13 Pepelakan anu Bisa Nyegah atawa Ngusir Beurit Asup Imah

Kiwari.co.id — Usum hujan geus anjog di sajumlah wewengkon Indonesia. Ku kituna ieu téh nyababkeun sajumlah sato asup ka jero imah lantaran tempat panyicingan atawa sayangna baseuh atawa kakeueum cai.

Lian ti sajenis sato oray, beurit ogé minangka salah sahiji sato anu bisa mucunghul di jero imah mangsa usum hujan.

Pikeun nyegah beurit asup ka jero imah, bisa dilakukeun ku melak sajumlah pepelakan di pakarangan atawa kebin sabudeureun imah.

Panasaran? Naon baé pepelakan anu bisa nyegah beurit asup ka imah?

13 pepelakan panyegah beurit asup imah

Ieu 13 pepelakan anu bisa nyegah beurit asup ka imah:

1. Rosemary

Rosemary geus loba digunakeun dina rupa-rupa hal, kayaning bungbu tambahan kuliner, minyak seungit, jeung ramuan obat.

Dikutip ti PondInformer, pepelakan ieu ogé bisa digunakeun pikeun nyegah beurit asup ka imah.

Rosemary mibanda angseu aroma daun anu cukup pikeun ngajauhkeun imah ti beurit anu hayang asup. Lamun hayang leuwih efektif, cobaan neukteuk daunna sangkan aroma anu muncul mingkin senget. Salian éta, rosemary ogé mangrupakeun pepelakan anu cukup aman lamun di imah aya sato piaraan katut barudak.

2. Euphorbia milii

Pepelakan ieu dipiwanoh ogé ngaranna mahkota duri lantaran pucukna anu seukeut ieu bisa nyegah beurit asup ka jero imah.

Aya dua aspek anu aya dina ieu kembang pikeun nyegah beurit, nyaéta aspek eksternal jeung internal. Aspek eksternal dina cucuk-cucukna anu bisa ngaraheutan beurit jeung aspek internal tina geutah anu aya dina jero tangkalna. Geutah tina ieu tangkal kembang téh cukup ngaracunan pikeun beurit mah. Jeung lamun keuna cucukna, beurit teu kebal kana iritasi parna anu ditimbulkeunana. Perlu diketahui, Euphorbia milii bisa boga fungsi leuwih efektif mun diteundeun kalayan merenah, kayaning dina lolongkrang leutik imah.

3. Krisan

Krisan atawa chrysanthemum mangrupakeun pepelakan kembang anu bisa jadi panyegah beurit asup imah. Éta téh lantaran kembangna ngandung sanyawa. Puseur konéng kembangna anu dicampur jeung piretrin digunakeun minangka pestisida alami paling penting di dunya. Kusabab piretrin sifatna organik tur aman, loba patani anu ngagunakeunan.

4. Pedes hideung

Pepelakan anauremen dijadikeun bungbu tambahan cita rasa kuliner ieu bisa jadi panyegah hama kayaning beurit asup imah.

Angseuna anu kuat tina pedes hideung ieu cukup senget sahingga bisa ngaganggu indera ambeu beurit. Aroma pedes hideung ieu asalna tina piperin, sanyawa fitokimia anu ngandung racun pikeun beurit tur nyababkeun iritasi kana irung maranéhna.

5. Elderberry

Tatangkalan rungkun ieu téh bisa jadi racun pikeun beurit mah, sahingga bisa nyegah atawa ngusir éta hama ti imag. Ekstrak buah jeung kulit kai tina elderberry ngandung racun pikeun beurit mah lamun dikonsumsi dina dosis loba. Glikosida dina ieu pepelakan kocap bahaya, sanajan éta ogé dikaitkeun jeung manfaat obat nalika diterapkeun dina dosis anu bener. Sahingga, hadéna singkahan melak rungkun elderberry di pakarangan lamun sering didatangan ku sato piaraan jeung barudak.

6. Pepermin

Daun pepermin ngaluarkeun aroma mint anu teu dipikaresep beurit. Pikeun meunang aroma anu leuwih senget, cukup ngarameusna atawa neukteuk daunna. Pulegone jeung menthose dioercaya bisa nyegah atawa ngusir beurit. Dua fitokimia éta téh mangrupakeun panghasil aroma tina pepermin.

7. Bergamot

Bergamot anu geus sohor ti baheula slminangka pepelakan panghasil aroma parfum bisa nyegah beurit asup imah. Komponen utama bergamot kayaning linalool, limonene, jeung linalyl acetate bisa nyegah beurit asup ka jero imah. Éta téh lantaran beurit teu resepeun aroma kuat anu disebarkeun ku éta minyak. Aroma ieu téh bisa ngacokeun angseuna beurit.

Lamun teu bisa melak ieu pepelakan, minyakna ogé bisa dijadikeun minangka alternatif pikeun nyegah beurit.

8. Bawang

Bawang ngahasilkeun bau tina sanyawa allicin anu lumayan senget, sahingga beurit teu resepeun. Beurit mah cukup sensitif kana bau nyegak tur maranéhna boga pangangseu anu seukeut.

9. Daffodil

Dilansir ti TomsGuide, daffodil anu mibanda warna kembang anu méncrang tur matak kataji pikeun diteuteup ieu bisa nyegah beurit asup ka jero imah. Seungit anu dihasilkan ku kombinasi racun terpenoid pikeun sato leutik darah panas, salah sahijina beurit. Salian ti éta, pepelakan ieu ogé ngandung Lycorine jeung alkaloid anu bisa nyababkeun nyeuri beuteung méncrét (diare) , utah, katut pati pikeun sato leutik. Jadi, mun seug mibanda sato piaraan di jero rohangan, jauhkeun ti maranéhna.

10. Lavender

Sanajan dipikaresep ku jalma, aroma anu dikaluarkeun tina pepelakan anu boga warna bungur kolot ieu téh teu dipikaresep ku kalolobaanana serangga jeung sato pangeret siga beurit mah.

Lavender bisa dipanén, digaringkeun, jeung digantung di sabudeureun imah sangkan imah kasingkahan ku hama beurit. Salian éta, lavender anu geus dipanén tur digaringkeun ogé bisa diasupkeun kana jero sachet leutik tuluy diselapkeun kan sela imah.

11. Séréh

Séréh mangrupakeun pepelakan tropis kayaning jukut anu populer ku aroma jeruk tur seger. Tapi, aroma seger éta mah teu dipikaresep ku sajumlah hama mah, salah sahijina beurit, ku melakeunana di luar rohangan. Tapi deuih, mun seug taya tempat di luar rohangan pikeun melakeunana, bisa meuli lilin séréh anu satuluyna diseungeut atawa meuli minyak esensialna pikeun disemprotkeun di sela-sela imah.

12. Catnip

Dikutip ti BestLife, catnip anu mangrupakeun pepelakan sohor anu dipikaresep ucing bisa jadi panyegah beurit asup imah. Pepelakan anu boga ngaran latin Nepeta cataria ieu téh boga komposisi sanyawa kimia anu teu dipikaresep ku beurit, nyaéta nepetalakton. Disarankeun, teundeun pepelakan catnip kalayan strategis dina titik-titik anu sekirana jadi lolongkrang beurit asup imah.

13. Marigold

Kembang marigold bisa jadi pepelakan anu ampuh pikeun nyegah atawa ngusir beurit asup ka imah. Éta téh lantaran marigold ngaluarkeun aroma nyegak anu teu dipikaresep ku beurit. Samenta pikeun jalma mah, aromana cukup narik pikeun diseuseup lantaran seungit.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : RB

Ti sababaraha sumber

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan