Lahir : 4 Desember 1884 Cicalengka, Dutch East Indies
Wafat : 11 September 1947 (62 taun) Tasikmalaya, Jawa Barat, Indonesia
Rd. Dewi Sartika dikenal ku perjuangan na di widang pangajaran jang kaum Hawa, anjeunna nu ngamimitian ngadegkeun sakola jang kaum hawa di Dutch East Indies ( ayeuna mah NKRI ).
Anjeunna dipasihan gelar kahormatan salaku Pahlawan Nasional Indonesia di taun 1966.
Rd. Dewi Sartika lahir di keluarga ningrat ti pasangan R. Rangga Somanegara sareng R.A Rajapermas di Cicalengka ping 4 Desember 1884, ti keur budak keneh Dewi sartika sering jd guguruan mun keur arulin jeung babaturanna, saatosna R. Rangga wafat Dewi Sartika di rawatan ku Mamangna (red-paman) tur meunang didikan budaya sunda, nalika meunang pangaweruh budaya barat ti garwana assisten Resident Dewi Sartika teras ngalih ka Bandung.
Dewi Sartika ngadegkeun sakola nu dinamian Sakola Istri ping 16 Januari 1960 di pendopo kabupaten Bandung anu salajengna dialihkeun ka jalan Ciguriang tur gaentos nami janten Sakola Kaoetamaan Istri di taun 1910, salajengna di taun 1920 sadaya kota sareng kabupaten ngagaduhan hiji sakola, di bulan september 1929 sakola Kaoetamaan Istri gentos deui janten Sakola Raden Dewi.
Anjeunna ngantunkeun ping 11 September 1947 di Cineam, Tasikmalaya nalika diungsikeun ti Bandung mangsa perang kamerdekaan.
Di taun 1906 Dewi Sartika nikah ka R. Kanduruhan Agah Soeriawinata guru sakola di Karang Pamulang
(Wikipedia)