Masing Iatna Engké Peuting Samagaha Bulan Penumbra Bakal Tumiba.

Kiwari.co.id dicutat ti SUMEKS. CO- Masing Iatna Engké baris kajadian fenomena langka anu kajadiani di dunya nyaéta Samagaha Bulan Penumbra (SBP) Juma’ah 5 Mei 2023.
Réngsé Samagaha Matahari Hybrid (SMH), fenomena samagaha baris kajadian deui di Indonesia.
Sok sanajan kawilang unik jeung langka, tapi fenomena SBP lain kajadian anu biasa tapi baris aya hiji hal kakandung harti sajati di jerona.
Nurutkeun pangirong (prediksi) Badan Meteorologi Klimatologi jeung Geofisika, SBP baris kajadian dina 5 jeung 6 Mei 2023 sakitar tabuh 22.00 WIB-02.00 WIB janari.
Kalawan titik puncak samagaha bulan penumbra dina tabuh 00.00 WIB.
Dipikaweruh, fenomena SBP kajadian alatan cahaya Panonpoé kahalang ku Bumi, antukna cahya Panonpoé teu bisa ngahontal Bulan klayan sapinuhna.
Ngan, dumasarkeun hadist Rasulullah SAW, fenomena samagaha panonpoé jeung bulan hiji tanda ti Allah SWT pikeun nunjukkeun KaesaanKatunggalana-Na.
Salian ti éta , samagaha Panonpoé jeung bulan ngajadi hiji totondén baris aya kajadian penting anu ditepikeun Allah SWT ngaliwatan fenomena éta.
Bihari, Rasulullah SAW umajak sakur sohabatna pikeun nglaksanakeun salat samagaha nalika ningali fenomena alam kitu.
Hal ieu disababkeun Rasulullah SAW rémpan mangsa kajadianana samagaha Allah SWT baris ngancurkeun dunya ieu sarta ngadatangkeun bancana atawa poé kiamat.
Ngadumasarkeun hadist anu diriwayatkeun, “Mangsa kajadianana samagaha raray  Rasullulah SAW pias konéas pinuh ku kasieun. Satuluyna anjeunna langsung kaluar imah sarta ngajak sakur para sohabat sangkan ngalaksanakeun salat samagaha bari Ngalobakeun du’a,” (HR Muslim).
Salian ti éta, hiji riwayat anu dirangkum dina kitab Al-Isaatu li Asrat’is-saat, halaman 166, karya Allamah Muhaqqiq Ash-Sharif Muhammad ibn ‘Abd al-Rasul.
Dina éta bkitab dijéntrékeun, yén sanggeusna kajadianana samagaha baris kajadian pacogrégan di bulan Syawal, paguneman ngeunaan perang di bulan Dzulqae’dah, jeung bituna perang di bulan Dzulhijjah.
“Lamun samagaha remen kajadian, mangka éta totondén kiamat geus beuki deukeut,” tulisna.
Riwayat séjén ogé nyebutkeun, dina Kitab Fathul Bari kalawan hadits nomor 2519 dijelaskeun, Rasulullah SAW kungsi nepikeun ngeunaan samagaha anu nandakeun hiji pangwawadian baris datangna hiji azab ka hiji umat.
“Rasulullah SAW nitah umatna sangkan sagancangna ngadu’a ka Allah SWT mangsa kajadian samagaha sangkan teu nurunkeun azab katut bancana,” tulis dina éta kitab. *
Reporter: Edy Handoko|Editor: Zeri
Ropéa Basa : Ris Bhuwana

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan