Jakarta, Kiwari.co.id — DPR resmi ngesahkeun Rancangan Undang-Undang (RUU) ngeunaan Aparatur Sipil Negara (ASN) jadi undang-undang. Pangesahan dilakukeun dina rapat paripurna DPR, Salasa (3/10).
Aya pasal-pasal krusial dina UU ASN, kayaning panyaraman pikeun instansi pamaréntah ngarekrut tanaga honorer nepikeun kapapakan hak antara pegawai negeri sipil (PNS) jeung pegawai pemerintah dengan perjanjian kerja (PPPK).
Di handap ieu poin-poin penting UU ASN anu dirangkum CNNIndonesia.com:
Instansi pamaréntah dicaram rekrut honorer
Instansi pamaréntah dicaram ngangkat pagawé honorer atawa non-ASN sanggeus Undang-undang ASN lumaku.
Salian ti éta, panataan status tanaga honorer ogé kudu dilakukeun paling elat dina Desember 2024 hareup.
“Pegawai non-ASN atau nama lainnya wajib diselesaikan penataannya paling lambat Desember 2024 dan sejak Undang-Undang ini mulai berlaku Instansi Pemerintah dilarang mengangkat pegawai non-ASN atau nama lainnya selain Pegawai ASN,” kitu uni Pasal 67 UU ASN.
Bagian pangjéntréan éta pasal disebutkeun anu dimaksud kana panataan nyaéta kaasup verifikasi jeung validasi ku lembaga anu boga wewenang.
Sagigireun éta, dina Pasal 66 UU ASN dijéntrékeun pajabat Pembina Kapagawéan dicaram ngangkat pagawé non-ASN pikeun ngeusi jabatan ASN.
Éta panyaram lumaku ogé pikeun pajabat lian di instansi pamaréntah anu ngalakukeun pangangkatan pagawé non-ASN.
Pejabat Pembina Kepegawaian jeung pajabat séjén anu ngangkat pagawé non-ASN pikeun ngeusi jabatan ASN dikeunakeun sanksi luyu katangtuan paraturan parundang-undangan.
Hak PNS jeung PPPK satara
Pasal 21 UU ASN ngatur ngeunaan kasataraan hak jeung kawajiban antara PNS jeung PPPK.
“Pegawai ASN berhak memperoleh penghargaan dan pengakuan berupa materiel dan/atau nonmateriel,” anu kaunggel Pasal 21 Ayat 1.
Komponen panghargaan jeung pangakuan pagawé ASN nyoko kana panghasilan, panghargaan anu boga sifat motivasi, tunjangan jeung fasilitas, jaminan sosial, lingkungan pagawéan, pamekaran diri jeung bantuan hukum.
Tapi, presiden bisa ngalakukeun pangluyuan komponen panghargaan jeung pangakuan ku merhatikeun kamampuhan keuangan nagara.
TNI-Polri bisa ngeusi jabatan anu tangtu ASN
Pasal 19 UU ASN ngawenangkeun TNI jeung Polri ngeusi jabatan anu tangtu ASN. Anapon jabatan ASN nyaéta tina jabatan managerial jeung jabatan nonmanajerial.
“Jabatan ASN diisi dari Pegawai ASN. Jabatan ASN tertentu dapat diisi dari prajurit Tentara Nasional Indonesia dan anggota Kepolisian Negara Republik Indonesia,” unggelna Pasal 19.
Pangeusian jabatan ASN anu tangtu anu asalna ti prajurit TNI jeung Polri dilaksanakeun dina instansi puseur sakumaha diatur dina Undang-Undang ngeunaan TNI katut Undang- Undang ngeunaan Kapolisian Nagara Republik Indonesia.
Samentara éta, Pasal 20 UU ASN nétélakeun ASN bisa ngalungguhan jabatan di lingkungan TNI katut Polri luyu jeung kompetensi anu dibutuhkeun.
Bagian pangjéntréan pasal éta disebutkeun pangeusian jabatan TNI katut Polri ku ASN jeung sabalikna boga tujuan sangkan ASN, prajurit TNI, katut Polri mibanda kasaimbangan tur kasataraan dina pamekaran karierna dumasar Sistem Merit.
ASN jadi anggota parpol dionslah (pecat)
Pasal 52 UU ASN ngatur pangeureunan kalayan teu hormat pikeun PNS jeung PPPK anu jadi anggahota partai politik.
Pasal ieu ngajéntrékeun pangeureunan pikeun ASN nyaéta aya dua jinis nyaéta tina paménta sorangan jeung lain tina paméta sorangan.
Pangeureunan tina paménta sorangan dilakukeun kalayan pangunduran diri salaku pagawé ASN. Samentara pangeureunan anu lain tina paménta sorangan pikeun pegawé ASN dilakukeun umpamana,
a. ngalakukeun panyéléwéngan kana Pancasila jeung Undang-Undang Dasar Nagara Republik Indonesia Taun 1945;
b. tilar dunya;
c. nepi kana wates umur pangsiun jabatan jeung/atawa mungkasna mangsa perjanjian gawé;
d. kabalukar parampingan organisasi atawa kawijakan pamaréntah;
e. teu tapis cakap)jasmani jeung/atawa rohani sahingga teu bisa ngajalankeun tugas jeung kawajiban;
f. teu ngahontal target kinerja;
g. ngalakukeun pangrempakan disiplin tingkat beurat;
h. dihukum bui dumasar putusan pangadilan anu geus mibanda kakuatan hukum tetep alatan ngalakukeun tindak pidana kalayan hukuman pidana bui paling singket dua taun;
i. dihukum bui atawa kurungan dumasar putusan pangadilan anu geus mibanda kekuatan hukum tetep alatan ngalakukeun tindak pidana kajahatan jabatan atawa tindak pidana kajahatan anu aya hubunganana jeung jabatan; jeung/atawa
j. jadi anggota jeung/atawa pangurus partai politik.
“Pangeureunan Pegawé ASN alatan sabab sakumaha dimaksud dina ayat (3) huruf a, huruf g, huruf i, jeung huruf j dikategorikeun minangka pangeureunan teu kalayan hormat,” uni dina Pasal 52 ayat 4.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana