Kiwari mah, mingkin réa jalma, utamana urang pakotaan, mikarep imah deukeut sawah téh. Alesanana mah rupa-rupa, mimiti tina katingalina estetik, kaayaan anu ngarojong pikeun healing, nepika embung padeukeut jeung tatangga. Naon baé alesanana mah, sah-sah baé mikarep boga imah “méwah” alias mépéd sawah. Ngan baé, pikeun salaku jalma anu kungsi dumuk di deukeut sawah mah, kuring saukur arék ngélingan hiji hal: imah “méwah” éta téh réa tangtanganana.
Tiheula mah kuring téh kungsi boga imah anu ngadeg di luhureun lahan urut sawah. Lelewek sabudeureun imah ogé masih jadi pasawahan aktif. Awalna mah boga imah “méwah” téh mémang luyu jeung bayangan kalolobaanana jalma réa, sapopoéna karasa kawas healing nepika rupa-rupa kasangsaraan nyampeurkeun.
#1 Cai sumur kiruh jeung bau.
Salah sahiji tangtangan mibanda imah deukeut sawah téh nyaéta cai sumur anu mindeng kiruh tur bau leutak
Padahal mah sakumaha anu ku urang dipikanyaho yén cai beresih téh mangrupakeun salah sahiji kabutuhan dasar manusa pikeun hirup. Éta pisan kunaon sumber cai remen jadi tinimbangan penting nalika milih panyicingan.
Di imah kuring baheula mah, cai konsumsi téh dibédakeun jeung cai kabutuhan sapopoéna.
Cai keur konsumsi kawas masak jeung nginum mah ngagunakeun cai inum dina kemasan (AMDK) /isi ulang. Sedengkeun, cai sumur mah digunakeun saukur keur nyeuseuh, gégéroh jeung mandi. Untungna baé kuring sakulawarga mah teu boga pasualan kulit sensitif antukna masih bisa ngagunakeun cai sumur keur kabutuhan sapopoé. Aya ogé tatangga kuring anu arateul jeung iritasi lantaran ngagunakeun cai sumur. Akhirna mah, tatangga kuring éta téh mutuskeun pindah imah lantaran geus teu sanggup deui ku cai sumur anu bau jeung kiruh éta.
Sabenerna mah, pasualan sumber cai beresih éta téh bisa kaungkulan lamun seug imah dialiran PDAM. Ngan baé, keur kasus imah “mewah” kuring tiheula mah, PDAM hésé diakses.
#2 Réa sato “nyasar” ka imah
Kakurangan imah deukeut sawah anu cukup matak rémpan téh nyaéta datangna “sémah-sémah” ti sawah. Saban poé aya baé sato anu asup ka imah téh, boh rupa-rupa jinis serangga pon kitu deui reptil.
Éta sababna boga imah di sisi sawah mah kudu salilana waspada jeung getol beberesih. Balangah saeutik baé, bisa waé di handapeun kasur, aya babak haur, atawa malahan mah oray sawah. Oray sawah mah masih mending nya, gudang tatangga kuring mah kungsi jadi tempat baranagan oray kobra. Matak inggis jeung pikahariwangeun apan mun geus kitu mah.
Karéréaanana jalma anu boga imah deukeut sawah téh sabenerna mah geus misadar risiko ieu téh, ngan baé ari kalilaan mah kesel jeung capé ogé lamun kudu salilana waspada jeung ngusirna mah.
#3 Imah kurang weweg
Kuring kurang paham kana daérah séjén mah, ngan baé, di lelewek sabudeureun imah kuring mah, réa wangunan deukeut sawah anu kurang weweg. Sigana mah lantaran lemahna di sabudeureun sawah mah rawan ngésér kakeunaan cai hujan atawa faktor lianna nya sahingga wangunanana remen déngdék, malahan mah rubuh. Mun teu rugrug, rata-rata dingdingna ngalaman rengat parna.
Tatangga kuring anu mah kabeneran imahna téh sisi sawah anu dipelakan paré, geus tilu kali pondasi wangunanana rugrug. Awalna kuring ogé hélok, naha pager jeung pondasina bisa rugrug saparna kitu. Sanggeus niténan mah séjén, wangunan deukeut sawah kalolobaanana mah geuning teu eucreug.
Di luhur téh sababaraha kasangsaraan imah deukeut sawah anu ku kuring jeung réa tatangga randapan. Dina mangsa anu tangtu, utamana mah usum panén nalika paré mimiti konéng, pangeusi imah “méwah” mémang diogo ku titingalian éndah. Ngan, di satukangeun éta mah réa tangtangan anu kudu disinghareupan. Éta sababna, héy aranjeun urang kota , tinimbangkeun heula masing hadé saméméh mibanda imah sisi sawah nya!
Panulis: Reni Soengkunie
Panyunting: Kenia Intan
Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: Pojok Kompas.com