarengeut lodong.Teu katinggaleun Jaya nu milu ngababurit di éta tegalan, ngan manéhna mah misahkeun manéh jeung batur teu milu ulubiung suka bungah ngariung jeung nu lian.Manéhna ukur...
Read moreKaéndahan tatar Pasundan mémang geus kakoncara. Ngaplakna pasawahan, éstuning éndah, dipapaés rajegna tatangkalan anu aya di lamping-lamping sabudeureunana. Manuk leutik kayaning piit, keting, sarisit jeung bondol, rarécét dina buah paré anu patingpelenoy katebak angin. "Husss...sieuhh...husss...huuss...!" Saurang jajaka ngagebahan manuk anu jadi hama dina mangsana nuju ka panén. Jang Marwan. Enya...
Read moreKocapkeun, Dirja saurang budak ngora nu léngoh kénéh. Pangawakan jangkung, beungeutna kasép. Dedeg sampé rupa hadé wéh pokona mah. Perbawana handap asor jeung dépé-dépé. Salian ti éta ogé, Dirja téh sanajan budak ngora tapi geus boga pangusahaan sorangan. Malahan mah geus boga imah jeung kandaraan sorangan ogé hasil tina usahana....
Read more