Gubrag, gurudug, kocéak, hing ceurik ngabangingik bangun kanyenyerian.
“Duh aya naon éta…?” Rudi kageuingkeun ku sora ti loténg, ngoréjat, ngadédéngékeun.
“Mah, gugah!” Ngageuingkeun Déwi nu ngageubra.
“Aya naon Pah? Tunduh atuh!” Déwi lilir, mélétét keukeureuceuman, rét ka Rudi jeung Putri nu tibra gigireunana.
“Éta dangukeun geura, aya naon di loténg!” Rudi tutuduh, ceulina rancung ngadédéngékeun.
“Muhun nya Pah, sora istri nangis.. Saha nya?” Déwi ngised diukna, silih rérét jeung Rudi.
“Nyéta duka atuh, urang tingal yu…!” Rudi ngajak maluruh, rét ka Putri nu ngulisik.
“Hayu Pah, tapi tong dicandak, keun sina tibra!” Déwi ngahayukeun, leungeun ngepok-ngepok Putri nu kukulisikan.
“Nya hayu!” Duanana ngoléséd tina risbang lalaunan, ngaléngkah muru panto.
Brak, sora nu ngaguprak kadéngé deui.
Rudi jeung Déwi noong tina panto kamer nu dipéléngékeun.
Remeng-remeng katingali aya nu ngajanteng di tungtung tangga luhur, dedeganna jangkung kumisna sangadulang tepung jeung godégna, piyamana bodas, ngajega nulak cangkéng, na tungtung tangga handap, saurang wanoja pakéanna bodas saroéh, buuk acak-acakan ngahinghing ceurik bari mangku budak leutik nu teu empés-empés.
Korsi talapok kuda balatak pating jurahroh gigireun méja buleud marmer nu geus beulah.
Kalangkang lalaki nu dipiyama lalaunan turun, ngageuleuyeung ngajingjing péstol, panon beureumna mencrong neuteup seukeut ka kalangkang jirim nu ngahinghing.
Teu kungsi lila.
Dor, péstol ngabelesatkeun timah panasna, nyebrut muru jirim nu ngahinghing, clep, jengkang, kalangkang wanoja ngajengkang, tina tarangna ngaley getih, panonna buncelik, teu nyoara deui.
Rét, panon nu mawa péstol ngarérét ka lebah panto kamer nu méléngé, paneuteupna nu seukeut ngandung kaceuceub diadu jeung paneuteup nu nogél duaan.
Gebeg, teeer, Rudi jeung Déwi ngagebeg, brug, panto ditutupkeun, duanana silih rérét, ratug, ngaleper, diuk nyarandéan panto.
Isukna, kaayaan tengah imah paburantak,
Cag