Paparikan

Paparikan salahsahiji wanda tina sisindiran nu méh sarua dina guruwilangan nya éta patokan Wilangan padalisan (baris kalimah) jeung wilangan engang( séké kecap/suku kata)jeung guru laguna nyaéta sarua dina uni engang, boh engang purwa, pon kitu deui engang daksina. Nya éta mibanda 4 padalisan jeung 8 engang, séké kecap(suku kata) dina saban pada, nu ngawangun dua padalisan (baris kalimah) ka-1 jeung ka-2 minangka cangkang, katut padalisan ka-3 jeung padalisan ka-4 minangka eusi.
Paparikan asal kecap tina parek nu ngandung harti deukeut. Deukeut dina uni engangna. Dina paparikan sarua sok ngawangun kana sifat atawa eusina nu ngandung wanda Silihasih, Piwuruk jeung Sésébréd (heureuy)

Conto Paparikan :

Batu turun keusik naék.
Kalapa tonggoheunana.
Itu purun ieu daék.
Papada bogoheunana.

Dina conto paparikan di luhur ku urang bisa katangén nu disebut parek atawa deukeut dina uni engangna.

Padalisan kahiji.
‘Batu turun keusik naék”
Méh sarua uni kecapna nu disebut gurulagu jeung padalisan(baris kalimah) nu ka-3, nyaéta.
Batu-itu, turun-purun, naék-daék.
Pon kitu deui dina padalisan ka-2 parek jeung padalisan ka-4.
“Kalapa-papada, tonggoheunana-bogoheunana”.

Cag

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan