TANEUH KUBURAN BAGEAN 1

Kocapkeun, Dirja saurang budak ngora nu léngoh kénéh. Pangawakan jangkung, beungeutna kasép. Dedeg sampé rupa hadé wéh pokona mah. Perbawana handap asor jeung dépé-dépé. Salian ti éta ogé, Dirja téh sanajan budak ngora tapi geus boga pangusahaan sorangan. Malahan mah geus boga imah jeung kandaraan sorangan ogé hasil tina usahana.
Loba awéwé nu bogoheun mah, ngan nyaéta acan aya nu ‘sreg’ jeung manéhna. Aya nu rada dipikaresep mah, ngaranna Éha, anakna Ceu Piah tukang dagang lotek nu nyieun jongko peuntaseun rukona.
Éha, awéwé umuran dua puluh dua taunan, geus teu boga bapa ti umur genep taun, maot meneran keur buburuh ngala kalapa nu Haji Dayat. Ari Haji Dayat téh taya lian nyaéta kolotna Lilis, awéwé nu saumuran jeung Éha, sarua boga rasa bogoh ka Dirja.
Sapopoé Éha mantuan indungna dagang loték. Kusabab Dirja rajeun ka dinya antukna jadi rajeun ogé panggih.
Disidik-sidik ku Dirja, Éha téh geuningan geulis, salian ti éta ogé bageur. Tara loba codékah, komo deui ubrang-abring ulin. Istuning di imah lamun meneran balik mantuan indungna dagang ogé.
Kungsi hiji poé Dirja neuteup ka Éha. Ari Éha sarua meneran keur nempokeun. Prok…! Dua panon silihteuteup. Éha api-api, padahal haté mah ratug teu puguh nalika diteuteup kulalaki anu mémang dipikaresep.
“Naha atuh nya Kang Dirja téh meni neuteup kawas kitu ka kuring? Moal kitu bogoheun?” gerentes Éha nalika peutingna. Beurangna diteuteup, peutingna gulinggasahan, teu daékeun saré. Kabayangkeun waé rupa Dirja.
Sakapeung seuri sorangan, sakapeung cicirihilan nutupan biwirna.
“Tapi…, ah, pimoaleun kudu bogoheun ka kuring mah atuh!” kitu wé sapeupeuting téh.
Beurang kabayangkeun ari peuting kaimpikeun. Saré teu tibra, dahar teu mirasa. Kitu nu keur karandapan ku Éha pada waktu ayeuna saprak kajadian silihteuteup jeung Dirja.
Tilu poé ti saprak harita, Dirja aya deui ka jongko indungna. Dirja nepikeun ka teu kiceup ningal rupa Éha. Sabab Éha ngahaja dangdan, ngarep-ngarep Dirja nempoeun.
Enyaan wé, Dirja kotka olohok, malahan mah ngahuapkeun loték tina séndok gé lain kana baham, malah jol kana irung.
“Beu…, enyaan geulis ieu Si Éha téh ari meneran geus dangdan mah!” gerentes Dirja.
Gancang carita, antukna Dirja jeung Éha bobogohan. Geunjleung salelembur, malahan mah geunjleungna nepi ka lembur séjén. Loba awéwé nu ‘patah hati’ nalika arapaleun Dirja bobogohan jeung Éha.
Kaasup Lilis, anakna Haji Dayat.
“Bapa mah teu nyaah ka nu jadi anak!” ceuk Lilis ka bapana hiji poé.
“Teu nyaah kumaha ieu téh, Lis?” témbal Haji Dayat.
“Apanan Lilis téh bogoh ka Kang Dirja, naha atuh Bapa cicing waé, kari-kari ayeuna manéhna geus bobogohan jeung Si Éha?” Lilis jamutrut.
“Har, naha maké ngambek ka bapa atuh? Lain hayoh balakakeun ku sorangan!” Haji Dayat hémeng.
“Enggeus, ngan ditampik!” ceuk Lilis deui.
“Beu…, bener-bener teu ngajénan ka déwék tah Si Dirja! Wani-wani nampik kacinta ti anak déwék! Malah hayoh bobogohan jeung si Éha, anakna jenat Juhér urut bujang déwék! Kieu carana mah sarua jeung ngahina ka déwék!” Haji Dayat ngageremet, panas haténa nalika ngadéngé anakna ditampik ku lalaki nu dipikacintana.
“Mantak naon atuh ku Bapa sampeurkeun ka ditu! Ulah cicing waé!” Lilis ngomporan, sabab manéhna yakin bapana moal ngantep.
“Arék…! Keun, urang sampeurkeun, tuman! Geus wani ngahina ka aing tah Si Dirja wewelek téh!” Haji Dayat beuki ngahéab haténa.
Tunda heula éta, urang caritakeun Dirja nu aya di rukona.
“Arék baraha ton bulan ayeuna nyokot béas jang ‘stok’ téh, Din?” ceuk Dirja nanya ka nu gawéna, Udin.
“Rupina mah kedah sapuluh ton, Kang! Sabab langganan anu ti Jakarta tos nyuhunkeun genep ton kanggo sasih payun. Sésana kanggo langganan anu darongkap nyalira ka dieu!” témbal Udin.
“Oh, tos wé atuh ari kitu mah sakalian lima belas ton! Jang langganan anyar anu ti Dépok ogé arék nyokot cenah Minggu hareup.” Dirja nambahan.
“Nya, mangga, Kang! Teu langkung Akang éta mah.” témbal Udin deui.
Keur kitu, jol Éha mawakeun kadaharan dina rantang, maksad mah nganteuran jang ‘makan siang’ Dirja, calon salakina, hasil popolah manéhna sorangan cenah.
“Assalamu’alaikum, Kang!” ceuk Éha unjuk salam.
“Waalaikumsalam….!” témbal Dirja bari ngarérét ka nu karak jol.
“Aéh…, geuningan Si Geulis!” Dirja olohok barang nempo Éha nu datang.
“Sumuhun, Kang! Ngawagel teu?” ceuk Éha.
“Henteu atuh, ih! Bungah malahan mah. Nyandak naon éta?” ceuk Dirja deui bari ngarérét kana rantang.
“Ieu…, apanan Akang palay pésmol lauk emas nu lada téa sanés? Ieu ku Enéng dipangdamelkeun, lada, malahan mah céngékna teu dikeureutan, ngahaja guluntungan!” témbal Éha bari nuduhkeun babawaanna.
“Duh, janten raos atuh akang! Mang Udin, geus dahar can?” Dirja jol nanya ka Udin, pagawéna.
“Teu acan, Kang.” témbal Udin.
“Oh…, yeuh duit jang meuli dahar, sakalian ajakan Si Uhad ogé, nya! Kuring arék dahar di dieu ayeuna mah!” ceuk Dirja bari mikeun duit.
“Sumuhun, Kang. Hatur nuhun. Asa ku ageung ieu masihan artos téh, Kang?” témbal Udin Hémeng basa nampa duit loba.
“Bisi Mang Udin arék meuli ‘nasi jamblang’ ka Cirebon, éta jang ongkosna sakalian!” ceuk Dirja deui bari ngiceupan.
Udin surti, ku kaayaan kitu.
“Oh, sumuhun, Kang! Badé mésér soto lamongan wé abdi sareng Si Uhad mah, ka Lamonganna langsung.” Udin némbal bari nyéréngéh.
“Nya, sok atuh, kadé di jalan, nya!” Dirja némbalan deui bari seuri.
Tuluy Udin jeung baturna mah marangkat maksad arék dalahar.
“Had, hayu urang meuli dahar ka Lamongan!” ceuk Udin ka Uhad.
“Na ari ilaing atuh, jauh satéh ti Bandung ka Lamongan téh!” Uhad hémeng.
“Tong loba carita! Hayu wé tuturkeun déwék! Nu penting mah dahar ngeunah ayeuna mah!” ceuk Udin deui. Tuluy tinglaléos.
“Hayu atuh, Néng, ka rohangan akang!” ceuk Dirja meneran Udin geus marangkat.
“Mangga, Kang.” témbal Éha nu tuluy nuturkeun Dirja ka rohanganna.
Geus di jero rohangan tuluy diuk na korsi, ngaréndéng.
“Hatur nuhun nya, geulis.”
“Sawangsulna, Kang. Hapunten, mung sakieu ayana!”
Teu lila, Dirja neuteup ka Éha. Éha ratug tutunggulan. Teu puguh rasa. Gé-ér lamun ceuk basa jaman kiwari mah.
“Néng…!”
“Kah….”
“Pan urang mung duaan di dieu, bukanya saalit?”
“Badé sadayana ogé nyanggakeun kanggo Akang mah, moal diulah-ulah ku Enéng ogé.”
“Leres?”
“Leres atuh, Kang!”
“Nya atuh, upami kitu mah ku akang dibuka sadayana. Tapi leres teu nanaon?”
“Sok, Kang! Upami Akang isin atuh ku Enéng dibukana.”
“Wios ku Akang wé.”
Tuluy wéh éta pésmol lauk emas téh dibuka tutup rantangna. Geus kitu mah laju wéh dalahar Dirja jeung Éha téh.
Wéyoooo…

*Kotretan Agus_Copdas

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan