Curug Halimun.

 

Kaéndahan Citarum Purba Anu Nyamuni.

Lalampahan dimimitian ti lembur Cibodor. Cikuda. Saguling. Nanjak-mudun mapay jalan satapak ngaliwatan pasawahan reujeung pakebonan. Bras ka leuweung pines anu harieum, rurungkunan paselang jeung tangkal tepus minuhan jajalaneun. Anjog ka gulampéng pasir lebah kalér lalampahan leuwih bangga, rembetna rurungkunan, rajegna kakayon dipapaés rarambu leuweung nambah geueuman leuweung gonggong sima gonggong, panonoban bagong jeung sato leuweung séjénna. Nété akar ngeumbing jangkar, gugurawilan mapay areuy dina sela-sela rumpilna jajalaneun istuning lain bobohongan, bedog dibubat-babit pikeun ngararad jeung nigasan rurungkunan anu ngahalangan léléngkahan.

Hujan ngagebrét anu turun nambahan jibregna saawak-awak nu geus mandi késang, lemah leuweung nu beueus sawaréh mah geus paluguran urug kabawa cileuncang nu ngamalir jadi susukan mapay lamping pasir anu gerot.
Sora cai curug anu ngaguruh hawar-hawar, cukup pikeun nambah mudigdigna deui sumanget anu tadina geus kempés loyog jeung waruga anu geus leuseuh. Haté lir ngabeukahan, sumanget ngajaul, kabungah jeung kapanasaran mawa watek tanaga leumpang mapay jungkrang, taya kasieun taya kakeueung, anu kabayang éndahna curug nu kakocap.

Kira-kira 3 jam lalampahan anu geus kaliwat. Mipir pasir mapay jungkrang nu longkéwang. Nété akar ngeumbing jangkar ngaléngkah asrod-asrodan diselang bubad-babad rarambu leuweung anu jadi hahalang.
Haté bungah bungagang. Kacapé kaleuseuh ibarat ilang. Panon neuteup anteb pinuh kahélok rasa éndah ku alam ciptaan Anu Maha Kawasa. Cai anu nyurug turun mapay jungkrang di walungan Citarum Purba bangun anu minuhan hiji Leuwi nu dipapaés abig batu kénca katuhueunana, batu sagedé-gedé Imah galituk ngajadi wates anu ngabendung cai nyurug di Curug Halimun. Éndah, tingtrim, betah tur tumaninah anu karasa sapada harita. Beuki karasa leutikna diri di payuneun Kersaning Alloh Robbul I’zati. Nambah rasa syukur dina taddabur sangkan leuwih tafakur.

Curug Halimun kurang-leuwih jangkungna 20 meter, minangka hiji curug tina lobana curug anu bacacar di sapanjang pangpalidan walungan Citarum Purba. Perenahna sahilireun curug pangulaan jeung curug hawu di salebakeun Cukang rahong, Leuwi buleud, Leuwi Bingbin (Cikahuripan) jeung tapak Sangkuriang deukeut Batu Nangtung di wewengkon Bendungan Saguling. Sahilireun Curug Halimun aya Leuwi Malang nu katelah Sanghyang Heuleut, sarta satuluyna Leuwi Gobang, Batu Hiu, Sanghyang poék, Sanghyang Tikoro, sarta Sanghyang Kenit di hilirna. Asalna cai anu ngamalir di dieu nya éta tina seserepan, cai nyusu jeung cai hujan lolobana.
Citarum Purba kurang leuwih panjangna 8 km antara Bendungan Saguling-Sanghyang Kenit. Jadi titinggal guareun Arkéologi jeung Géologi mangrupa laborarotium raksasa dina kajadian saatna situ Bandung Purba.

Cag.

Ngagandong_Ransel

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan