“Ku naon Son, siga nu sawan kuya ngan ngahuleng waé?” Gék diuk gigireun, kelepus udud bangun nikmat nakeranan.
“Keur bararingung puguh sayah téh, Ja!” Humandeuar.
“Na bingung ku naon, tong loba pikiran teuing geura hirup mah, tingali urang, taya beban!” Ngusiwel, ngasongkeun udud.
“Heueuh di dinya mah, siga nu euweuh kasusah, Ja! Naon tah konci suksésna?” Gap kana udud, malik, daria.
“Hirup mah kudu ikhlas jeung pasrah, Son! Ngarah hampang kana beban, hirup teu susah.” Édég.
“Ikhlas jeung pasrah kumaha, Ja?” Melong teu kiceup-kiceup.
“Heueuh cara urang, pan di dinya gé apal, gawé teu boga, anak dua, tapi teu jadi kabeurat, sabab ikhlas jeung pasrah.” Pepeta.
“Ikhlas narima kanyataan, barudak jeung indungna pasrahkeun ka mitoha, pan ngurangan tah beban hirup téh, teu matak jangar kana mastakana!” Jali nimpalan, teu riuk-riuk.