5 Titinggal Karajaan Galuh Purba anu Kawentar jeung Pangkolotna di Pulo Jawa

Kiwari.co.id — Karajaan Galuh Purba téh nyaéta salah sahiji karajaan pangkolotna di tatar pulo Jawa, anu diadegkeun dina sakitar abad ka-7 Masehi.

Ieu Karajaan puseurna di daerah Sunda, anu ngalimpudan sabagian gedé wilayah Jawa Barat kiwari.

Karajaan Galuh Purba mibanda hubungan kuat jeung karajaan Tarumanagara jeung karajaan Sunda, tur ngalaman mangsa kajayaan dina mangsa pamaréntahan Prabu Siliwangi.

Dicutat ti sababaraha sumber, titinggalan karajaan Galuh Purba anu masih aya kénéh nepikeun ka kiwari nyaéta:

1. Prasasti Galuh

Hiji prasasti anu eusina tilu baris tulisan maké aksara Sunda kuno, anu diperkirakeun dijieun dina abad ka-14 atawa ka-15 Masehi.

Ieu Prasasti téh boga titi mangsa (pananggalan), tapi diduga ngait jeung sajarah karajaan Galuh Purba.

Prasasti ieu kiwari diteundeun di Museum Nasional Indonesia.

2. Makam Adipati Panaékan

Sawangun situs arkeologis anu bentukna kawas ringkelan anu nyisun tilu, tur mangrupakeun makam ti Adipati Panaékan, putra kadua ti Prabu Cipta Permana ti karajaan Galuh Purba.

Adipati Panaékan perlaya dipaténi ku dahuanana sorangan, nyaéta Dipati Kertabumi atawa Singaperbangsa I, mangsa kajadian pacéngkadan (konflik). Ieu Makam ini perenahna di Situs Karangmulyan.

3. Cikahuripan

Hiji sumur anu perenahna di deukeut patepungna dua walungan nyaéta walungan Citanduy jeung walungan Cimuntur.

Ieu sumur téh dipercaya minangka simbol kehirupan ku masarakat di dinya, sabab caina teu kungsi saat sapanjang taun. Sumur ieu ogé disebut minangka sumur kehirupan.

4. Prasasti Rumatak

Hiji prasasti anu kapanggih di Gunung Gegerhanjuang, Désa Rawagirang, Singaparna. Prasasti ieu téh ditulis dina hiji batu ipis anu boga ukuran 85 x 62 sentiméter, anu eusina tilu baris tulisan aksara jeung basa Sunda kuno.

Prasasti ieu ogé teu mibanda titimangsa, tapi diduga asalna ti mangsa karajaan Galuh Purba. Ieu prasasti diteundeun di Museum Nasional Indonesia.

5. Situs Batur Lumpang

Hiji situs arkeologis anu perenahna di lamping Gunung Slamet, tur diirongkeun mangrupakeun titinggalan karajaan Galuh Purba.

Situs ieu mangrupa hiji kompleks wangunan batu anu mibanda fungsi minangka tempat ibadah jeung pertahanan. Situs ieu ogé mibanda sababaraha relief katut patung anu ngagambarkeun ajaran Hindu jeung Buddha.***

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan