30 Imah Ruksak Balukar Panggéséran Lemah di Bandung Barat

Cihampelas, Kiwari.co,id – Mangpuluh imah di Kampung Cicapar jeung Patrol, Désa Situwangi, Kacamatan Cihampelas, Kabupatén Bandung Barat (KBB) téh ruksak balukar panggéséran lemah.
Éta sajumlah karuksakan téh dumasar tina hasil assessment saheula anan anu dilakukeun pamancén BPBD Bandung Barat, sahenteuna aya 30 mah yang ruksak kalayan kategori énténg, sedeng, katut beurat. Lian ti éta aya wangunan PAUD anu Kabalukar ku éta bancana.

“Kami sudah melakukan assessment, hasilnya ada 30 rumah yang rusak ringan sampai berat. Kemudian ada 1 PAUD juga,” ungkab Kapala Pelaksana BPBD KBB, Meidi mangsa dikonfirmasi, dina poé Saptu (15/3/2025).

Leuwih jauh Meidi nyaturkeun yén bancana panggéséran lemah di kampung éta téh mimitina kajadian mah taun 2022 tiheula. Mangsa harita mah karuksakan anu ditimbulkeun téh teu parna teuing. Ngan sariring waktu, rengatan lemah anu ngagésér téh kalah terus ngalegaan.

“Awalnya di tahun 2022 itu hanya 1 sampai 2 rumah saja, cuma seiring waktu karena hujan juga, tanah terus bergerak dan kerusakan terus bertambah. Retakan bervariasi, mulai dari 3 sampai 5 sentimeter,” bébérna Meidi.

Nurutkeun Meidi, pihakna ngarekomendasikeun nu boga imah sangkan ngungsi ka imah dulurna utamana mah pikeun imah kalayan kategori karuksakan beurat.

Karusakan téh rata-ratana mah kajadian dina bagian dingding anu rengat ngarongga cukup lega. Satuluyna bagian lanté, karamikna réa anu kaangkat lantaran lemah jadi teu rata.

Saurang warga nangtung di hareupeun imahna anu ruksak akibat panggéséran lemah di Kampung Patrol, Désa Situwangi, Cihampelas, Kabupatén Bandung Barat, Jawa Barat, Jumaah (14/3/2025).

“Kondisinya semakin tidak aman beberapa waktu belakangan, maka kami merekomendasikan untuk pemilik supaya mengungsi terlebih dahulu. Apalagi belakangan ini hujan intensitas deras terus terjadi,” pokna Meidi.

Meidi nyaturkeun pihakna geus ménta PVMBG pikeun ngalakukeun kajian ngeunaan lokasi éta kampung naja masih pantes dicicingan atawa wargana kudu direlokasi.

“Untuk kajian, kami sudah minta ke PVMBG jadi sekarang sedang berproses. Kemudian soal relokasi, tentu harus melihat hasil kajian dulu,” pungkasna Meidi.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan