Kiwari.co.id — Poé ieu Rebo (13/9) meneran jeung Rebo Wekasan atawa disebut ogé Rebo Pungkasan atawa Rabu Kasan. Dina poé ieu aya sajumlah amalan Rebo Wekasan anu disarankeun pikeun dilakukeun ku umat Islam.
Rebo Wekasan nyaéta poé Rebo anu akhir di bulan Safar, saméméh asup bulan Maulid atawa Rabiul Awal. Dina budaya masyarakat Jawa, Rebo Wekasan mah nyaéta tradisi anu dilakukeun saban poé Rebo akhir di bulan Safar dina almanak Islam.
Akar tradisi Rebo Wekasan asalna tina kapercayaan masyarakat anu nganggap yén bulan Safar nyaéta bulan anu pinuh ku kasialan. Padahal dina Islam mah, sajatina teu aya poé atawa bulan anu mawa kasialan atawa kauntungan.
Ditandeskeun langsung ku Rasulullah SAW dina hadis riwayat Imam Bukhari, yén taya kasialan dina bulan Safar.
لا عَدْوَى ولا طِيَرَةَ ولا هَامةَ ولا صَفَرَ وفِرَّ من المَجْذُومِ كما تَفِرُّ من الأَسَد
Hartina: Teu aya panyakit népa, teu aya panarahan (ramalan) goréng, teu aya kasialan lantaran manuk hammah, teu aya sial bulan Safar, jeung geura ngagiwar anjeun tina panyakit kusta kawas anjeun lumpat ti singa. (HR Bukhari).
Sanajan kitu, ngalansir NU Online, sajumlah amalan meunang dilakukeun, tangtuna lain keur tujuan hayang menjauhkeun kasialan bulan Safar. Umat Islam bisa ngalakukeun amalan Rebo Wekasan kalayan niat hayang ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT.
Salah sagiji amalan Rebo Wekasan téh nyaéta ngalobakeun du’a ka Allah SWT.
1. Berdoa kepada Allah SWT.
Umat Islam disarankeun pikeun ngalobakeun du’a di bulan Safar. Dina hiji hadis disebutkeun sing saha anu ngadu’a ka Allah di bulan Safar mangka du’ana baris diijabah.
Di antara du’a anu bisa dibaca téh nyaéta:
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ وَصَلىَّ اللهُ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ اللَّهُمَّ يَا شَدِيْدَ الْقُوَى وَيَا شَدِيْدَ الْمِحَالِ يَا عَزِيْزُ ذَلَّتْ لِعِزَّتِكَ جَمِيْعُ خَلْقِكَ اِكْفِنِيْ مِنْ جَمِيْعِ خَلْقِكَ يَا مُحْسِنُ يَا مُجَمِّلُ يَا مُتَفَضِّلُ يَا مُنْعِمُ يَا مُكْرِمُ يَا مَنْ لَا اِلَهَ اِلَّا أَنْتَ اِرْحَمْنِيْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اللهم بِسِرِّ الْحَسَنِ وَأَخِيْهِ وَجَدِّهِ وَأَبِيْهِ وَأُمِّهِ وَبَنِيْهِ اِكْفِنِيْ شَرَّ هَذَا الْيَوْمِ وَمَا يَنْزِلُ فِيْهِ يَا كَافِيَ الْمُهِمَّاتِ يَا دَافِعَ الْبَلِيَّاتِ فَسَيَكْفِيْكَهُمُ اللهُ وَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَحَسْبُنَا اللهُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ وَلَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ اِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَصَلىَّ اللهُ تَعَالىَ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ الِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ
Sundana: Kalayan nyebat jenengan Allah, Anu Maha Mikawelas, Anu Maha Mikaasih. Mugya Allah masihan salawat ka Sayyidina Muhammad sareng kulawargana sarta sahabat-sahabatna.
Ya Allah, wahéi Anu Maha Kuat tur Maha Ngersakeun, wahé Anu Maha Gagah, sagala makhluk Anut kana Kamuliaan- Salira. Cukupkeun abdi ti sagala makhluk-Salira. Wahé Anu Maha Saé, Anu Maha Éndah, Anu Maha Murah, Anu Maha Masihan, Anu Maha Mulya, wahé anu teu aya Pangéran salian Salira. Pasihan rohmat ka abdi kalayan rohmat-Salira. Wahé Anu Maha Pamurah di antara anu pamurah.
Ya Allah, kalayan rahasia Hasan, sadérék kandungna, akina, ramana, ibuna, katut murangkalihna, jauhkeun abdi tina kajahatan dinten ieu sareng naon anu turun dina dinten ieu. Wahé Anu Maha Cukup pikeun ngungkulan sagala urusan, wahé Anu Maha nebihkeun bancana. Allah baris ngajauhkeun anjeun ti maranéhna, tur Anjeun-Na Maha Ngadangu tur Maha Uninga.
Cukuplah Allah minangka panyalindung abdi, sareng Manten-Na nyaéta Panyalindung anu pangsaéna. Teu aya daya sareng kakuatan anging kalayan Allah Anu Maha Luhur tur Maha Agung. Mugya Allah masihan salawat ka Sayyidina Muhammad sareng kulawargana sarta sahabat-sahabatna.
2. Meredih ampun ka Allah SWT
Meredih ampunan ka Allah atawa beristighfar ogé salah sahiji amalan anu diparéntahkeun di Rebo Wekasan. Lain baé di Rebo Wekasan, umat Islam samalah diparéntahkeun istighfar saban mangsa.
Dina Al-Qur’an firman Allah SWT dina surat Hud ayat 90 disebutkeun :
وَاسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُوا إِلَيْهِ إِنَّ رَبِّي رَحِيمٌ وَوَدُودٌ
Sundana : Ménta ampunan ka Pangéran anjeun tuluy geura tobat ka Anjeun-Na. Saéstuna Pangéran Urang Maha Welas tur Maha Asih.
3. Maca Al-Qur’an
Maca Al-Qur’an nyaéta salah sahiji amalan Rebo Wekasan.
Maca Al-Qur’an nyaéta salah sahiji ibadah anu kacida diparéntahkeun dina Islam. Aya loba pisan kautamaan jeung pahala anu gedé pikeun jalma anu maca Al-Qur’an. Tur meunang pahala anu cukup gedé pikeun jalma anu macana.
Tah éta 3 amalan Rebo Wekasan anu bisa dilakukeun umat Islam pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT. Mugya aya guna tur paédahna.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana
Sumber : CNN Indonesia