Karaton atawa Istana kapresidenan Indonesia mangrupakeun panglinggihan resmi sakaligus ogé minangka kantor pikeun presiden. Salian ti éta, istana kepresiden ogé mibanda fungsi pikeun tempat narima sémah, kantor gawé, jeung tempat palaksanaan acara-acara resmi pamaréntahan jeung nagara.
Pangadeg bangsa harita ngawangun karaton kapresidenan kalawan kaistimewaanana séwang-séwangan. Aya karaton mémang dihususkeun jadi tempat panyalenggaraan kagiatan resmi nagara. Tapi, aya ogé anu mibanda fungsi minangka tempat panglinggihan presiden atawa sakadar tempat leleson.
Perelu, Wargi Kiwari piweruh! yén Istana kapresidenan Indonesia tétéla teu saukur aya di Jakarta, tapi kasebar di sajumlah daerah di Indonesia. Sahenteuna, aya genep istana kepresidenan anu dipibanda Indonesia, ieu panayturan lengkep ngeunaan genep istana kapresidenan Indonesia anu kasebar di sababaraha daérah di Indonesia.
1. Istana Merdeka (DKI Jakarta)
Istana Merdeka mangrupakeun hiji tempat anu jadi panglinggihan jeung sakaligus kantor Presiden Indonesia. Perenahna sorangan persis nyabghareup ka Taman Monumen Nasional (Monas). Awalna istana ieu keur minangka tempat panglinggihan resmi Gubernur Jenderal Hindia Belanda tepika mangsa panglindihan Jepang di Indonesia.

Istana Merdeka ieu mibanda lega sakitar 2.400 méter pasagi. Ieu wangunan dina awal mangsa pamaréntahan Republik Indonesia, kungsi jadi saksi sajarah gedé panandatanganan naskah pangakuan kadaulatan Republik Indonesia Serikat (RIS) ku pihak Pamaréntah Belanda dina 27 Desember 1949. Sabab, paristiwa éta ngajadikeun istana ieu dingaranan Istana Merdeka.
Anapon, istana anu pernahna di Jalan Merdeka Utara, Jakarta, ieu pangwangunanana dimimitian dina taun 1873 dina pamaréntahan Gubernur Jenderal James Lindon. Sedengkeun, pangwangunan Istana Merdeka ieu réngsé dina taun 1879 dina mangsa pamaréntahan Gubernur Jenderal Johan Willem van Landsberge tur méakeun waragad sakitar 360.000 gulden.
2. Istana Negara (DKI Jakarta)
Istana Negara mangrupakan hiji istana kapresidenan anu perenahna masih sakomplek jeung Istana Merdeka, ngan kalawan total lega ngahontal 68.000 méter pasagi. Aya hiju hal anu jadi pangbéda antara kadua Istana ieu, nyaéta Istana Negara nyinghareup ka arah Jalan Veteran, sedengkeun Istana Merdeka nyinghareup ka arah Medan Merdeka.

Minangka puseur kagiatan pamaréntahan nagara Indonesia, mangsa ieu Istana Negara jadi tempat panyalenggaraan acara-acara anu sifatna kanagaraan. Acara éta, di antarana kayaning Istrénan gegedén luhur nagara, kongres anu sifatna nasional jeung internasional. pangbukaan musyawarah katut rapat kerja nasional, jeung jamuan anu sifatna kanagaraan.
Anapon, gedong Istana Negara ieu mimiti diwangun dina taun 1796 dina mangsa pamaréntahan Gubernur Jenderal Pieter Gerardud van Overstraten. Ngan, pangwangunanana kakara réngsé dina taun 1804 dina mangsa Gubernur Jenderal Johannes Siberg. Mimitina gedong ieu nyaéta imah réhat saurang pangusaha Belanda anu ngaran Jacob Andries van Braam di jalan Rijkswijk (ayeuna Jl. Veteran).
3.Istana Bogor (Bogor, Jawa Barat)
Istana Bogor mangrupakeun salah sahiji tempat anu mibanda kaunikan nyorangan, lantaran ayana aspek historis, kabudayaan jeung faunana. Salah Sahijina nyaéta ayana uncal anu didatangkeun langsung ti nagara Nepal. Kiwari geus aya leuwih ti 800 uncal totol anu aya di pekarangan istana ieu.

Istana kepresidenan ieu jadi panglinggihan Presiden Joko Widodo (Jokowi) jeung kulawarga. Pak Jokowi mutuskeun pikeun linggih di Istana Bogor ti taun 2015 kalarung. Anapon, perenahna wangunan Karaton ieu aya di Jalan Ir. H. Juanda No. 1, Bogor, Jawa Barat.
Ngadeg dina lemah legana 28,86 héktar, kalayan luhurna 290 méter tina beungeut laut. Istana Bogor mimiti diwangun dina taun 1745 mangsa Gubernur Jenderal van Imhoff tur réngsé dina mangsa kakawasaan Gubernur Jenderal Charles Ferdinand Pahud de Montager sakitar taun 1856-1861 kalayan réa parobahan tina desain awalna.
4. Istana Cipanas (Cianjur, Jawa Barat)
Istana Kapresidenan Cipanas diwangun kalayan tujuan pikeun jadi tempat réhat jeung ngadongdon wungkul. Hal éta lantaran lokasina anu cukup jauh ti puseur dayeuh. Istana ieu perenahna di Désa Cipanas, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat. Wangunan Karaton ieu mibanda 7.760 méter pasagi tur ngadeg di luhur lemah legana 26 héktare.
Perelu ku Wargi Kiwari piweruh, yén di Istana ieu aya paristiwa penting anu kungsi kajadian sanggeus kamerdekaan. Sabab waktu harita, Presiden Soekarno kungsi mingpin sidang kabinet dina 13 Desember 1965 di Istana Cipanas ieu, sakaligus netepkeun parobahan nilé mata duit tina Rp 1.000,- jadi Rp 1,-.
Malahan Presiden Munggaran Indonesia Soekarno ngajadikeun karaton ieu pikeun néangan inspirasi pikeun biantara-biantara. Salian mibanda suasana alam anu asri, Istana anu diwangun dina taun 1742 ieu ogé mibanda pamandian cai panas jeung sumber cai mineral.
5. Istana Yogyakarta (DIY)
Karaton Yogyakarta ieu leuwih dipiwanoh ku jalma-jalma kalawan ngaran Gedung Agung. Sarua halna jeung istana kapresidenan anu lian, gedong Karaton ieu jadi kantor jeung padumukan Presiden Republik Indonesia. Salian ti éta, istana ieu ogé minangka tempat pikeun narima atawa mondok sémah-sémah nagara.
Tah, dina taun 1946, sawaktu pamaréntahan Indonesia pindah ka Yogyakarta, wangunan ieu mibanda fungsi minangka istana presiden. Presiden Soekarno jeung kulawargana ogé kungsi dumuk di dieu. Malahan Ibu Fatmawati ngalahirkeun putrina, nyaéta Megawati Soekarnoputri di éta tempat.
Ayeuna, ieu Karaton Yogyakarta jadi tempat mondok nalika presiden ngalongok ka Yogyakarta. Gedung Agung ieu réa dieusi ku karya – karya seni lukis jeung pahat. Salian kitu, arca anu aya di Bénténg Vredeburg satuluyna dipindahkeun ka komplek istana ieu.
6. Istana Tampak Siring (Gianyar, Bali)
Istana Tampaksiring jadi hiji-hijina istana anu aya di luar pulo jawa, nyaéta perenahna di Désa Manukaya, Kacamatan Tampaksiring, Kabupatén Gianyar, Bali. Wangunan ieu ngadeg meunang prakarsa Presiden Soekarno anu mikarel ayana hiji tempat leleson kalayan nuansa seger tur jauh ti karaméan dayeuh.
Sabab kaindahan alamna, ahirna Bali dipilih jadi tempat pangwangunan Istana Tampaksiring. Karaton ieu mibanda desain kalayan corak wangunan khas Bali. Kayaning halnya istana kepresidenan di Bogor, Tampaksiring ogé mibanda koleksi sato uncal piaraan.
Istana Tampaksiring ieu pangwangunanana mimiti dilakukeun pdina taun 1957 tur réngsé dina taun 1963. Anapon, kasang tukang pangadegan Istana Tampaksiring ieu nyaéta dilantarankeun lobana sémah nagara anu datang ka Indonesia.
Kitu ieu informasi ngeunaan genep Istana kepresidenan Indonesia anu perelu ku Wargi Kiwari piweruh.
Mugya artikel ieu bisa nambah pangaweruh dan pengetahuan
Ropéa basa: Agus Rohmat