KUTU

Kutu mangrupakeun salahsahiji sato anu ngaganggu kahirupan manusa. Dina Al-Qur’an dikaitkeun jeung bahla (musibah) anu tumiba ka rahayat Mesir sabagé MK mu’jijat anu dibikeun ka Nabi Musa.
Dina surat Al-A’raf / 7 : 133 dijéntrékeun yén tarajangan topan, tarajangan simeut, kutu katut tarajangan bangkong ngaburantakeun pangeusi Mesir mangsa harita. Allah SWT ngarobah cai jadi geutih.
‘Mangka ku Kami dikirimkeun ka maranéhna, topan, simeut, kutu, bangkong katut getih (cai nginum robah jadi getih) sabagé bukti-bukti anu écés, ngan maranéhna angger adigung sarta maranéhna nyaéta kaom anu mibanda dosa,” kitu potongan éta ayat.
Ku nurunkeun kutu sabagé siksaan (azab) keur pangeusi Mesir mangsa jaman Nabi Musa AS, Alloh méré palajaran penting pikeun manusa. Maranéhna kudu niténan widang (aspek) kabersékaan dina pakéan pon kitu deui mangsa saré kalayan maké kasur anu beresih.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan