Dina pungkasan Surat ka 25 Al Furqon Alloh ngagambarkeun sababaraha sifat jalma boh anu pinuji atawa sabalikna. Salah shijina anu kaunggel dina ayat ka 74 tur ganjaranana dina ayat 75.
وَالَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ اَزْوَاجِنَا وَذُرِّيّٰتِنَا قُرَّةَ اَعْيُنٍ وَّاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِيْنَ اِمَامًا
“Jeung jalma-jalma anu nyarita: Nun Gusti anugrahkeun ka kuring bojo-bojo katut turunan anu jadi hiasan mata (pikaresepeun) sarta jantenkeun kuring sadaya imam pikeun anu tarakwa”
اُولٰۤىِٕكَ يُجْزَوْنَ الْغُرْفَةَ بِمَا صَبَرُوْا وَيُلَقَّوْنَ فِيْهَا تَحِيَّةً وَّسَلٰمًا
“Arinyana baris diganjar ku martabat anu luhung wawales tina kasobaranana tur dibagéakeun ku kahormatan kalih kasalametan”
Du’a nu keyeng tangtu kabiruyungan, cirina keyeng lain ukur boga kahayang bari mendeko tapi haget migawé prasarat sangkan anu dipiharep tinekanan. Cindekna, du’a anu daria baris dituturkeun ku lajuning laku (follow up) ku lampah paripolah anu léngkah-léngkahna kauger tur kaukur. Du’a di luhur miwanda dua aweuhan nyaéta: miboga anggota kulawarga anu pikaresepeun jeung anggota kulawarga anu bisa jadi imam pikeun jalma-jalma anu tarakwa.
Siga kumaha ari jalma anu qurrotq ayyun téh? Paling henteu milampah sakumaha anu kaunggel dina surat Alfurqon ayat 63-67 bari anggang tina naon-naon anu dipahing siga anu kaunggel dina surat Alfurqon ayat 68, 72 sareng 73. Cindekna migawé nu hadé jauh ti anu salah.
Teu kalis ku kitu, kudu ngusahakeun sangkan jalma-jalma tarakwa, hartina urang kudu ojah di luar imah, nyieun alpukah jeung tarékah malar laku lampah masarakat merenah dina kakuduan-kakuduan anu kauger ku prédikat takwa. Urang kudu aub dina program ‘penguatan ketakwaan’ masarakat. Partisipasi urang bisa jadi tukang papagah atawa babarengan ngaregepkeun papagah. Bisa ogé anu nyayagikeun sarana-prasarana, nyuguhan, ngongkosan sareng rojongan lianna.
Ngimankeun jeung nyoléhkeun masarakat tangtu teu bisa sosoranganan tapi kudu maké wahana. Sawaréhna nu ngajak jeung ngatik kahadéan ngagabung jeung organisasi nu aya sawaréhna deui ngadamel institusi anyar atawa cukup ku ngabentuk organizer.
Upama kabiruyungan kulawarga urang, tatangga urang, dulur urang tatangga dulur urang; dulur tatangga urang jeung warga institusi urang baris jaradi jalma anu takwa tur diwujudkeun ku sikep jeung paripolah anu kayungyun. Teu kalis nepi ka dinya, kaimanan jeung kasoléhan ulah eureun di masarakat tapi kudu jadi sikep pamaréntah. Régulasi jeung kawijakan pamaréntah lianna kudu miboga ruh katakwaan, kaimanan jeung kasoléhan. Pangpangna dina bagbagan kamungkaran, kayaning teu curaling, teu mabok, teu judi jeung teu milampah rucah séjénna ngajanggélék jadi kawijakan pamaréntah anu diwujudkeun antara lain ku ayana régulasi anu jelas jeung daya taklifna teges. Lain dipupujuhkeun.
Kukituna kulawarga, komunitas, institusi sosial, organisasi kamasarakatan, pranata profesi jeung lembaga-lembaga séjénna kudu nyiptakeun suasana sangkan jama’ahna bisa ngembangkeun poténsi diri malar ka hareup mampuh nyangking kalungguhan naha jadi inohong sosial atawa mancén jabatan politis boh di éksékutif boh di législatif.
Ayeuna calon-calon kepala daérah ti kalangan anu boga kasang tukang kaislaman wedel, ampir can aya nu kapilih, bisa jadi luyu jeung du’a. Apan paméntana ogé ‘lilmuttaqiina imaman’ sigana jumlah muttaqinna masih can loba jadi sora nu milihna karék saeutik.