Kiwari.co.id Aya hiji lembur singkur di sisi pagunungan Cidaréndéng, Cianjur.
Lembur singkur ieu téh mangrupakeun lembur pangkidulna tungtung kabupatén Cianjur.
Kasugihan jeung kaéndahan alam di lembur singkur ieu mémang lain babasaan. Kaayanana kacida resik. Khas wewengkon pagunungan.
Dicutat tina kanal Youtube Petualangan Alam Desaku, lembur Cidaréngdéng ayana di désa Cibuluh, kacamatan Cidaun, kabupatén Cianjur, Jawa Barat
Dikurilingan ku leuweung jeung pasawahan anu lega pisan. Ditambah deui loba pisan cadas di sabudeureun lembur Cidaréndéng.
Kurang leuwih 212 km ti puseur dayeuh Cianjur. Bener-bener nyingkur tur kapisah. Perenahna di wates kabupatén Cianjur jeung Garut.
Dua kabupatén ieu ukur dipisahkeun ku walungan gedé anu geus diwangun hiji sasak ku padumuk di dinya.
Alatan akses jalan nuju ka cianjur kacida jaihna jeung nanjak mudun, barudak di lembur Cidaréndéng milih sakola ka kacamatan Ciséwu, Garut.
Maranéhna biasana laleumpangi jauhna 2 km tur ngaliwatan 3 sasak luhureun walungan gedé pikeun nepi ka kabupatén Garut.
Nurutkeun pangakuan warga, 50% lahan di lembur singkur ieu téh mangrupakeun tumpukan cadas.
Jadi pikeun lahan tatanén mah kacida kawatesna. Tapi najan kitu mayoritas padumuk di lembur ieu téh kana tani.
Maranéhna ngajual hasil tatanénna ogé ka kabupatén Garut ngalieatan 3 sasak anu sarua jeung rute sakola barudak téa.
Pikeun kanyaho jumlah imah anu aya di lembur Cidaréndéng ieu téh aya 22 suhunan. Lumayan kawilang rempeg ogé pikeun ukuran lembur singkur mah.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana