Nyaah Pamajikan

 

“Kang, ari Akang enya rék boga deui nu anyar?”
“Ceuk saha, Nyi?”
“Alaaah, loba wéh nu ngomong,”
“Enya, sih demi nyaah Akang ka Nyai!”
“Nyaah ti mana horéng? Nu Sidik mah nganyenyeri ari boga pamajikan anyar deui mah!”
“Iich ari Nyai, omat ulah salah tarima salah sangka!”
“Da jeung enyana, nyaah kumaha anu kitu patut?”
“Yeuh Nyi déngékeun! Akang nyaah ka Nyai, sok karunya mun pareng ningali Nyai ngurus kulawarga, nyangu, nyeuseuh, jaba kudu ngawulaan Akang beurang peuting,”
“Nya, terus?”
“Nya, lamun Akang boga pamajikan deui mah, meureun sahenteuna Nyai teu riweuh teuing kudu ngawulaan Akang ongkoh!”
“Laah, alesaan!”

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan