Helaran Budaya Nepikeun Ka Karcis Haratis Taman Prawatasari Dina Raraga Milangkala Hari Jadi Cianjur (HJC) Ka-346

Cianjur-Kiwari.co.id, Helaran budaya nepikeun ka karcis haratis Taman Prawatasari, dina raraga milangkala Hari Jadi Cianjur (HJC) ka-346 geus satengahing digelar, minangka ngaramékeun dina mangsa istimewa pikeun rahayat Cianjur jeung sabudeureunana.

Sakumaha anu geus dipedar tiheula yén Cianjur diadegkeun ku Radén Aria Wiratma anu mangrupakeun putra R. A. Wangsa Goparana Dalem Sagalahérang dina tanggal 12 Juli 1677 M. Tur kiwari Herman Suherman minangka Girangpangagung (Bupati) Kabupatén Cianjur anu mancén.

Rupa rupa kagiatan jeung helaran diayakeun demi ngareuah-reuah poéan Milangkala Hari Jadi Cianjur anu ka-346 ieu.

Diantara helaran sosial jeung budaya katut rupa-rupa kagiatan téh diantarana nyaéta ngaharatiskeun karcis asup ka Taman Prawatasari anu paeunteung eunteung jeung lapangan olahraga Badak Putih, ilaharna mah lamun warga jeung masarakat Cianjur anu hayang asup ka Taman Prawatasari téh ditagih karcis anu gedéna Rp 8.000 nepikeun ka Rp 25.000 saurangna. Tah dina tanggal 12 Juli 2023 anu pas meneran Hari Jadi Cianjur mah haratis alias teu mayar.

Taman Prawatasari mimiti buka ti tabuh: 08.00 – 16.00 WIB. Lamun poé Senén-Kemis jeung Saptu. Poé Jumaah mah tutup, poé Ahad mimiti muka tabuh 07:30 – 15.30 WIB. Nomor Telepon anu bisa dihubungi keur rupa-rupa Informasi ngeunaan ieu taman: +62 813-2142-0647. Kalayan alamatna (Lokasi) Jl. Surya Kencana No.1, Sawah Gede, Cianjur, Cianjur, Jawa Barat, Indonesia, 43212

Dina mangsa éta rahayat Cianjur jeung sabudeureunana bisa laluasa asup pikeun nyalsé, kumpul atawa ngadon botram di saung saung paniisan anu di kuriling ku rupa-rupa kekembangan jeung tatangkalan anu linduh jeung iuh matak genah, merenah tumaninah.

Saeutik pikeun nambah pangaweruh. Salila ieu, wisata di Jawa Barat salawasna ngiblat di Bandung, Bogor, atawa Lembang. Kabupatén diluar Bandung jeung Bogor kurang nyongcolang sanajan mibanda objek wisata unggulan. Siga halna Taman Prawatasari di Kabupatén Cianjur.

Objek wisata ieu sabenerna kawilang geus lila ngadegna, ngan tiheula mah kondisina cukup merihatinkeun. Kurang ayana pangriksa ti pihak kakait, antukna kondisina teu karawat. Tapi ayeuna, ieu taman rekreasi téh naék daun deui lantaran geus aya tur loba wahana kaulinan.

Sok sanajan karcis asup Taman Prawatasari téh kacida murah. Tapi ari keur naék wahana kaulinan mah dileunakeun karcis/tiket tambahan deui. Jadi, karcis anu dibaya dina loket mah tacan kaasup karcis pikeun naék wahana kaulinan.

Harga Karcis Asup Taman Prawatasari mah Rp 8.000

Wahana anu kudu mayar mah, Kereta Mini, Gajah Terbang, Mobil Antik Rp7.000

Boom Boom Car, Monorail, Istana Balon, Mobil Remote Rp15.000

Wahana Cai Rp25.000

Taman Prawatasari mangrupakeun rohangan kabuka héjo di Kabupatén Cianjur. Ieu lelewek dijieun minangka bayahna dayeuh, kalayan loba tatangkalan jeung rupa-rupa pepelakan. Salian minangka bayahana dayeuh, ogé bisa digunakeun pikeun panyalindungan sistem cai.

Ayana rohangan héjo ieu téh bisa ogé jadi pameungkeut antar elemen geding jero dayeuh. Pikeun méré ciri jero dayeuh/kota ku panataan arsitektur anu éndah. Minangka taman, pikeun puseur rekreasi bagi kulawarga ogé tangtuna.

1. Rupaning Wahana Kaulinan

Taman Prawatasari remen ogé disebut Lapang Joglo, lantaran aya di lelewek Joglo. Ayeuna objek wisata ieu geus dilengkepan ku rupa-rupa wahana kaulinan barudak. Samalah, taman ieu téh remen ogé disebut minangka Dufan-na Cianjur.

Sanajan wahana kaulinan teu sagedé jeung saloba di Dufan, tapi kaulinan di dieu ogé cukup lengkep. Diantarana aya bom – bom car, gajah ngapung, kereta monorail, gocar. Aya ogé wahana cai, istana balon, balon cai, sarta wahana kamotékaran (kreativitas) budak.

Wahana anu bisa ditumpakan ku nonoman (rumaja) atawa jalma sawawa (dewasa) ogé aya. Kayaning bianglala, komidi putar, sarta kora – kora.

2. Puseur Olahraga

Taman Prawatasari remem dipaké tempat olahraga. Utamana mangsa poé nasional di Indonesia. Tempat ieu salawasna digunakeun pikeun acara – acara penting.

3. Nengetan 78 Tanaman Langka

Taman Prawatasari minangka bayahna dayeuh/kota téh ditunjukkeun ku dipelakanana ieu objek wisata. Lain wungkul tutuwuhan jeung kembang anu ilahar minangka pepelakan di taman. Tutuwuhan langka ogé dipelak di dieu.

Saeutikna aya 78 jinis pepelakan langka anu dipelak di dieu. Diantarana tangkal berenuk, sosis bima, kurma, sarta tutuwuhan jinis séjénna.ku ayana kitu tangtuna ngajadikeun objek wisata mingkin héjo jeung asri.

Disagigireun ti éta ogé bisa jadi taman edukasi pikeun barudak. Mikawanoh rupaning jinis tutuwuhan langka.

4. Leuleumpangan di lelewek (area) Taman

Lelewek (area) héno Taman Prawatasari visa jadi sarana ngaleungitkeun kabosen jeung kakeselan tina aktivitas sapopoé. Anu ngadongdon bisa leuleumpangan di sakitar taman atawa diuk bari niténan pamandangan..

Hiji deui anu kudu diinget, yén pangdongdon kudu sayagi mawa bekel kadaharan jeung inuman. Lantaran tacan sayagi fasilitas kantin di jero objek wisata.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan