Bari reumbay ku cipanon, Asih ngagesruk nyeuseuh baju sakolana Rina, anak téréna. Reumbay cipanon lain pédah capé ku pagawéan, tapi ku sikep Rina nu matak nyeri kana haté. Enya, Asih ukur indung téré, tapi manéhna geus nganggap Rina anak sorangan, nyaah kacida. Rina keur Asih jadi gaganti Ayu anakna nu geus taya di kieuna alatan gering panas.
Asih dipihukum ku Ginanjar tilu bulan ka tukang. Da ti saprak Ayu maot, bapana Ayu ninggalkeun manéhna kawin deui jeung awéwé batur gawéna.
Papanggih jeung Ginanjar, basa Asih kasérémpet ku mobilna waktu balik nganteurkeun pesenan kuéh ka warung sakolana Rina, kabeneran harita Ginanjar ogé tas nganteurkeun Rina sakola. Pas meuntas jalan, Mobil Ginanjar kaluar ti gapura sakola. Kulantaran kagét, Asih balik deui ngan mobil geus deukeut pisan teu kaburu kaerém. Asih kasérémpet nepi ka mental. Ngan untung teu parah.
Ti harita Ginanjar sering nganjang ka Asih. Ginanjar nu geus dua taun ditinggalkeun maot ku indungna Rina, geus katarik ati kapentang asmara ku kageulisan Asih, geus boga tékad rék mihukum Asih, bari susuganan bisa jadi indung nu nyaah ka Rina.
Jangji Ginanjar pikeun ngawin Asih laksana, najan teu disatujuan ku Rina.
Satengah bulan rumah tangga Ginanjar jeung Asih. Tapi pikeun Asih kalah jadi bangbaluh. Kanyaah nu tamplok ti Ginanjar teu dibarengan ku sikep Rina nu sakuduna hormat ka nu jadi indung, enya gé indung téré. Asih dianggapna salaku babu aya di imahna Ginanjar. Kanyaah Asih ka Rina dianggapna ngan ukur rék morotan harta bapana. Padahal pikeun Asih, Rina geus dianggap anakna sorangan. Sesebutan ogé lamun nitah atawa ménta tara nyebut mamah, tapi lonté.
“Hey, Lonté, sakalian tah kumbah sapatu!”
Teu kanyahoan Rina geus aya di tukangeun Asih, bari ngabalangkeun sapatu kana jolang. Atuh cai dina jolang muncrat kana awak Asih, nepi ka bajuna baraseuh.
“Aéh, Néng Rina tos uih? Mamah pangnyandakeun emam nya, emam heula!”
Bari rada reuwas Asih cengkat nyampeurkeun ka Rina.
“Teu hayang!” cenah bari ngaléos ka kamerna, ngagebrugkeun panto terus dikonci ti jero.
Asih ngoloyong ka méja makan, nyiuk sangu jeung lalawuhna, terus ngetrokan panto kamer Rina.
“Néng, emam heula, Mamah masak kasedep Eneng. Raos geura!”
Bray panto muka. Brak, piring ditepak nepi ka mancawura acak-acakan kana ubin. Teu ngomong nanaon, panto dijablogkeun deui.
“Neng!”
Asih ukur colohok nempo kalakuan Rina. Berebey cipanonna kaluar mapay pipina. Haténa peurih asa digerihan ku hinis.
Gog, cingogo, mulungan sangu nu acak-acakan.
Gerung sora mobil di hareup, Ginanjar balik ti pagawéan, tas gawé lembur. Sup ka imah nempo Asih keur mulungan sangu nu mancawura.
“Kunaon, Mah, sangu dugi ka acak-acakan kitu?” tanya Ginanjar bari nyampeurkeun.
Asih gancang nyusutan cipanon na.
“Eu, ieu nembé téh nyandak sangu kanggo Néng Rina, tadi uih sakola teu acan emam, kalah bobo. Nya dipangnyandakkeun sangu, ari pék panangan Mamahna tikait kana hordéng janten murag,” jawab Asih ngabohong.
“Teu digugahkeun wé atuh Rina na, Mah, piwarang emam di dapur!”
“Hawatos, uih sakola capé panginten, keun wé da Mamah pan nuju salsé,” Asih tetep ngabélaan Rina.
Ngarah Ginanjar teu loba tatanya, Asih gancang ka dapur, nyokot cai hérang terus dibikeun ka Ginanjar nu keur diuk di hareupeun tipi. Asih terus ka dapur deui neruskeun ngumbah sapatu Rina.
Wayah asar Rina kakara kaluar ti kamer, kitu gé rada jéjéngkéan bisi kapanggiheun ku Bapana. Sanggeus katempona jempling, Rina asup ka dapur. Asih keur nguprek masak nyadiakeun dahar soré keur Ginanjar jeung Rina.
“Hey, Lonté, gancang pangnyieunkeun emi sing lada, terus anteurkeun ka kamer!”
Kituna téh bari ngadorong awak Asih. Asih reuwas rada ngajolongjong, méh baé nubruk katél nu keur nagen dina kompor gas.
“Astagfirullah.”
Asih ngarawél lomari bungbu nu aya luhureun kompor.
“Gancangan nyieun emi!” ceuk Rina bari molotot.
“Pan sangu gé tos asak, Néng, kantun ngasakeun sayur, sakedap deui!” Asih nyarita leuleuy.
“Teu hayang, gancang nyieun emi! Awas mun bébéja ka Papah.”
Nyarita kituna téh bari ngaléos asup deui ka kamerna.
Ti barang Asih aya di dinya, jarang pisan Rina dahar di imah, ari sakalieun lapar mah osok ménta dipangmeulikeun sangu ka warung atawa ménta dipangnyieunkeun emi. Kitu gé bari haok polotot.
Ginanjar sorangan tara ieuh nyaho, da leuwih loba waktu di pagawéanana. Panyangka manéhna mah Rina geus narima ka Asih salaku indung téréna. Sakalieun Ginanjar nanya ogé Asih tara bébéja mun tabéat Rina ka manéhna kacida goréngna. Kalakuan Rina nu sok nganyerikeun haténa ditutupan ku carita nu sabalikna. Asih teu weléh muji-muji ka Rina. Éta lantaran Asih kajurung ku rasa nyaah ka Rina. Asa ka Ayu nu geus teu aya.
Poé ieu Ginanjar meunang tugas luar kota ti dununganana. Ba’da salat subuh geus inditi. Teu poho nitipkeun Rina ka Asih, da harita Rina can hudang.
“Mah, Papah mios heula nya! Nitip Rina gugahkeun pami badé sakola,” Ginanjar pamit bari nyium tarang Asih.
“Muhun, Pah, keun Si Enéng mah da aya Mamah. Papah sing jongjon wé didamel, kadé ati-ati nyandak mobilna!” jawab Asih terus nyium leungeun Ginanjar.
Kanyaah Asih nu sakitu tamplokna ka Rina, teu ngajadikeun Rina budak nu mulang tarima. Talajakna kalah beuki wani. Komo mun Ginanjar euweuh di imah. Rina wani ngancam lamun Asih wani ngabéjakeun kalakuanana ka bapana.
Hiji poé, balik sakola, Rina awakna panas. Kabeneran Asih keur moé baju di tukang. Rina asup ka kamerna terus ngagolédag dina kasur. Awakna ngadégdég nirisan. Jigana mah salatri da ti kamari balik sakola teu daék dahar. Tadi rék indit sakola dititah mumuluk gé teu daék.
Réngsé moékeun seuseuhan, Asih asup ka imah, maksud rék terus bébérés tengah imah. Barang nempo panto kamer Rina muka, Asih reuwas da puguh teu kadéngé kolotrakna nu muka panto hareup.
Sup, Asih asup. Nempo Rina keur Humarurung bari awakna ngadégdég, gancang diburu. Tarangna dirampa. Panas mani nyongkab.
Teu kuhanteu, leungeun kadeudeuh Asih, ku Rina diképéskeun.
“Néng, naha teu nyauran Mamah atuh, pami tos uih sakola. Jabi salira sakitu panasna,” ceuk Asih nyarita leuleuy pinuh ku kadeudeuh.
Rina teu ngajawab, kalah malikkeun awakna nonggongan Asih.
Asih ka dapur, teu lila asup deui mawa cia téh amis jeung cai na baskom leutik pikeun ngompres Rina.
“Neng, eueut cihaneut heula, supados haneut kana patuangan!”
Asih nunda cai komprésan dina méja, terus leungeun kencana nyekel kana awak Rina , ditarik lalaunan sangkan Rina hudang. Sedengkeun leungeun katuhuna nyekel gelas.
Rina malik terus nguniang hudang.
“Tong, pura-pura nyaah, Aing nyaho kana niat manéh, gancang nyingkah, Lonté!”
Nyarita kituna téh bari leungeunna ngarawél cai téh tina leungeun Asih, direbut terus diseblokkeun kana beungeut Asih. Teu cukup ku éta, cai komprésan dina méja dicokot terus diséblokkeun kana awak Asih, nepi ka baju Asih baraseuh.
“Neng!”
Asih reuwas, teu nyangka Rina rék laku kitu. Padahal naon nu dilakukeun ku manéhna, éstu kanyaah nu jadi indung ka nu jadi anak.
“Gancang, nyingkah Sia, Lonté, aing teu sudi diurus ku Sia awéwé pangérétan, awéwé euweuh kagableg. Urang kampung teu nyaho diuntung!” ceuk Rina bari molotot ka Asih.
“Neng, ulah nyarios kitu. Mamah leres-leres nyaah ka Enéng, teu gaduh niat kanggo ngarebut kanyaah Papah Eneng, komo bari badé morotan hartana mah. Mamah tos dijait ku Papah Enéng tina jurang kasangsaraan, janten Mamah hoyong mulang tarima ku mikanyaah ka Eneng,” Asih nyarita leuleuy. Cipanon mah geus teu kaampeuh murubut.
“Halah, gancang nyingkah, indit sakalian ti imah Aing!”
Ngomong kituna téh, cuah, cumiduh.
Asih kaluar ti kamer, haténa peurih. Lain peurih ku caritaan Rina, tapi peurih, nepi ka ayeuna hirup saimah bari namplokkeun kanyaah, Rina can daék narima manéhna salaku gaganti indung kandungna.
Bari reumbay cipanon, Asih nyokot pelan, cai nu mancawura dina ubin dipel nepi ka beresih.
Sanggeus bérés, sup, ka kamerna. Mérésan baju, diasupkeun kana kérésék. Teu mawa baju loba ukur sababara hiji.
Sanggeus bérés, cég kana hapé. Bari nginghak Asih nelepon Ginanjar.
“Assalamualaikum! Pah énggal uih, Néng Rina salirana panas, saéna énggal candak ka rumasakit, bilih kumaonam!”
“Wa’alaikumussalam, kunaon Rina, Mah,?”
Ku Asih teu dijawab. Hapé dipaéhan, gancang kaluar ti kamer, bablas ka panto dapur, terus indit ninggalkeun imah.
Hapunten abdi, Kang, mios teu wawartos, hawatos ka Rina, teu tiasa nampi abdi janten ibuna, gerentes haté Asih, kebat leumpang ngulon bari juuh ku cipanon.
Teu kungsi sa-jam Ginanjar geus nepi ka imah. Sajajalan pikiranana kacida hariwang barang ngadéngé Rina panas, komo basa Asih nelepon bari inghak-inghakkan ceurik tur teu ngajawab pananyana.
Sup ka kamerna Rina, keur humarurung bari mucicid jiga nu katirisan. Awakna beuki panas.
“Rin, geuning mani panas kieu, ka mana Mamah?”
Rina teu ngajawab, terus Humarurung. Awakna ngaréngkol, tuurna meh adek jeung gado.
“Mah, nuju naon, kunaon Rina teu dikompres?” Ginanjar ngageroan Asih.
Taya jawaban, da puguh Asih geus jauh indit duka ka mana.
Jung Ginanjar cengkat, ka dapur parat nepi ka tukangeun imah, bisi Asih keur di luar.
Sup deui ka imah, terus ka kamarna. Suwung. Rét kana lomari, bet rada ngabuka. Panasaran ditempo. Baju Asih geus ngurangan, euweuh sababaraha potong.
Ginanjar reuwas, gancang balik deui ka kamerna Rina, rék nanyakeun Asih ka mana. Tapi barang sup, nempo Rina kejeng-kejeng.
Regeyeng, Rina nu keur jeneng dipangku, muru mobil. Rurusuhan nyeteter mobil, dius muru rumasakit.
Sajeroning Rina dipariksa ku dokter, Haté Ginanjar Tagiwur, hariwang ku kaayaan Rina, hariwang ku Asih nu tétéla geus ninggalkeun imah.
Gék, diuk dina korsi tunggu, teu lila nangtung deui. Leumpang bulak-balik muteran rohangan tunggu. Gék deui diuk. Ngan kitu jeung kitu, haténa beuki Tagiwur.
“Pa Ginanjar!” ceuk dokter nu kakara kaluar ti rohangan pariksa.
“Dok, kumaha pun anak?” tanya Ginanjar bari muru ka dokter.
“Tuang putra, rada kritis, margi asam di lambungna luhur pisan. Tapi nembé tos dipasihan inpusan aminoléban kanggo nurunkeun asam lambungna. Antosan satengah jam ningal réaksi inpusan heula,” ceuk dokter bari pamitan rék mariksa pasén nu lian.
“Muhun, Dok, lakukeun nu pangsaéna kanggo pun anak!”
Haté Ginanjar beuki hariwang ku kaayaan Rina. Pikiranana cus-cos ka ditu ka dieu pinuh ku pananya.
Kamana Asih, jeung kunaon ninggalkeun imah, dina kaayan Rina keur kaayaan gering.
Satengah jam ti harita, Dokter nu tadi datang deui, sup ka rohangan pariksa. Teu kungsi lila kaluar deui. Ku Ginanjar gancang diburu.
“Kumaha, Dok, pun anak?”
“Alhamdulillah, Pa, mung ulah diganggu heula, supados tiasa istirahat heula,” jawab dokter, bari ngajak sasalaman.
“Tapi teu parah kan, Dok?”
“Mudah-mudahan tos diimpus mah asam lambungna turun,” ceuk Dokter, terus ngaléos.
Meunang tilu poé, Rina dirawat di rumasakit, soréna geus diidinan balik ku dokter.
Rina can bisa sakola, ku dokter gé masih dibéré waktu dua poé keur ngajagjagkeun.
Salila dua poé di imah, karasa ngarumasna ku Rina. Asa aya nu leungit tina kahirupanana. Keur séhat unggal poé aya nu ngurus, najan ditarimana ku manéhna ku mangrupa sikap nu matak tugenah.
Ngadadak tikorona asa garing, leungeunna ngarongkong cai dina méja. Awakna karasa leuleus kacida, gelas teu kacekel kabeh, barang diangkat kalah kalayang murag kana ubin. Pray, peupeus mancawura.
Ahirna manéhna ukur ngalimba, hayang nginum can kuat lumampah ka dapur sorangan.
Rina ngahérang nangkarak neuteup lalangit kamer. Tina panonna ngeclak cipanon mapay pipina.
Bréh beungeut Asih indung téréna. Paripolahna, kanyaahna ka manéhna. Narémbongan jiga nu keur neuteup seukeut ka manéhna.
Haté Rina jumerit, maratan langit. Ras inget kana kalakuanana ka Asih, indung téréna. Kakara ayeuna dina kaayaan kieu karasa, kanyaah Asih éstu kanyaah nu bener-bener tulus hiji indung ka nu jadi anak. Kanyaah Asih malah asa leuwih nyaan tibatan indungna sorangan waktu masih kénéh jumeneng.
Bréh, sagala kalakuan manéhna ka Asih ngalangkang dina ingetan. Nyepak, nyiwit, dedegung jeung sagala kalakuan goréng séjénna, malah kungsi nyuntrungkeun waktu keur masak nepi ka ampir nubruk kana katél nu keur ngagoréng dina kaayaan minyak keur papanasan. Tapi sakabéh laku éta, teu ieuh dianggap katugenah ku Asih. Sabalikna Asih kalah beuki karasa kanyaahna ka manéhna.
Berebey cipanon Rina kaluar maseuhan pipina.
Hapunten Rina, Mah, gerentes haté Rina.
Nguat-nguat manéh, Rina hudang, turun tina kasur. Bari rumanggieung, manéhna kaluar ti kamar bari jéjéngkéan nyingkahan beling tina gelas nu peupeus.
Rina geus buleud haténa rék indit néangan Asih.
Sanggeus ninggalkeun tulisan dina sacewir keretas pikeun bapana. Ngahaja teu nelepon ngarah kapanggih ku Ginanjar, manéhna geus jauh néangan Asih. Dina tulisanana, Rina sasadu ménta dihampura.
‘Pah, Rina mios milarian Mamah Asih. Rina neda dihapunten, salami ieu tos laku jahat ka Mamah Asih, dugi ka Anjeuna angkat ti bumi.
Pah, sadaya nu ku Mamah Asih di carioskeun ngeunaan Rina sadayana sabalikna tina kanyataan nu saleresna. Kanyaah Mamah Asih dibales ku Rina ku lampah jahat, nyangki ka Mamah Asih badé ngarebut kanyaah Papah ka Rina sareng badé ngarebut kakayaan Papah. Nembé ayeuna karaos ku Rina, geuning kanyaah Mamah Asih, tulus.
Bilih Papah badé milarian, pilarian we Mamah Asih, ulah milarian Rina.’
Sanggeus ngawadahan baju sababaraha potong kana kantong jérésék, Rina kaluar ti imah, muru ka konter hapé, rék ngajual hapéna pikeun bekel néangan indung téréna.
Geus meunang duit mah, Rina naék mobil angkutan umum nu jurusan ka kota Bandung. Manéhna gilig pamaksudan moal rék balik ka imah mun can bisa manggihan Asih. Kajeun kudu eureun sakola ogé.
Wanci asar, nepi ka terminal Cicaheum. Kangaranan badan keur teu séhat, jrut tina mobil kalah ka limbung. Awakna leuleus kacida. Panon ranyay kunang-kunangan. Leng, bumi alam asa muter. Ahirna awakna ngudupruk di tengah terminal. Rina kapaéhan teu inget di bumi alam. Sadar-sadar geus aya di pos pulisi, keur dirubung-rubung ku sababara urang pulisi.
Nyah manéhna beunta. Rurat-rérét ka sakuriling rohangan.
Salah saurang pulisi nu geus rada kolot nyengkatkeun manéhna, terus ngasongkeun cai aqua.
“Alhamdulillah, tos sadar. Eneng téh badé angkat ka mana bet tiasa kapiuhan di dieu?”
Rina langsung meunang pananya.
Can buru-buru ngajawab, regot nginum bari ngararasakeun awak nu kacida leuleusna. Sanggeus rada seger, kakara Rina ngajawab.
“Abdi téh badé wangsul ka Cicadas, mung mastaka rieut pisan,” ceuk Rina ngabohong, da sieun kapapanjangan ditanya.
“Cicadasna di mana, ke ku Bapa dijajapkeun bisi aya nanaon di jalan,” ceuk Pa Pulisi deui.
“Teu kedah, Pa, da tos kiat ayeuna mah. Hatur nuhun ka Bapa sareng sadaya nu tos nu nulungan abdi tadi. Abdi permios, Pa, badé teras wangsul.”
Rina gancang nangtung bari nyokot kantong kérésék nu ngagoler gigireunana. Gura-giru indit ti dinya.
*
Di imah, Ginanjar reuwas basa balik gawé nempo beling acak-acakan di kamerna Rina. Bari jeung Rina euweuh di kamerna. Ditéangan di unggal rohangan euweuh.
Sup deui ka kamer Rina, di luhureun bantal aya keretas ngagoler, gancang dicokot, dibaca tulisanana.
Ginanjar kacida reuwasna basa tas maca pesen ti Rina.
Teu ngaenkékeun deui, Ginanjar gancang muru mobilna, dius deui indit rék néangan Rina jeung Asih.
Sakaluarna ti pos pulisi, Rina leumpang mapay-mapay trotoar. Teu nyaho tujuan teu nyaho lebah mana, nu penting manéhna leumpang nuturkeun indung suku, susuganan bisa paamprok jeung Asih.
Beurang kaganti ku peuting. Rina masih leumpang nutur-nutur kereteg haténa. Jog, anjog ka hiji pasar. Rina asup ka jajaran toko nu pantona geus pada nutup. Harita geus ampir tengah peuting. Panonna geus beurat ku pitunduheun. Reg, leumpangna eureun di hareupeun hiji toko nu rada poék teu kacaangan ku lampu. Gé, diuk, nyarandé kana rolingdoor. Geus teu ngingetkeun pibahlaeun, Rina ngagolédag dina ubin koridor pasar.
Bari ngararasakeun kacapé, manéhna nyipta-nyipta beungeut Asih.
Mah, dimana Mamah, Rina capé milarian Mamah. Rina hoyong bobo dipépéndé ku Mamah, haté Rina ngagerentes.
Clak cipanonna ngeclak mapay pipina. Rasa kaduhung, geus ngamomorékeun kanyaan indung téréna, ngagunung ngalimpudan haté Rina.
Ya, Allah, tepangkeun deui abdi sareng Mamah Asih. Abdi iklas janten galandangan sapertos kieu, kanggo nebus kasalahan abdi ka Mamah Asih, haté Rina sasambat ka Nu Kawasa.
Ku geus teu kuat ku tunduh, ahirna Rina saré ngagoler dina ubin.
“Hudang! hudang! Dasar gémbél. Molor di mana waé. Gancang hudang, rék muka toko!” ceuk saurang jalma, bari nyépakan awak Rina. Jigana mah nu boga toko.
Nyah Rina beunta. Geus loba jelema nu daratang. Tayohna mah nu baroga toko rék maruka tokona. Najan panonpoé kahalangan ku hateup pasar, tapi caangna geus asup ka jero pasar béda jeung caangna lampu.
Kuniang Rina hudang, leungeuna ngayap néangan kérésék wadah bajuna, tapi lapur geus euweuh.
“Gancang hudang, Gembel!” ceuk éta jalma bari nyépak deui kana awak Rina.
Jung, Rina nangtung leumpang kaluar ti pasar. Haténa jumerit maratan langit, karasa nyerina waktu awakna disépakan bari disebut gémbél.
Ya Allah, Anjeun Maha Adil. Tos masihan babales di alam dunya kénéh. Karaos nyerina diri abdi aya nu nyepak bari diusir. Sapertos nu dilakukeun ku abdi ka Mamah Asih, haté Rina norowéco pinuh ku rasa kaduhung.
Cipanon mah geus teu kaampeuh, murubut.
Geus saminggu Rina leumpang néangan indung téréna. Lar sup ka unggal pasar, terminal jeung tempat-tempat nu manéhna gé teu apal di mana. Awakna geus bener-bener jiga gembel. Dahar sakasampeurna, da bari ngirit-ngirit duit, éta gé sakapeung mah sok hésé meuli, da kakara rék asup gé ka warung, geus dibuburak ku tukang warung. Teu rék kitu kumaha, da nempo kaayaan manéhna nu pikarujiteun nu nempo. Baju tara ganti da leungit.
Ngan untung Rina dibéré kakuatan awak, teu nepi ka gering. Meureun Allah méré kakuatan awak ka Rina, pikeun ngarasakeun kumaha nyeri peurihna Asih, indung téréna basa di ku Manéhna dikitukeun.
Nya ka mana ari Asih?
Saluntana ti imah Ginanjar, Asih indit ka Cimahi. Ka imah urut babaturan gawéna, Déwi, waktu manéhna can boga salaki ka bapana Ayu.
Déwi jeung salakina, ngarasa karunya ku kaayaan Asih, sanggeus Asih nyaritakeun kahirupanana, nepi ka kudu indit ti imah salakina gara-gara anak téréna teu narima manéhna.
“Nya, saheulaanan mah didieu waé maturan Déwi! Sugan Kang Asép bisa mangnéangankeun pagawéan keur Asih,” Déwi nyarita kituna téh bari nginghak, Ngarasakeun ka na naon nu karandapan ku Asih.
“Enya, Sih, di dieu we heula, ké Kang Asép rék nyarita ka pingpinan, sugan masih bisa narima pagawé, jadi tukang-tukang sapu di kantor pusat di Cicaléngka atuh, da Akan mah ditugaskeun di dieu di kantor cabang,” Asép mauran kana omongan Déwi, pamajikanana.
“Hatur nuhun pisan, Kang, Wi, Asih bener-bener keur poékeun, da puguh teu boga baraya,” ceuk Asih bari ngarangkul ka Déwi.
“Asih baréto loba jasa ka Déwi, piraku ayeuna Déwi téga ngantep asih katalangsara,” témbal Déwi bari ngusapan tonggong Asih.
Asih ngaleupaskeun rangkulanana ti Déwi, malik ka Asép.
“Kang Asép tadi nyarios, kanggo kantor cabang di Cicaléngka? Punten, Kang, Asih alim mun kedah uih deui ka Cicaléngka. Wios Asih milarian damel di dieu we. Wios janten babu ogé nu penting Asih gaduh panghasilan,” Asih nyaritana baru tungkul, sieun disangka teu narimakeun ka Asép.
“Nya, ari kitu mah ke sugan aya nu ngabutuhkeun batur keur babantu di imahna.”
Asép, Surti kana pikiran Asih
Geus ampir dua minggu, Asih cicing di imah Déwi. Harita téh wanci asar, Asih jeung Déwi keur ngobrol di tepas imah.
Kring, sora hapé Déwi disada.
“Ti Kang Asép!” ceuk Déwi ka Asih, bari ngajauhan Asih, rék narima telepon ti Asép.
Teu lila, nyampeurkeun, bari hariweusweus, paromanana siga ngemu kareuwas.
“Sih, urang ka kantor pulisi ayeuna, Kang Asép nabrak jalma nu keur meuntas cenah!”
“Ina lillahi, di mana Wi?” Asih milu geumpeur.
“Ké wé nu jelasna mah di kantor pulisi, yu, gancang urang ka ditu!”
Naék angkutan umum jurusan Ciroyom, Asih jeung Déwi geus nepi ka Kantor Pulisi. Kasampak, Asép keur dipariksa ku saurang pulisi. Lumayan rada lila ogé ngadagoan. Ba’da Isa kakara réngsé pamariksaan.
“Kang, kumaha kajantenanana, dugi ka tiasa nabrak?” Déwi muru ka salakina.
“Akang téh reuwas, ku motor nu nyiap ti kénca, mépéd pisan kana mobil nu dibawa ku Akang. Ari di hareup aya jalma nu keur meuntas, teu kaburu kaerém ku Akang. Nya ahirna kasérémpét. Lumayan mental rada jauh,” Asép nerangkeun kajadianana.
“Ari nu ditabrakna, kumaha,?” Déwi nanya deui.
“Di rumasakit, tapi Akang geus nanda tangan, pikeun ngabiayaan pangobatanana. Tadi Akang nelepon Pingpinan Akang, nitahna obatan nu katabrak sing nepi ka cageur. Urusan hukum, milu wé kana aturan, cenah. Ké gé ka dieu geura pingpinan Akang, da tadi ngomongna mah rék ka dieu,” ceuk Asép deui rada ngaheruk.
Keur anteng ngobrol, torojol aya nu datang. Asép nu kabeneran diukna nyanghareup ka panto rohangan tunggu, cengkat.
“Aéh, Bapa, tos sumping?”
Dewi jeung Asih ngalieuk ka nu datang.
Asih ngajenghok, terus nangtung.
“Papah?”
“Asih?”
Satengah teu percaya kana tetempoanana, nu anyar datang gigisik kana panonna. Ginanjar nu teu nyangka bakal panggih deui jeung Asih.
Asih nyampeurkeun, terus ngagabrug kana dadana Ginanjar.
Sanggeus yakin, éta téh Asih, Ginanjar males ngarangkul ka Asih. Tarangna dicium bari diusapan sirahna.
“Hapunten Mamah, Pah. Mamah ngantunkeun bumi, kumargi hawatos ka Néng Rina, teu tiasa nampi Mamah salaku gegentos Ibuna. Jeung tinimbang, Néng Rina kasiksa ku ayana Mamah di bumi, ahirna Mamah nu kedah ngéléhan mios ti bumi,” Asih sasadu di sela-sela inghakna.
“Atos, Mah, Rina tos nyarios ka Papah dina sacewir keretas. Rina kaduhung, ku kalakuanana, ayeuna Rina ogé angkat ti bumi, saurna badé milarian Mamah.”
Ngadéngé, Rina indit ti imah bari rék néangan manéhna, ceurik Asih beuki narikan.
“Rina angkat ti bumi, Pah?” Asih ngaleupaskeun rangkulanana, terus neuteup ka Ginanjar jiga nu teu percaya kana dédéngéan.
“Tos badé dua minggu, Mah. Papah milarian unggal dinten, malah tos lapor ka pulisi, tapi teu acan aya laratanana.”
Asih nyuuh deui dina dada Ginanjar. Ceurikna teu eureun-eureun. Haténa melang kacida ka Rina.
“Hayu, Pah, urang milarian Rina, hawatos bisi kumaha onam!”
“Énjing urang pilarian, Mah, urang kedah ngabéréskeun heula urusan Asép,” Ginanjar nyarita bari nungtun Asih ka na korsi rohangan tunggu.
Sanggeus aya kasapakatan antara pulisi jeung Ginanjar, ngeunaan prosés hukum Asép, dianteur ku sababaraha urang pulisi, saréréa indit ka rumasakit rék nempo nu katabrak ku Asép.
Di rumasakit teu lila, sanggeus aya kasapakatan antara pihak rumasakit jeung Ginanjar ngeunaan béaya pangobatan nu katabrak, jeung Ginanjar ngeupeulan duit ka nu katabrak, kabéh baralik deui ka kantor pulisi, pikeun nyabut perkara Asép. Nepi ka kantor pulisi kasampak loba jalma nu keur ngaliud.
“Gebugan wé nepi ka modar, jalma tukang maling mah. Tong nempo awéwé atawa lalaki, bangsat mah tetep we bangsat ulah dipikarunya!” ceuk salah saurang nu keur pating laliud.
“Karunya euy budak kénéh, keun wé urusan pulisi nu boga hak pikeun ngahukuman ka nu salah,” ceuk nu lain.
Ginanjar, Asih, Déwi jeung Asép turun tina mobil. Pulisi gé teu ketat teuing ngawalna ayeuna mah.
“Aya naon, Kang?” Ginanjar nanya ka salah saurang aya di dinya.
“Aya nu maling dagangan, Pa di pasar, seug budak kénéh deuih awéwé,” témbal nu ditanya.
Haté Ginanjar ngadadak tagiwur ngadéngé budak awéwé ngora kénéh.
Gancang manéhna asup ka jero kantor, dituturkeun ku Asih.
Kahariwang Ginanjar jadi kanyataan barang nempo saurang budak keur dihalangan ku sababaraha urang pulisi, tina jalma- jalma nu ngamuk rék ngarogahala. Ginanjar langsung luncat ka hareupeun jalma-jalma nu keur amarah.
“Heup, heup, ieu anak kuring! Kuring tanggung jawab bisi aya nu dirugikeun ku anakna kuring!” ceuk Ginanjar bari ngangkat kadua leungeunna.
Nu keur ngaramuk mundur. Teu percaya lamun nu ku maranéhna disangka maling téh anakna jalma beunghar, da turun tina mobil alus. Asih, nu milu nuturkeun Ginanjar, barang nempo Rina ngalempreh dina korsi bari dijagaan ku pulisi, satengah lumpat muru ka Rina.
“Rina, putra Mamah, kunaon geulis dugi ka kieuna?”Awak Rina ditangkeup dina dadana.
Nyah panon Rina beunta. Manéhna tanggah nempo ka Asih.
“Mah, Hapunten Rina, Mah. Rina teu kiat lapar, kapaksa nyandak roti ti tukang dagang. Rin teu gaduh artos,” Rina nyarita haroshos, cipanonna merebey rada beureum, campur tina getih nu tatu lebah palipisna.
Ginanjar ngampeurkeun Rina nu keur ditangkeup ku Asih.
“Pah, hapunten Rina, mios ti bumi. Rina seueur dosa ka Mamah. Rina hoyong Mamah uih deui ka bumi.”
“Mamah pasti uih deui ka bumi, geulis. Urang kempel deui sapertos kapungkur,” ceuk Ginanjar bari ngusapan sirah Rina.
“Mah, kersa pami Mamah uih deui ka bumi?”
Rina neuteup ka Asih. Bari murubut ku cipanon, asih unggeuk. Haté Asih ngarasa bagja, Rina nyebut mamah ka manéhna.
Nu araya di dinya taya nu teu ngeclak cipanon nempo kitu mah. Nu tadi hahaok age caricing bari jeung tungkul.
Ginanjar nangtung hareupeun nu keur ngumpul.
“Bapa-Bapa, sim kuring atas nami pun anak, neda dihapunten, bilik naon nu dilakukeun ku pun anak tos ngarigel keun ka Bapa-Bapa sadaya. Mangga anu daganganana kantos dicandak ku pun anak nyarios, sim kuring tanggel waler kanggo ngagentosna. Pun anak maok sanés hiji padamelanana, nangin ku kapaksa ku lapar. Tos dua minggu angkat ti bumi milarian ibuna. Sakali deui mangga nu ngaraos dirugikeun ku pun anak ka payun!”
Salah saurang lalaki tengah tuwuh nyampeurkeun. Terus ngarangkul kana suku Ginanjar.
“Hapunten Mamah, Pa, Bapa tos ngagorowokkeun bangsat ka tuang putra. Nu ahirna tuang putra dirogahala ku jalmi seueur. Hapunten Mamag, Pa,” ceuk Si Mamang.
“Mamang teu lepat, pun anak nu lepat, sabaraha Abdi kedah ngagentos Mang?”
“Teu kedah digentos, Pa, kedahna Mamang nu tanggel waler kana kajantenan ieu” ceuk Si Mamang ngomongna dareuda.
Sanggeus saréréa pada menta dihampura. Ginanjar mawa Rina ka rumasakit.
Saterusna Asih, balik deui ka imah Ginanjar, ka Rina beuki mikanyaah, sabalikna Tina ogé geus bener-bener ngaku indung pituin ka Asih.
Tamat