Jakarta-Kiwari.co.id, Harta paninggalan manten Girangpangagung nagara (Presiden) munggaran Indonesia, Soekarno masih jadi Lalangsé (misteri) . Tug nepikeun ka ayeuna masih tacan kaungkab ayana tur tacan katimu.
Tapi aya ogé anu nyebutkeun yén Soekarno ngawaris kasugihan Karajaan Mataram. Aya ogé anu nyebutkeun Presiden RI Ka-1 ieu téh nyimpen dana revolusi ajénna Rp 55 triliun.
Tuluy, anu pangremenna dipercaya mah nyaéta kapamilikan Soekarno kana batangan emas. Cenah, Soekarno mibanda 57 ton emas anu disimpen di Bank Swiss. Sakabéh emas éta cenah diinjeum Presiden AS John F. Kennedy dina taun 1963 pikeun pangwangunan Paman Sam.
Carita-carita ieu téh terus diwariskeun meuntas generasi, antukna geus ngakar. Samalah , teu saeutik jalma anu moro harta éta. Maranéhna percaya mun sakabéh harta éta dikumpulkeun, mangka bisa ngalunasan hutang nagara. Teu hémeng, rupaning cara dilakukeun pikeun maluruh perenahna (lokasi) harta. Aya ogé anu ngamangfaatkan jasa dukun.
Sok sanajan kitu, sakur patéah upaya pamoroan harta éta nepikeun ka ayeuna teu kungsi ngabuahkeun hasil. Hartina, aya dua kamungkinan: éta harta mémang bener teu aya atawa kasimpen di lelewek (lokasi) anu tangtu. Tapi, mun seug nyoko kana data-data sajarah, siganaa Soekarno teu mibanda harta saloba kitu.
Fakta sajarah mébérkeun yén salila njadi Presiden Soekarno hirup kasulitan. Hal ieu diungkab ku Soekarno sorangan dina wawancarana ka jurnalis AS, Cindy Adams.
Soekarno nyebut mun gajihna salila jadi presiden ngan ukur US$ 220. Inyana ogé teu mibanda imah jeung tanah. Numatak, wajar mun inyana hirup ti istana ka istana anu dipibanda nagara.
Malahan, caturna Soekarno, inyana kungsi dipangmeulikeun piyama ku duta besar mangsa dongdonan ka luar nagara. Éta Duta besar téh ngarasa karunya alatan Sukarno maké baju keur anu geus soék.
“Aya teu, Kapala Nagara anu malarat kawas kuring anu remen unjam injeum ti ajudanana?,” ceuk Sukarno ka Cindy Adams dina Bung Karno: Penyambung Lidah Rakyat Indonesia (1964).
Putra munggaran Soekarno, Guntur Soekarnoputra, ngabenerkeun panyataan bapana éta. Dona kolom opini di Media Indonesia (26 September 2020), Guntur nyebutksu lamun Soekarno, saprak saacan nepikeun ka jadi presiden, sakuna ipis waé. Teu matak hélok mun inyana remen nginjeum duit ka sobatna ti keur zaman pagerakan, salah sahijina Agoes Moesin Dasaad.
“Salaku presiden, Bung Karno nyaéta presiden anu pangsangsarana di dunya ieu. Inyana teu boga tanah, teu boga imah, komo deui logam-logam mulya kawas digembar-gemborkeun jalma salila ieu,” ceuk Guntur.
Masih nyutat wawancara reujeung Cindy Adams, bakating ku sangsarana (miskin), Soekarno malah kungsi méh dibéré gedong kalayan réréongan ku rahayat. Ngan, inyana nolak kalayan alesan embung ngariweuhkeun.
Sajarawan Indonesia, Ong Hok Ham, ogé ngabantah béja (rumor) harta sagunung Sukarno. Ngaliwatan Kuasa jeung Negara (1983), Ong mmeunggaskeun carita éta jeung méré fakta sajarah sabenerna. Salah sahijina kakait carita Soekarno narima waris kakayaan karajaan Mataram Islam.
Ceuk Ong, moal enya aya hiji jalma ngawaris harta ti karajaan kuno. Komo deui boga waris batangan emas. Masalahna, harta karajaan kuno teu sagedé anu dimplengkeun. Mataram Islam ogé mangsa masih kénéh aya (eksis) boga hutang ka VOC.
Mun seug bener boga kakayaan loba, sakuduna éta karajaan téh mayar hutangna. Sedengkeun, mun seug téa mah mémang harta éta téh bener bisa diwariskeun, kumaha proses pawarisanana?
Ong ogé nyebutkeun mun carita harta Sukarno sabenerna bisa dipeunggaskeun ku argumen saderhana: mun boga emas, sakuduna Soekarno teu malarat nepikeun ka ahir hirupna. Hartina, carita harta karun Presiden munggaran Indonesia anu salila ieu dipercaya téh éta ngandung kasalahan.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana
foto : net