Sisindiran Sésébréd

 

  • Poé Saptu poé Kemis
    Salasa heuleut-heuleutan
    Itu saha muril kumis
    Leumpangna eundeuk-eundeukan
  • Kulah pinuh cai hérang
    Kemisan ngala malati
    Ulah bingung ulah héran
    Kumisan Si jantung hati
  • Marukan kemis ngalana
    Rérénténg jieun rorojok
    Marukan kumis gayana
    Jélétréng lir hileud orok
  • Ngala impun poé kemis
    Tiwu jeung rangasa kénéh
    Dicium nu gedé kumis
    Tilu taun karasa kénéh
  • Moro mekel cai nginum
    Mekel sangu lauk nila
    Boro hayang rék dicium
    Ningali gé matak gila

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan