Jungjunan Nu Dipiati

Aya rasa nu nyaliara sumarambah kana bayah.

Kanyaah taya wates wangen lir legana jomantara.

Linduh iuh sorot soca nu jadi panglipur kalbu.

Mancungna pangambung nu kuwung-kuwungan éstu matak kapigandrung. Liwung.

 

Naha teu ti bihari urang pinanggih?

Naha teu ti baheula urang patepang?

 

Sono.

Enya sono nu ayeuna jadi pangrobéda.

Kalangkang salira teu wéléh ngolég mangsa haté diolég simpé.

Leutik ringkang gedé bugang.

Kitu pibasaeun mangsa ayeuna.

Leuir katineung temahna katalimbeng.

Dangding nu sumanding mangsa peuting nu jempling.

Sakabéhna ukur wirahma diri salira.

 

Hé Angin nu ngahiliwir.

Hè cai nu ngalir ka hilir.

Hé japati nu ngalayang di wiati.

Titip kangen ka nu geulis sahiji.

Amanat salam asih pamugi nepi.

Di dieu kiwari kuring nganti

 

Ki Aris

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan