Pangjurung Nanjung

 

KBB
Kiwari anjeun geus 13 taun gumelar.
Kiwari anjeun geus mangkat rumaja.
Kiwari geus kudu boga jati diri pinasti.
Kiwari lain bihari.

KBB
Mangka masing iatna.
Satemenna pakéwuh katut kariweuh moal euweuh.
Salawasna marengan saban mangsa.
Nanging
Dibarung tékad nu ngagalura.
Mangka nanjeur tur nanjung baris ngurunyung mayung.
Kanyaah sakumna rahayat marengan léngkah anjeun miang tandang makalangan.
Témbongkeun KBB kiwari jadi kareueus anu dipideudeuh.

Malati panghias ati pinuh puji ka Gusti Anu Maha Suci.
Campaka panghias rasa kedal puja ka Anu Maha Kawasa.
Sekar tanjung kapihatur pangjurung sukur tina nikmat anu teu kaukur kersahing Alloh Anu Maha Luhur.

Adil makmur gemah ripah loh jinawi.
Baldatun thoyibatun wa robbun gofur.

Hurip gusti waras Abdi

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan