Cianjur, Kiwari.co.id — Tayohna ku geus béak kasabaran jeung keuheul, jalan désa teu diwangun baé ku Pamaréntah Kabupaten Cianjur, pamustunganana aparat Desa Sukabungah babarengan jeung warga réréongan ngawangun jalan désa, Salasa 19 September 2023.
Jalan désa sapanjang 517 méter jeung lébar 3 méter mangrupakeun akses jalan désa anu kacida pentingna pikeun masyarakat, geus heubeul butuh pangwangunanan tapi teu baé digarap dioméan ku pamaréntahan kabupatén.
Ujang (30), urang dinya nyaritakeun, kondisi jalan éta téh ruksak parna tur tacan kacabak program pangwangunan.
“Ya, betul ini atas dasar inisiatif warga membangun jalan secara swadaya karena masyarakat memang sudah lama ingin jalan ini dapat dilalui dengan nyaman,” ceuk Ujang ka jurnalis, mangsa ditepungan di lelewek pangwangunan jalan.
Asep Juanda, Kepala Desa Sukabungah, nyaturkeun, yén pangwangunan jalan sacara swadaya éta téh dilakukeun sanggeus ayana tungtutan jeung desekan warga ka pamaréntah désa.
Kacaturkeun kaayaan jalan désa di désa Sukabungah téh loba anu ngabutuhkeun pangeangunan atawa pangoméan, ngan dina mangsa ieu saukur sabagéan anu bisa dioméan, saperti di Kampung Ginaya, sapanjangna 133 méter kalayan lébar 3 méter, nyaéta salah sahiji jalan anu diwangun, kadua di Kampung Citiis 201 méter panjangna, anu katiluna di kampung Jawura sapanjang 180 méter tur lébar 1 méter.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana