Kungsi jirim anjeun ngeusian leuwi asihna ati.
Pernah kalangkang anjeun marengan dina rasa nu sarua.
Taya éndahna dunya saméméhna katarima.
Iwal ti sanggeus nyanding wening asihna.
Éndah sawangan jeung implengan kungsi mapaésan carita tresna.
Carita nu baris ngarumpaka kahirupan duaan.
Kabagjaan asa geus datang lain kur némbongan.
Harepan nyanding sariring dumadi saréngkak saparopolah.
Tigin ati baris satia satuhu.
Tigin ati baris kukuh pengkuh
Tigin ati moal ngolémbar pindah rasa
Tigin ati hamo sulaya sumpah.
Taya daya lan upaya mahlukna.
Pangéran nu murbawisésa
Nyaahna hamo sulaya ka mahlukna.
Muka ati lan pikir anu sajati
Nyingraykeun lalangsé haté nu kapépéndé.
Geuning anjeun anggang na sawangan.
Peurih ati asa diturih hinis.
Gudawang dada rasa katambias.
Tatu kalbu ku laku tur catur.
Beungeut nyinghareup ati mungkir.
Carita dirékayasa lain hareupeun lain tukangeun.
Ngajejeléh nyacampah taya rasrasan.
Anjeun nu nyieun codéka tiheula.
Teu narima weningna asih kuring.
Nyulayaan kanyah ku tipu daya.
Kiwari ieu ati geus peurih.
Ayeuna ieu rasa geus tugenah.
Hamo lipur satungtung umur dunya.
Tong maido mun geus teu rido sono.
Ulah neumbleuh mun deudeuh jadi geuleuh.
Ulah nyangka cidra sab rasa geus gudawang parna.
Tatu kalbu bongan salira teu satuhu