Lembang, Kiwari.co.id — Éndahna alam Kabupatén Bandung Barat sigana taya béakna alatan Bandung Barat mibanda kasugihan alam anu matak mincut tur narik ati calon wisatawan jero jeung mancanagara.
Sugihna suguhan kaéndahan alam di Kabupatén Bandung Barat kiwari anu anyar tur tacan loba anu apal tur tacan loba anu ngajugjug.
Wargi Kiwari!
Destinasi wisata anu anyar ieu téh nyaéta Lorong Lumut di Lembang. Ieu Lorong Lumut mangrupakeun salah sahiji destinasi wisata alam anu perenahna di Kacamatan Lembang, Kabupatén Bandung Barat, Jawa Barat.
Lorong Lumut mibanda daya tarik mangrupa gawir-gawir nangtawing anu dilimpudan lukut héjo. Éta lukut-lukut éta tumuwuh subur dina gawir-gawir anu beueus tur linduh.
Pamandangan Lorong Lumut kacida éndahna tur matak kataji. Wisatawan bisa minikmat kaéndahan Lorong Lumut ti saban juru.
Mun anjeun arék ka destinasi alam anyar ieu, aya dua jalur anu bisa diliwatan pikeun nuju Lorong Lumut, nyaéta:
Jalur Puncak Jayagiri
Jalur Puncak Jayagiri mangrupakeun jalur anu paling gampil jeung lumrah diliwatan wisatawan. Jalur ieu mibanda jarak tempuh sakitar 1,5 kilométer jeung médan anu cukup netek nanjak.
Jalur Jungle Milk
Jalur Jungle Milk mangrupakeun jalur anu leuwih nangtang tur ekstrim. Jalur ieu boga jarak tempuh sakitar 2 kilométer kalayan médan anu leuwih nanjak tur taringgul babatuan.
Jam Buka Lorong Lumut
Jam buka Lorong Lumut via Jungle Milk (Cikole) buka saban poé
Operasional mimiti tabuh 09 isuk nepikeun ka 06 burit.
Kumaha Wargi Kiwari, Baraya Ngaprak, aya haté pikun ngajajal ngalanglangan Lorong Lumut Lembang?
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana