KLITIH : Laku Ngadék Jalma Sacara Ngacak Kalayan Alesan Suka Bungah

[Ilustrasi gorombolan nonoman maké motor]

Yogyakarta-Kiwari, Yogyakarta atawa anu remen disebut Jogja nyaéta dayeuh anu nyoléndng rupa-rupa leler kawas Kota Pelajar, Wisata, Budaya, tug nepikeun ka Kota Perjuangan.

Salaku dayeuh anu mibanda Kampus panglobana di Indonesia, ogé ku lobana SMA SMK favorit, teu salilana némbongkeun yén sakabéh palajar di dayeuh ieu mibanda sifat anu hadé tur anut kana paraturan.

Mangsa ayeuna, média sosial dieéwuhkeun deui ku ayana fenomena klitih anu dilakukeun ku sagorombolan palajar di Yogyakarta.

Ieu fenomena téh ngahakan kurban teu tuah teu dosa deui, untungna kurban saukur tatu raheut tur bisa selamet.

Carita ieu dimimitia ti salah saurang thread ti akun Twitter @kinderpoyy anu ngaku sebagé kurban klitih.

Saméméhna ogé kajadian dikadékna 2 rumaja di Sleman (27/12/2021). Pangadékan ieu dilakukeun ku 6 lalaki anu mabok sarta teu wawuh pisan ka para korban. Kagenep palaku beunang dicerek Polres Sleman. Mangsa ditalék (interogasi), para palaku ngaku yén samasakali teu mikawanoh saha korban jeung ngalakukeun aksina éta dina pangaruh inuman keras.

Teu kungsi lila ti harita, 2 korban klitih ragrag deui dina 1 Januari 2022, untungna kadua korban bisa salamet.

Netizen anu méré sikep kana hal éta nyieun taggar #YogyaDaruratKlitih, #SriSultanYogyaDaruratKlitih, nepikeun ka #YogyaTidakAman patingoucinghul naék ka luhur trending Twitter.

Naon atuh Klitih téh?
Dina mimitina, klitih saukur dihartikeun sebagé kagiatan jalan-jalan taya tujuan jelas atawa iinditan ulin wungkul. Tapi sairing lumampahna mangsa, hartina klitih kalah ngagésér kan arah negatif.

Istilah klitih ramé mucunghul di sababaraha pangwartaan saprak taun 2016 mula.

Klitih nyaéta istilah wewengkon (lokal) anu dibikeun ka para palaku atawa prak-prakan kaéwuhan (teror) pakarang seukeut di jalan Yogyakarta.
Aksi klitih ieu ilaharna dilakukan ku sajumlah palajar SMA anu kukurilingan ngagunakeun motor wanci peuting nepikeun ka janari, satuluyna ngarempug nepikeun ka ngadék jalma-jalma anu ngaliwat secara acak.

Beda deui jeung bégal, klitih teu nyokot barang-barang korban anu ku maranéhna digunasika, tapi ngalakukeun hal éta demi pirajeunan suka bungah wungkul jeung demi pangakuan ti babaturanana.

Ieu aksi dianggap pikahariwangeun, lantaran bisa waé ngorbankeun nyawa jalma anu teu apal nanaon.

Salahsahiji anu pangpikawatireunana (tragis) tur ninggalkeun kingkin téh nyaéta dipaténina mahasiswa UGM, Dwi Ramadhani Erlangga, anu tiwas dicelurit mangsa ngabagikeun kadahan sahur di jalanan dina taun 2018 kalarung.

Mahasiswa UGM ieu ngarandapan tatu soék sapanjang kurang lewih 9 cm tur jerona 8 cm dina tonggong beulah kénca. Ieu tatu téh nembus bayah anu ngabalukarkeun korban ukur kuat salila 4 jam dina parawatan.

Matak kingkin apanan? Jalma anu keur nyieun kahadéan kalah tinemu ajalna saukur balukar kalakuan barudak anu teu puguh tujuanana (motivasi).

Masih dina taun anu éta kénéh, teror ieu ngahakan korban nyaéta saurang supir Toyota Camry anu keur ngaliwat di Jalan Sembuh Kidul.

Mobilna ditimpug batu gedé dina bagian kaca hareup anu satuluyna bangblas kaca sarta ninggang sirah supir nepikeun ka hanteuna.

[Poto kaca mobil tobros ku batu]

Jinis-jinis Klitih

Aya 3 jenis Klitih anu remen kajadian di wewengkon Yogyakarta, diantarana:

1. Klitih Murni kabangoran nonoman
Klitih jinis ieu kajadian mémang murni tina niat para rumaja, maranéhna teu boga motivasi atawa kasangtukang (motif) nanaon. Maranéhna ngagunasika jalma-jalma saukur pikeun ngaleungitkan kabosenan atawa hayang meunang pangakuan ti babaturan.

2. Klitih Dengdam Antara Géng Sakolah
Ieu kajadian alatan faktor dengdam antara géng nu hiji jeung séjénna. Ilaharna maranéhna bakal ngarah (target) jalma-jalma ti géng lian anu jadi musuh. Klitih jinis ieu ogé dikasangtukangan ku fanatisme anu kuat kana géngna sorangan.

3. Klitih Palampiasan
Klitih jinis ieu nyaéta anu palingngahariwangkeun lanataran bisa nimbulkeun korban jiwa anu teu salah jeung teu nyaho nanaon. Para palaku ilaharnaa meupeuskeuyangkeun kakeujeulna ka jalma-jalma sacara acak di jalanan lantaran teu manggihan musuh anu diarahna atawa lawan anu geus nyieun pasini tepung.

Sajarah Klitih di Jogja
Dumasar arsip Harian Kompas, fenomena klitih geus aya saprak taun 1993. Mangsa harita, Kapulisian Wilayah DIY ngametakeun tempat ayana géng-géng rumaja anu aya di Yogyakarta.

Kapolwil DIY dina mangsa harita geus mibanda béja (informasi) ayana géng rumaja katut pamuda anu remen ngalakukeun aksi kajahatan di Yogyakarta.

Satuluyna dina taun 2000-an, garelutna (tawuran) antar palajar marucunghul sarta nimbulkeun Herry Zudianto, Wali Kota Yogyakarta harita ngarasa hareudang.

Inyana nandeskeun ka saban sakolah pikeun ngaluarkeun saban palajar anu kalibet aksi tawuran.

Saprak harita, sababaraha géng palajar hésé néangan musuh tur mimiti ngajajal jalanan Yogyakarta wanci peuting, nepikeun ka mucunghul istilah “klitih”.

Geus jadi ruasiah balaréa yén palajar SMA di Yogyakarta ngabentuk géng anu basisna indentitas sakolah. Dicutat ti Harian Kompas, 17 Maret 2017, Kapolda DIY mangsa harita nyebutkeun, sahenteuna aya 81 géng sakolah di DIY.

Teu jarang, salahsahijiatu insiden klitih anu dilakukeun salahsahiji géng baris ngotrétkeun kajadanana garelutna (tawuran) dina wilangan (skala) gedé.

Hanca

Sumber : Andre | Hukum | 04-01-2022
Ropéa Basa : Agus Rohmat Sutaryo (Ki Aris)
Poto : Internet

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan