Rupa-rupa kekecapan lucu basa Sunda ieu dijamin matak moal bisa eureun ngabarakatak.
Kiwari.co.id – Indonesia téh mangrupakeun nagara kalayan ragam rupa suku jeung basa. Salah sahijina basa anu cukup kasohor téh nyaéta basa Sunda. Ieu basa mangrupakeun basa wewengkon balaréa anu digunakeun sapopoé di wewengkon Jawa Barat mah. Réa kekacapan basa Sunda anu satuluyna digunakeun jalma anu lain ti Sunda ogé lantaran éta kekecapan téh populér.
Basa Sunda mibanda kaunikanana sorangan, anu sigana keur sababaraha urang jalma mah cukup katarik pikeun ngulikna. Cara diajar basa Sunda anu kawasna paling gampil ku mipaham naon anu dipimaksud tina ragam rupa kekecapan lucu basa sunda baris dipedar ieu.
Sabab, kekecapan lucu basa sunda ieu téh bisa kalawan gampil diapalkeun tur jadi bahan anu cocog mun anjeun hayang ngunggah di media sosial. Tah, lamun anjeun panasaran, prak tengetan kekecapan lucu anu geus dirangkum teu kaliwat jeung harti dina basa Indonesia ieu, Rebu (30/10/2024).
1. “Nyaahna Aa ka Enéng téh jiga tukang bank keur nagih hutang (hayoh mumuntil).”
Hartinya: Cintaku sama kamu laksana tukang bank yang lagi nagih utang ngikutin terus.
2. “Lamun indit sakola kabeurangan terus ditanya ku guru ‘kunaon ari manéh kabeurangan?’ Béjakeun wéh: ‘nu boga lalakon mah datangna gé sok pandeuri.”
Hartina: Kalau pergi sekolah terus ditanya guru kenapa kamu terlambat? Bilangin kalau jagoan emang datangnya terakhir.
3. “Tetep seuri sanajan haté nalangsa nyaéta ciri-ciri jalma anu hébat, kuat tur loba jarawat.”
Hartina: Tetap tersenyum meskipun hatinya sedang bersedih adalah ciri-ciri dari orang yang hebat, kuat dan banyak jerawat.
5. “Katineung éndah keur babarengan jeung anjeun rék tuluy diinget-inget nepi ka pohona.”
Hartina: Kenangan indah saat bersama denganmu akan terus diingat-ingat sampai lupa.
6. “Terus aing kudu kitu, terus aing kudu kieu. Hayoh wé terus-terus, émang aing tukang parkir?”
Hartina: Terus aku harus gini, terus aku harus gitu, terus-terus emangnya aku ini tukang parkir.
7. “Nu ngarana hirup mah loba cobaan. Mun loba sawéran mah éta ngarana dangdutan.”
Hartina: Yang namanya hidup itu banyak cobaannya. Kalau banyak saweran, itu namanya dangdutan.
8. “Hirup mah kudu loba seuri, ngarah katingalina téh bagja alias senang baé. Sanajan haté mah keur notog titajong boléksék.”
Hartina: Hidup itu harus banyak tertawa agar terlihat bahagia atau selalu senang. Meskipun hati sakit perih karena luka.
9. “Mimiti ayeuna mah, urang rék nambulan semén ngarah strong.”
Hartina: Mulai sekarang aku mau ngemil semen biar kuat.
10. “Bobogohan jeung sia mah kalah matak rujad dompét.”
Hartina: Pacaran sama kamu itu bikin rusak dompet.
11. “Cinta sia mah palsu, paling alus ogé KW super, euweuh nu orisinilan.”
Hartina: Cinta kamu itu palsu, paling bagus juga KW super enggak ada yang bener-bener asli.
12. “Aya kahayang bari jeung teu dibarengan ku usaha mah sarua jeung ngabodor.”
Hartina: Punya keinginan tapi tidak disertai usaha sama saja dengan bercanda.
13. “Lamun hirup ulah lempeng-lempeng teuing meni jiga jidar.”
Hartina: Kalau hidup jangan lurus-lurus amat seperti penggaris.
14. “Hampura moal bisa males inbox dékah keur saré.”
Hartina: Maaf enggak bisa bales inbox lagi tidur.
15. “Kuring jomblo lain pédah teu payu, tapi keur golput. Sabab can aya pilihan nu pas.”
Hartina: Aku jomblo bukan karena nggak laku, tapi lagi golput. Soalnya belum ada pilihan yang pas.
16. “Ulah waka sombong lamun acan bisa balap motor bari dikonci setang mah.”
Hrtina: Jangan sombong kalau belum bisa balap motor sambil dikunci stang.
17. “Teu kengking diganggu, nuju teu damang. Nyuhunkeun doana wé sing énggal damang sareng hoyong di longok sabari dicecepan artos.”
Hartina: Jangan diganggu, lagi sakit. Minta doanya aja biar cepet sembuh sama pengen dijenguk sambil diamplopin duit.
18. “Hese ari bogoh kanu teu bogoheun mah. Siga meuli rokok sabatang ka Indomaret, moal di waro.”
Hartina: Susah kalo suka sama orang yang nggak suka kita. Ibarat beli rokok sebatang ke Indomaret, nggak di gubris.
19. “Awéwé mah leuwih milih lalaki goréng patut batan lalaki goréng milik.”
Hartina: Wanita lebih memilih laki-laki dengan wajah jelek daripada laki-laki dengan rezeki yang jelek.
20. “Tong sok ngaulinkeun haté aing atuh euy da lain cocooan.”
Hartina: Jangan suka permainkan hati aku dong, hati aku kan bukan mainan.
21. “Jaman ayeuna mah ulah percaya kitu waé kana foto profil di media sosial, loba bohongna. Salila ieu mah ngan ukur foto KTP nu paling jujur mah.”
Hartina: Zaman sekarang jangan percaya gitu sama foto profil di media sosial, banyak boongnya. Cuma foto KTP yang paling jujur selama ini.
22. “Hampura pulsa manéh teu mahi keur ningali foto uing.”
Hartina: Maaf pulsa kamu tidak cukup untuk melihat foto saya.
23. “Ngopi heula atuh lur ambéh ngaburicak matana.”
Hartina: Ngopi dulu, biar matanya melek.
24. “Cinta nu ihlas beresih lir ibarat kaén sutra nu anyar dikeueuman tujuh poe tujuh peuting, sanajan ceuk batur bau tapi ceuk anu resepna mah nu penting beresih tur genah katempona.”
Hartina: Cinta yang tulus itu ibarat kain sutra yang direndam 7 hari tujuh malam. Meskipun kata teman abu, tapi menurut cinta yang penting bersih dan enak dipandang.
25. “Ah ayeuna mah moal update status di Facebook téh bisi loba nu ngomén.”
Hrtina: Ah hari ini enggak update status di Facebook takut banyak yang komen.
26. “Lamun ngobrol sing ngareunaheun atuh lah bisi di tamasan ku oli geura.”
Hartina: Kalau ngobrol itu yang bagus dong, aku cuci muka kamu pake oli nanti.
27. “Urang sabar kusabab boga haté. Coba lamun urang boga batu. Geus dibalangkeun batuna kana beungeut sia.”
Hartina: Aku sabar karena punya hati. Coba kalau aku punya batu. Udah ku tabokin batu itu ke mukamu.
28. “Mending lila ngajomblo tuluy kawin. Batan lila bobogahan, tapi dikawin batur.”
Hartina: Lebih baik menjomblo terus nikah. Daripada lama pacaran, tapi dinikahin orang lain.
29. “Lur inget hirup mah teu bisa sagala instant. Mun hayang instant ninyuh sarimi wéh.”
Hartina: Sobat ingat hidup itu tidak bisa instant. Kalau mau serba instant seduh mie saja.
30. “Mun aya nanaon di Bandung, béjakeun wéh minantuna Kang Bahar, kituh.”
Hartina: Kalau ada apa-apa di Bandung, bilang saja kalau kamu itu menantunya Kang Bahar, gitu.
31. “Hésé mah tong dibawa héés.”
Hartina: Susah itu jangan dibawa tidur.
32. “Cinta Aa ka Enéng moal leungit-leungit sanajan Aa geus kawin deui.”
Hartina: Cinta abang sama neng enggak akan hilang walau abang sudah kawin lagi.
33. “Haté kuring lain sangu sésa anu bisa diréméhkeun anjeun.”
Hatina: Hatiku bukanlah nasi sisa yang bisa kau remehkan.
34. “Tadina mah rék mandi, ngan pas ngaca éh manis kénéh, ah tamas wé.”
Hartina: Tadinya mau mandi, pas ngaca eh masih manis, ya udah cuci muka saja.
35. “Ari manéh jelema atawa kalkulator? Meni henteu meunang salah.”
Hartina: Kamu itu orang atau kalkulator? Sampe nggak boleh salah.
36. “Nu acan update status hujan badag sok gera update status bisi kaburu raat.”
Hartina: Yang belum update status ujan deras buruan update keburu reda.
37. “Ulah peunggas sumangat usaha téh, inget cicilan masih panjang.”
Hartina: Jangan patah semangat terus berusaha, inget cicilan masih panjang.
38. “Bro, ari sia ngomong téh sing balég, bisi ditamasan ku coca-cola geura ku aing.”
Hartina: Bro, kalau kamu ngomong yang bener, nanti mukamu dicuci pakai coca-cola sama saya.
39. “Sabar bro, rejeki mah nuturkeun, ngan kadang kasusah sok nyiap ti kénca.”
Hartina: Sabar bro, rejeki itu selalu ngikutin. Cuma kadang kesusahan suka nyalip dari sebelah kiri.
40. “Ulah ngarasa nalangsa kusabab ngarasa sorangan. Tingali bulan, manéhna ogé sorangan ngan anggeur katémbong méré cahyana.”
Hartina: Jangan merasa sedih karena sendiri. Lihatlah bulan, dia juga sendiri tapi dia masih memberi cahaya.
41. “Nginjem kabogoh lah sapoe we atuh, hayang malam mingguan.”
Hartina: Pinjem pacar satu hari, pengen malam mingguan.
42. “Mun aya nu néangan urang, béjakeun: téangan wé urang di google.”
Hartina: kalau ada yang nyariin aku, kasih tau : cari aja aku di google.
43. “CLBK = Coba Lamun Boga Kabogoh.”
Hartina: CLBK = Coba Kalau Punya Pacar.
44. “Hirup mah ulah loba gaya, ngan kudu loba duit.”
Hartina: Hidup itu jangan banyak gaya, tapi harus banyak duit.
45. “Babaturan téh nyaéta manéhna anu sok nginjeumkeun duit bari tara daék dibayar.”
Hartina: Teman adalah dia yang suka meminjam uang dan nggak mau dibayar.
46. “Tong nanya iraha kawin, engké gé apal lamun kuring ngulem.”
Hartina: Jangan tanya kapan nikah, nanti juga tahu kalau saya undang.
47. “Masalah mah tong diperpanjang, da lain STNK.”
Hartina: Masalah itu jangan diperpanjang, karena bukan STNK.
48. “Ceuk Umi kudu loba sabar, ulah loba salto.”
Hartina: Kata Umi harus banyak sabar, jangan banyak salto.
49. “Ngahaja teu mandi téh, ngarah katingali cantik alami.”
Hartina: Sengaja nggak mandi, biar kelihatan cantik alami.
50. “Abdi mah jalmina cicingeun, upami nyalira da jarang ngobrol.”
Hartina: Aku mah orangnya pendiem, kalau lagi sendiri juga jarang ngobrol.
51. “Tetep menawan sanajan ulin kaditu, ulin kadieu tanpa pasangan.”
Hartina: Tetap menawan meskipun main kesana, main kesini tanpa pasangan.
52. “Urang tanpa anjeun ibarat sangu konéng leungit karétna, ambyarrr.”
Hartina: Aku tanpamu, bagaikan nasi kuning hilang karetnya, ambyarrr.
53. “Hirup ieu simpel, tong dijieun pagujud muringkel jiga bulu kélék.”
Hartina: Hidup ini simpel, jangan dibikin rumit dan keriting kaya bulu ketek.
54. “Lamun aya nu nanya, urang keur naon? Béjakeun, urang keur lieur.”
Hartina: Jika ada yang bertanya, aku lagi ngapain? Bilang saja, aku lagi pusing.
55. “Mun boga kabogoh babari ambek, tangkeup tuluy ceulina harewosan: Ari sia turunan Angry Birds.”
Hartina: Kalu punya pacar yang cepet marah, peluk terus bisikin ke kupingnya: Kamu itu keturunan Angry Birds.
56. “Jalma anu bageur ayeuna mah jarang, siga gas 3 Kg.”
Hartina: Orang baik sekarang langka, seperti gas LPG 3 Kg.
57. “Ayeuna uing keur teu hayang ngomong jeung api-api poho ingetan.”
Hartina: Sekarang aku lagi nggak mau ngomong dan pura-pura hilang ingatan.
58. “Manéh mah sedih mun maca buku novel tragedi, kuring mah sedih mun maca buku tabungan.”
Hartina: Kamu tuh sedih pas baca buku novel tragedi, kalau aku sedih pas baca buku tabungan aku.
59. “Moal ceurik ku cinta, kalem wéh da kuring mah incu Betmen.”
Hartina: Ga akan nangis karena cinta, tenang aja karena aku cucunya Betmen.
60. “Sakumaha beuratna pagawéan, bakal lewih hampang lamun teu digawéan.”
Hartina: Seberat apapun pekerjaan, akan terasa ringan kalau tidak dikerjakan.
Tah éta kekecapan lucu basa Sunda, cukup sakitu heula sawaréh deui engké dituluykeun.
Ropéa basa: Agus Rohmat