Sorot panon siga semu hurung silalatuan, neuteup seukeut ka sakur jalma nu ngarejengan.Huntu kekerot patingcarekot, ramo-ramo leungeun hareuras, ngawangun cakar maung nu pinuh tanaga.Nu opatan méh kawalahan nyepengan nu aduglajer bari kekejet. Cai kembang dina rantang ampir bahé kadupak.”Saha ieu, rék naon datang ka dieu?” Bah Rowi nanya, neuteup seukeut paselang biwirna nu gegereyeman.Peledugna haseup menyan minuhan rohangan, nyesekeun ambekan nu araya di dinya.”Heemhgrh… kami!” Nu direjengan némbalan. Sorana semu beurat ngagerem, panon buncelik siga rék luncat.”Kami saha? Rèk naon?” Bah Rowi nyusul tepus, jegoh-jegoh batuk.”Kami, karuhun Dira, rék ngalongok nu jadi incu!” Témbal nu ngajapapang, rerenggos.”Naha maké ditéang? Da teu nanaon, Dira mah!” Pokna Bah Rowi, puruluk menyan dikeprulkeun kana parukuyan, haseupna ngumbul.”Meunggeus Rowi, Kami eungap deuleu” Nu nyanding na awak Dira nyaritana ditahan semu eungap.”Heug ku kami dieureunkeun nyeungeut menyan, tapi anjeun kudu balaka, naon maksud, hayang naon pangna ngaraksuk waruga Dira?” Bah Rowi tandes, neuteup seukeut.”Sina diuk barudak!” Paréntahna ka nu opatan.”Kami hayang kopi jeung udud, deuleu Rowi!” Ceuk nu kasurupan, diukna édég, peureum.”Heug ku kami dibéré, ngan omat kudu buru-buru kaluar tina waruga Dira, karunya kana kurungan, beurateun!” Témbalna deui Bah Rowi, song udud dun kawung jeung kopi pait.”Nuhun euy!” Nu kasurupan nyarita bari kelepus udud, diselang ku nguyup cikopi.”Puaah, puah, lain nu kieu deuleu Rowi, pait deuleu nu kieu mah, Kami hayang Ji Sam Sue jeung kopi luak!” Nu kasurupan nawar.Ééh, ké, ké, naha karuhun téh apal Ji Sam Soe jeung kopi luak haah?” Gerentes na haténa Bah Wira, ngusapan jangotna nu hawuk.”Siga-siga, boa-boa ieu mah?” Bah Rowi nyéréngéh, top kana ruhak, tel diantelkeun kana bitis nu kasurupan.”Wadaaw,, panas Abah!” Nu kasurupan ngagurubug, ngowowong, pakupis ngusapan bitisna nu karasa panas diantelan ruhak.”Waah, sia mah Dira kasebelan deuleu, kurang ajar! Naon maksudna maké ngaku-ngaku kasurupan ku Karuhun haah?” Bah Rowi muncereng.”Atuda uing téh ti isuk hayang ngopi jeung udud, ari Abah ngadon haré-haré waé.” Dira némbalan, cungar-cengir.”Beu, kasebelan!” Bah Rowi nyéblokeun cai kembang dina rantang kana beungeut Dira.
Cag.
#Carpon_Ransel