Bentuk Suku Siga Manuk Onta, Suku di Afrika Ieu Tapis Moro, Musibah atawa Anugrah

Kiwari.co.id — Di benua Afrika di wewengkon Kayemba bagian kalér Zimbabwe, di dinya aya hiji suku étnis anu mibanda kondisi waruga anu unik tina awakna. Hiji kondisi éta téh ngabalukarkeun suku maranéhna boga bentuk kawas manuk onta.

Sebagian gedé Suku Vadoma ngarandapan leungitna tilu ramo tengah tur saukur boga dua ramo luar anu tibalik. Ku lantaran bentuk ramo-ramo suku anu ‘aneh’, arinyana teu bisa maké sapatu, tapi bisa lumpat sanajan rada sulit ogé. Arinyana ogé bisa naék kana tatangkalan sok sanajan saukur mibanda dua ramo suku.

Ku kaayaan anu teu ilahar ieu, timbul pertanyaan. Sabenarna, kunaon kondisi maranéhna siga kitu téh?

Ceuk para ahli widang anatomi, kondisi ieu dipiwanoh minangka Ectrodactyly atawa ‘sindrom kaki burung unta’, atawa sohor ogé sindrom cakar lobster. Éta téh mangrupakeun kalainan genetik langka anu mangaruhan tumuwuhna suku jeung nyababkeun suku katingalina persis suku manuk onta.

Nyutat tina Daily Star, Ectrodactyly ogé disebut cacat formasi leungeun atawa suku kabeulah. Kondisi éta ditandaan ku tayana hiji atawa sababaraha ramo leungeun atawa suku.

Samentara éta, para ilmuwan boga pamanggih yén kondisi anu dirandapan warga suku éta kajadian balukar tina mutasi tunggal dina kromosom nomer 7, tur kondisi éta téh diturunkeun tina hiji generasi ka generasi satuluyna.

Mibanda Sajarah Inses

Balukar kondisi langka éta, penduduk asli Suku Vadoma teu dimeunangkeun kawin di luar kolompok maranéhna. Éta téh dilakukeyn pikeun nyingkahan panyebaran kondisi langka itu di suku séjénna.

Imbas tina aturan éta. Suku Vadoma mibanda sajarah inses atawa perkawinan sadarah. Hal éta téh tangtuna ngabalukarkeun akumulasi gen anu teu boga ragam, nepikeun ka ahirna munculkeun cacad fisik atawa kondisi genetik langka.

Sok sanajan kaasup kalainan genetik, Suku Vadoma kacida reueusna tut nganggap éta téh minangka jati dirina. Éta ogé ngajadikeun suku maranéhna jadi leuwih hadé batan suku séjénna di daerah Kayemba, Zimbabwe.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan