Hak Normatik Teu Ditedunan. Pagawé Samdotex Nungtut

 

Batujajar-kiwari.co.id, Diantarana hak pagawé anu kudu ditedunan ku pausahaan téh nyaéta Hak-hak Normatif anu sipatna wajib dilaksanakeun tur dibikeun ka sakur pagawéna. Mun seug hal éta teu ditedunan atawa teu dilaksanakeun, tanwandé pausahaan baris keuna ku sangsi sakumaha anu kacutat dina UU kapagawéan nyaéta UU Tenaga Kerja No 13 Taun 2003 katut PP anu séjénna.

Hal ieu pisan anu ngabalukarkeun sabagéan pagawé PT Samdotex di Cangkorah Batujajar ngayakeun aksi unjuk rasa ngaliud di buruan pabrik pikeun nungtut hak-hakna anu teu ditedunan téa, Rebo (6/1/2021).

“Muhun, salami ieu sadayana padamel di ieu pabrik (Samdotex) teu ditedunan anu janten hakna, diantawisna, 1. Perjanjian Kerja Waktu Tertentu (PKWT) anu teu nangtu wates-wates waktosna, 2. Salami 2 sasih dirumahkeun, padamel teu dipasihan nanaon (upah jrrd), 3. Padamel teu dilebetkeun kana jaminan kaséhatan (BPJS) sareng Jaminan Keselamatan Kerja (Jamsostek),” ceuk Irman Saepudin, Pupuhu PUK PT Samdotex.

Untungna pihak pausahaan méré ombér pikeun diayakeunana gempungan kalayan diwakilan ku Endang kawasa hukumnna. Ieu gempungan anu diayakeun di salahsahiji wangunan di lelewek pabrik téh diluuhan ogé ku Dadang S R, Pupuhu Pangurus Cabang KEP SPSI KBB, Dewi panumbu sawala PHI Kabid Kapagawéan KBB, Asep Mulyana Kades Cangkorah, katut sababaraha urang réngrèngan PUK PT Samdotex.

Sanggeus méakeun témpo ampir kana 2 jamna tur ngalaman adu kamandang ti sakur anu hadir pamilon gempungan, ahirna pihak Pabrik baris nedunan sakur paménta pagawé dumasar kana Undang-Undang anu lumaku, sarta pihak kadinesan baris ngilo jeung nimbang-nimbamg pikeun katangtuan anu baris dijieun satuluyna.

Di séjén wanci, Dadang S R salaku Pupuhu SP KEP SPSI KBB nyaturkeun, yén ieu gempungan diayakeun sanggeusna ngaliwatan sababaraha kali pedaran (Mediasi) jeung pihak pausahaan (Manajemén) PT Samdotex, tapi teu manggih wewengan anu jadi harepan, satuluyna gempungan anu diayakeun ieu wentukna Tri Partid anu diwengku ku aturan tur diluuhan ku sababaraha pihak (unsur), nyatana, pihak Pagawé salaku anu nungtut, pihak pangusaha anu ditungtutna, katut pamaréntahan reujeung kadinesan anu boga wewenang dina masalah kawas kieu.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan