Méga Hideung di ITC Kebon Kalapa Bandung

Bandung, Kiwari.co.id — Bandung, minangka hiji dayeuh gedé anu jadi wewengkon pangjugjugan balaréa. Dayeuh anu jadi puseurna pamaréntahan porovinsi Jawa Barat, puseur pariwisata sagala widang, boh wangunan sajarah, kuliner, papakéan, jeung sajabana. Kakocap ti jaman kolonial mangrupakeun salah sahiji puseurna tempat balanja. Ngajadikeun Bandung téh ngaleuya ku wawangunan jeung lelewek pikeun tempat balanja, puseur puseur pangbalanjaan atawa tempat tempat jual beuli diwangun di saban lelewek dayeuh tur jadi pamungpungan rahayat Bandung sorangan ogé Jawa Barat, samalah teu saeutik anu ngahaja datang ti luar Jawa Barat.

Tapi kiwari lain bihari Gempuran aktivitas jual-beli online atawa dalam jaringan (daring) ngabalukarkeun loba lelewek puseur pangbalanjaan di Bandung kiwari ngarandapan kamunduran, loba stan atawa losna tarutup ditinggalkeun ku para padagang alatan barang daganganana geus teu pati payu, anu balanja geus kurang, ahirna para padagang ngarandapan karugian, satuluyna tarutup.

Ieu kaayaan karandapan pisan ku salah sahiji puseur pangbalanjaan di hiji lelewek dayeuh Bandung. Internasional Trade Center (ITC) Kebon Kalapa di Kota Bandung mingkin sepi. Méga hideung ngayang luhureunana, ngahalangan cahya anu nyaan ieu gedong agréng puseur pangbalanjaan. Kiwari loba los jeung kios di ITC Kebon Kalapa Bandung anu lowong kosong.

Dina panglanglangan di lelewek ITC dina Rebo (20/9/2023), katara di lanté dasar ITC Kebon Kalapa mah kawilang masih hirup. Di dieu kios masih dipinuhan padagang papakéan jeung séjénna, méh sakabéh kios eusian.

Teu kitu anu kasampak di lanté hiji mah, éstu cakueum, taya kahirupan. Loba kios di lanté hiji ITC Kebon Kalapa téh kosong, taya pangeusina.

Katangén plang béwara panawaran dijual atawa dikontrakan narapel dina tingkeban sababaraha kios. kondisina ogé cakueum poék. Ieu lanté anu kawilang paling sepi batan lanté lianna.

Sedengkeun, di lanté dua jeung tilu mah aya kénéh aktivitas. Sajumlah kios masih dieusi. Di lanté dua jeung tilu ieu mah kalolobaanana (mayoritas) padagang anu jualan gawai jeung barang elektronik séjénna.

Dina paguneman Ketua Perhimpunan Pemilik Penghuni Satuan Rumah Susun Pusat Perbelanjaan Kebon Kalapa (P3SRS-P2K) Bandung Ahmad Kustedi nyaturkeun, padagang masih bajoang pikeun bisa nyumponan kebutuhan hirupna sapopoé. Sok sanajan ayeuna kondisi aktivitas jual beuli di ITC Kebon Kalapa réhé.

“Aktivitas perihal pedagang tetap berjalan, dalam artian tetap berjualan di sini. Ya lebih tepatnya masih ikhtiar,” ceuk Ahmad Kustedi mangsa paguneman jeung detikJabar, Rabu (20/9/2023).

Ceuk Ahmad Kustedi, kondisi sepi pangjugjug mémang geus dirasa saprak sasalad COVID-19, ditambah deui ku aktivitas jual beuli sacara online anu terus malekar, ti mimiti live jualan, diskon gedé-gedéan, produsen langsung ngadagangkeun, nepikeun ka publik figur anu milu turun.

“Aktivitas marketplace atau jualan online mulai bermunculan, otomatis terasa banget bagi pedagang. Sangat terasa banget,” ceuk Ahmad Kustedi.

Disebukeun Ahmad Kustedi, tina 2.000 kios anu aya di ITC Kebon Kalapa Bandung, ayeuna saukur 500 kios anu kaeusi. Penyusutan jumlah padagang di ITC ieu lumangsung sacara nungtutan.

“Di ITC Kebon Kalapa ada 2.000 kios, yang terisi 500 kios. Setelah pandemi itu tinggal 700 kios. Sekarang hanya 500,” pokna.

Lamun kaayaan kawas kieu diantep taya patéah ti pamaréntahan jeung intansi kakait, teu mustahil gedong sigrong puseur pangbalanjaan kawas ITC Kebon Kalapa jeung loba deui puseur pangbalanjaan baris leungit dangiang kahirupanana, baris satuluyna jadi titinggal sajarah pangadagangan di puseur Jawa Barat.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Foto : net

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan