Gempungan Panengetan (evaluasi) antara Panja DPRD KBB kalayan Gugus Tugas Panangkesan Covid-19 di rohangan sawala Girangserat Wewengkon (Sekretaris Daerah) (Sekda) KBB, Ngamprah, Juma’ah (8/5/2020).
Kiwari | BANDUNG – Sempet padungdengan ngeunaan rupaning panangkesan Covid-19 di Kabupatén Bandung Barat (KBB), Jawa Barat, pungkasna Panitia Kerja (Panja) Percepatan dan Penanganan Covid-19 DPRD KBB sapuk reujeung Gugus Tugas Covid-19 pikeun ngaropéa tilu barang.
Perkara éta nyinghareup dina gempungan panengetan (evaluasi) bareng Panja DPRD KBB kalayan Gugus Tugas Covid-19 di rohangan Giranglayang wewengkon (Sekda) KBB, Ngamprah, Juma’ah (8/5/2020).
Pupuhu Calagara Rancagé (Panja) Kagasikan jeung Panangkesan (Percepatan dan Penanganan) Covid-19 DPRD KBB, Bagja Setiawan nyaturkeun, tilu barang (item) anu kasebut kakait widang kawaluyaan, jaring pangaman sosial ekonomi katut palaksanaan padika (teknis) Pembatasan Sosial Berskala Besar (PSBB).
“Sina gempangan danget ieu urang medar ngeunaan panengetan (evaluasi) PSBB tahap munggaran, di dieu aya sababaraha sual anu ditengetan (dievaluasi),” catur Bagja.
Bagja ngajéntrékeun, pikeun widang kawaluyaan hasil panengetan evaluasi tina rapid test, kacutat aya 106 urang anu cindek positif Covid-19, sarta ieu parantos ditindak lajengkeun ku swab test 56 orang seueurna, tug dugi ka sésana 50 urañg deui nyusul pikeun dilakukan test anu sarupa.
Pikeun panangkesan kasalad positif katerap Covid-19, baris ditempatkeun di opat rohangan pangucilan (isolasi) RSUD Cililin, RSUD Lembang, RSUD Cikalongwetan sareng Aula Mesjid As-Shidiq.
Kakait padungdengan (polemik) panggunaan pangucilan (Isolasi) Aula Mesjid As-Shidiq, Bagja nyempad, yén itu saukur check and balance wungkul, “ teu aya pabéntar kamandang. Ti ngawitan ogé urang misapuk pikeun ieu tempat isolasi,” tandesna.
Panengetan (evaluasi) kadua ngeunaan jaring pangaman sosial ekonomi ku ayana daging hayam buruk Panja nganilé éta leuwih misifat musibah (insidental) katelatan pangiriman wungkul. Sedengkeun harga jaring pangaman sosial mangrupa sembako, jumlah nominalna sagarga Rp 300 rébu.
“Urang gugon baris ngagentos sababaraha barang eusi sembako anu langkung tahan lami, hayam sayuran sarta bungbuahan diilangkeun,” jéntréna.
Sagigireun kakait PSBB tahap kadua baris lewih dipisereg di sababaraha peun strategi saperti lawang sakéténg wewengkon anu asup ka Bandung Barat katut puseur karaméan.
“Urang baris nyeregkeun di PSBB danget ieu, nya éta di lawang panto lebet wewengkon KBB ku check point, tempat karaméan saperti pasar kalayan ngalakukeun pangjagabayaan,” inyana ngajéntrékeun.*** (Heni Suhaeni)