Kiwari.co.id — Teks anekdot mangrupakeun carita anu eusina carita lucu. Sanajan kitu, teks anekdot mibanda loba maksud anu ilaharna digunakeun pikeun nepikeun kritik.
Nya pantas atuh lamun teks anekdot lucu tapi eusina rajeun ogé nganyerikeun.
Salian sifatna babalagonjangan atawa heureuy, teks anekdot ilaharna nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma sohor.
Dina pedaran anu ayeuna baris medar ngeunaan conto teks anekdot sindiran pajabat anu lucu tapi ogé matak nyelekit nganyerikeun haté.
Ngan, saméméhna mikanyaho conto teks anekdot sindiran pajabat, aya hadéna pikeun apal struktur teks anekdot ieu:
Struktur Teks Anekdot
Nyutat tina Buku Intisari Materi Bahasa Indonesia (2022) ku Ai Mulyati, ieu struktur teks anekdot:
1. Abstrak
Abstrak diteundeun di awal paragraf kalayan fungsi pikeun ngagambarkeun ngeunaan teks éta sacara umum sangkan anu maca bisa ngabayangkeun éta carita.
2. Orientasi
Orientasi nyaéta mimiti kajadian dina carita atawa bagian anu ngajéntrékeun kasang tukang naha peristiwa utama dina carita bisa kajadian.
3. Krisis
Struktur anu katiga nyaéta Krisis. Krisis nyaéta bagian anu ngajéntrékeun pokok masalah utama kalayan warna unik ogé teu ilahar.
4. Reaksi
Reaksi kacida nyambung jeung struktur krisis. Reaksi mangrupakeun bagian anu baris ngalengkepan mangrupa pangréngséan masalah ngagunakan cara-cara nu unik tur teu galib ogé.
5. Koda
Koda mangrupakeun bagian akhir anu jadi panutup teks anekdot.
Dulur Kiwari! Hayu urang lenyepan conto teks anekdot sindiran pajabat ieu:
Korsi Poho Ingetan
Bari nungguan guru asup kelas, sababaraha barudak banyol di salah sahiji juru kelas.
Andre: “Guys, tatarucingan yu! Korsi, korsi anu bisa nyieun jelema poho ingetan?”
Umar: “Korsi males,”
Hans: “Korsi kaulinan di Dufan,”
Ilham: “Korsi pangamudi, lamun kacilakaan,”
Andre: “Haha, lucu kabéh tah, tapi salah kénéh!”
Yudi: “Korsi goyang. Pan ngakibatkeun tunduh tur kasaréan sahingga jalma jadi poho,”
Andre: “Hm, salah kénéh!”
Umar: “Trus korsi naon atuh?”
Andre: “Nyerah yeuh?”
Ilham: “Nyerah lah”
Andre: “Jawabanana, korsi anggota dewan! Hahaha..” Seuri nyakakak
Yudi: “Naha?”
Andre: “Nya jelas atuh! Tingali wé, saacan diuk dina korsi dewan mah, loba caleg janji rupa-rupa sangkan masyarakat milih maranéhna. Eh, ari geus diuk dina korsi dewan mah, maranéhna langsung poho janji-janjina téh.”
Kabéh ragen sareuri patingcakakak nepikeun ka teu sadar guruna geus aya di hareupeun méja.
Lalajo
Hiji mangsa, Pa Gunadi keur lalajo TV di rohangan tengah. Manéhna sakitu pogotna (antusias) nyaséni acara dina televisi téh.
Remen, Pak Gunadi ogé nyarékan jeung ngajorowok mangsa nyaksian acara dina éta televisi.
Kaayaan kitu, pamajikanana hélok kacida terus nyampeurkeun Pak Gunadi.
“Aduh, éta Bapa lalajo naon sih, nepikeun ka heboh kitu?” ceu pamajikan Pak Gunadi.
“Ieu Bu, keur lalajo anggahota DPR anu paséa. Aya anu silih carékan, ngagebrag méja, samalah nepikeun ka ngalungkeun gelas. Wah, pokokna mah seru pisan Bu. Acara gulat atawa tinju baé gé éléh ku ieu mah,” ceuk pa Gunani, ciweuh.
Antukna pamajikan Pa Gunadi ogé jadi panasaran jeung milu lalajo garelutna éta anggahota DPR. Akhirnya, sarta milu ngajorowok katut nyarékan siga salakina.
Baju Pangmahalna
Keur nungguan pesenan kadaharan di kantin, dua urang karyawan ngaranna Kiki jeung Indah asyik ngobrol dina hiji paguneman anu kacida ragot. Maranéhna nyaritakeun baju anu rék dibeuli samulang ti kantor engké.
Ngadadak muncul Bayu, salah saurang babaturan maranéhna, terus méré pananya,
“Aranjeun apal teu, mérek baju naon anu paling mahal?” Kiki jeung Indah langsung ngarespons kalayan nyebutkeun sababaraha mérek baju méwah, kayaning Gucci, Channel, YSL, jeung sajabana.
Jawab Bayu, “Salah kabéh ogé! Yang paling mahal mah baju tahanan KPK,” ceuk Bayu.
“Naha kitu?” tanya Indah.
“Enya atuh, coba wéh pikir, hiji jalma kudu nyokot heula duit nagara ratusan juta, samalah miliaran pérak kakara tah manéhna bisa maké baju éta,”
“Bener ogé nya,” ceuk Kiki.
“Mending urang néangan baju-baju di pasar loak wé, Ndah, leuwih hémat.”, tambahna.
“Éh, ulah salah. Saha nu nyaho aya baju anu aya tulisan Tahanan KPK dijual ku harga leuwih murah, 50 atawa 100 rébu cukup hahaha,” pokna Bayu bari seuri.
Indah jeung Kiki ogé sareuri, tapi paguneman maranéhna téh eureun lantaran pesenan geus datang. Bayu ogé gura-giru mesen makanan tur gabung dina méja bareng Indah jeung Kiki.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana