Janari wekasan

ngageuri wanci janari
lain pédah asakan teu nyari
lain pédah kadaharan bari
tapi haté teu daék walagri.
bereyek budak
andékak murak burayak
caleuhak najan teu katepi mais ciak
seuweu nu mangkak
kapiharep hirup hareup
mugia marakbak
najan huap kurang kerep
geus maneuh,
ramadhan wekasan boga baju weuteuh
sataun dua kali maksakeun
neudeun pakeun, ganti raksukan
saban lebaran jeung munggaran taun ajaran
teuteup anteb
kana pameunteu anu naraptap
anu masih kumétap
siwi anaking,
arinya jaga sing luhung
tong kabawa muyung
mun ramadhan pamit
mun lebaran indit
naon anu kagamit
salian haté anu ngajerit?
waktu ngagayuh ka subuh
beuki marudah
ngarahuh teu puguh dalah
nuyun dosa nu bayuhyuh
ranggah nyangga guligah
gusti, ieu abdi lugay
ngarunday munajat
ngaranggeuy tobat
malar haté teu beueuy
sangkan iman teu baleuy
leuleuy ngareumbeuy hirup nu reunggeuy

Karya: Dadan Dania

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan