Ulah Tambélar Ka Anu Lapar

Teu saeutik nu beunghar dahar teu teratur.

Teu saeutik ogé nu fakir teratur teu dahar.

Baheula, nalika diparéntah babagi tina sawaréhna rijki anu katarima, aya anu ngajawab: “Ké heula, apan si éta mah teu dahar sotéh meureun wé teu dibére ku Alloh, da lamun Alloh ngersakeun mah pasti manéhna barang dahar. Naha jadi kuring anu kudu tanggungjawab? Siga nu teu éling anjeun mah.” Kitu cenah, sakumaha kaunggel dina al Quran Surat 36 Yasin ayat 47

Wa idza qiilala hum anfiqu mimmaa rozaqokumullohu! Qoolalladziina kafaru lilladziina amanuu: Anuth’imu man lauyasyaa-allohu ath’amahu. In antum illaa fii dhollaalin mubiin.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ اَنْفِقُوْا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ ۙقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنُطْعِمُ مَنْ لَّوْ يَشَاۤءُ اللّٰهُ اَطْعَمَهٗٓ ۖاِنْ اَنْتُمْ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ

“Jeung upama dicaritakeun kamaranéhanana:  “Infakkeun tina sawaréh rijki anu dipaparin ku Alloh ka aranjeun!”

Jalma-jalma kafir ka jalma anu ariman ngajawab: “Naha kuring sararéa kudu maraban jalma-jalma anu lamun seug Alloh ngersakeun da maranéhna baris dalahar. Nyaan anjeun mah kacida kalangsuna.”

Dina surat 28 Al Qoshosh ayat 77 jeung 78 saruajawabanana.

77 Waahsinu kamaa ahsanallohu ilaika-

وَاَحْسِنْ كَمَآ اَحْسَنَ اللّٰهُ اِلَيْكَ

“Prak nyieun kahadéan sakumaha Alloh geus kahadéan ka anjeun!”

 

78 Qola innamaa utituhu ‘ala ‘ilmin ‘indi-

قَالَ اِنَّمَآ اُوْتِيْتُهٗ عَلٰى عِلْمٍ عِنْدِيْۗ

“Jawabna, naa da pinunjul anu dipaparinkeun ku Alloh mah pédah kuring wé calakan.”

 

Jadi kunaon bet mumul nyieun kahadéan sabab kabeungharan jeung pinunjul anu kapiboga éstu hasil préstasi dirina sorangan, taya aub anu séjén.

Sikep anu digambarkeun dina surat Yasin kalih Al Qoshosh kadieunakeun mimiti ngurangan. Masarakat mimiti némbongkeun sikep paheuyeuk leungeun ngareuntaskeun katunggaraan dulur-dulur anu ékonomina sahandapeun. Kiwari remen kareungeu obrolan-obrolan anu genah, siga conto di handap ieu.

“Milu wakaf ah sasak-dua sak semén, sieun masjid kaburu anggeus terus dina catetan malaikat  akang teu kadaptar donatur.”

“Urang mah ukur méré nginjeum mobil keur mapagkeun Ustadz, teu mangkuk sapeuting. Barudak panitia mah nginjeumkeun awak jeung pikiranana leuwih ti sabulan.”

Malah ti kalangan anu hirupna basajan aya anu nyarita: “Meungpeung miskin gancang balabah, nu miskin mah méré sapuluh rébu ogé boga pangaji. Upama  jaga diparengkeun beunghar terus pedit, teu panasaran, kungsi bageur basa keur miskin.”

Ayeuna loba jalma anu ngahaja nyadiakeun sangu Kotak, sangu styrofoam atawa sangu bungkus. Naha dibagikeun di masjid atawa langsung dianteurkeun ka masarakat anu araya di émpér, handapeun jambatan atawa lahan sisi rél karéta. Malah aya anu nyieun warung nasi gratis atawa hargana ukur dua rébu saalas. Anjungan kadaharan atawa inuman bari aya tulisan: “Saha waé tiasa ngeusian. Saha waé mangga nyandak sacekapna. Mugia berkah.” Méja tempat kran cai anu tiasa langsung diuyup mimiti seueur, malah anjungan béas gratis ogé mimiti jlugjleg.

Mudah-mudahan urang kaasup jalma anu teu weléh ngersakeun atawa maksakeun nyongcay tina sawaréh rijki ti Alloh pikeun aub dina program kahadéan masal. Urang mah lain mah sanés Qorun. Urang mah miboga kasadaran yén dina naon-naon anu kapimilik, éta aya partisipasi batur. “Innamaa tunsharuuna wa turzaquna bi zhuafaikum.” Saenyana aya pitulung jeung rejeki jalma anu zhuafa (dina harta banda jeung komara Urang.)

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan