Pasang Tarif Salangit Pamustungan Lahan Parkir Liar di Bandung Ditutup

Bandung, Kiwari.co.id — Dayeuh Bandung katut sagala rupa kaunikanana anu béda ti dayeuh séjénna geus hasil mincut datangna wisatawan lokal jeung manca nagara. Para pangdondon éta teu saeutik anu mawa kandaraan sorangan. Hal ieu ngabutuhkeun lahan parkir kandaraan para wisatawan anu hayang merenah jeung tumaninah dina minikmat kaéndahan dayeuh Bandung ieu, ku hal éta pisan marucunghulna lahan parkir anu deukeut jeung lelewek jugjugan para wisatawan téa, lahan parkir éta sawaréh dikokolakeun ku Dinas Perhubungan (dishub) dayeuh Bandung, tapi aya ogé anu dikokolakeun ku pihak umum atawa sawasta anu kapareng ngabogaan lahan kosong pikeun dimanfaatkeun jadi lokasi parkiran. Hanjakalna lahan parkir anu dikokolakeun ku pihak swasta atawa umum téa matok harga parkir sangeunahna anu anut kana katangtuan anu resmi dishub salaku otoritas lahan parkir dayeuh Bandung, anu leiwih parnana lahan parkir éta kabuktian teu resmi (ilegal).

Dina sawatara waktu kalarung kungsi jadi papasaliaan (polemik) anu ramé sabiwir hiji (viral) di media sosial (medsos) anu nétélakeun tarif lahan parkir salangit.

Dicutat ti detikJabar, Lokasi parkir ilegal kalayan tarif ‘salangit’ anu aya di lelewek (kawasan) Jalan Asia Afrika ditutup Pamaréntah Kota Bandung. Panutupan lahan parkir dipingpin langsung Kadishub Kota Bandung Ricky Gustiadi.

Éta tempat parkir téh ditutup alatan teu nyakuan idin tur ngarempak Perda nomer 3 tahun 2020 ngeunaan perhubungan, sarta Perda nomer 12 taun 2012 ngeunaan retribusi jeung bidang perhubungan.

“Ternyata di jalan Asia Afrika ini ada tiga lokasi penyelenggaraan tempat parkir swasta, yang di luar badan jalan yang tidak memiliki izin penyelenggaraan tempat parkir. Karena merugikan masyarakat luas, sehingga ini ramai di medsos. Kami dari Pemkot Bandung bekerja sama dengan Dishub, Satlantas Polrestabes Bandung, Satpol PP, dan jajaran Dalops Dishub serta BLUD Parkir lakukan penutupan sementara,” ceuk Ricky saréngséna panertiban, Rebo (4/10/2023).

Tempat parkir anu ditutup éta téh perenahna di eks lahan Bioskop Palaguna (peuntaseun Gedung Merdeka). Ieu tempat téh sabenerna mah mémang geus lila dipikanyaho jadi lahan parkir pikeun beus pariwisata jeung kandaraan pribadi pikeun warga anu hayang pelesiran di jalan Asia Afrika, Taman Cikapundung, katut Braga.

Inyana ngungkabkeun, lahan éta teu diurus ku Dishub Bandung. Ayeuna, para pangokola lahan parkir dipénta pikeun ngurus idin leuwih tiheula sangkan harga jeung operasionalna aya dina pangawasan Pemkot Bandung.

“Kita tutup, persuasif sudah (minta urus perizinan), kalau masih bandel disegel permanen. Lahannya ini kan lahan swasta bukan dikelola Dishub kota Bandung, tetapi tidak menutup kemungkinan seperti di jalan Soekarno Hatta itu kalau malam parkir dikelola oleh parkir liar, bukan Dishub,” ungkabna.

Sakumaha anu dicatur di luhur, dayeuh Bandung katut wisatana jeung wewengkon (kawasan) Jalan Asia Afrika jadi tujuan para wisatawan ti jero jeung luar nagri.

“Ini merusak citra Pemkot Bandung. Perlu penertiban dan langkah represif ke depannya, kalau memang mereka persuasif tidak mengikuti aturan main yang ada. Ini kan ilegal cukup lama, tapi Pemkot Bandung tidak lakukan pembiaran,” tandes Ricky.

Sangkan teu kitu deui, Dishub Kota Bandung bakal kacida apikna deui nyisir tempat parkir jarah anu teu boga idin, teu luyu regulasi atawa ngarempak rambu lalu lintas.

Salian ti éta, ceuk Ricky, lamun maranéhna teu ngurus pangidinan, maka Dishub baris tetep nutup lahan éta luyu katangtuan anu lumaku.

“Parkir liar tempat lain akan kami sisir, mana tempat parkir yang akan kita tertibkan. Hari ini kami tertibkan dua lokasi dulu di sini, sesuai jadwal dan kekuatan personil yang ada. Kalau jangka waktu penutupan ini berlaku sampai mereka belum berizin maka akan tetap ditutup. Setelah keluar izin baru kita buka,” jéntréna.

Saméméhna, tarif parkir harga salangit di Jalan Asia Afrika Kota Bandung ieu viral di media sosial jeung nyieun geunjleung. Tarif parkir di Jalan Asia Afrika dianggap teu asup akal garagara aksi néké harga.

Kaungkabna aksi néké tarif parkir éta sanggeus salambar karcis warna bodas maké tulisan di ‘ZONA PARKIR FA 90’ Jl Asia Afrika no.90 hareupeun Museum Konferensi Asia Afrika sumebar di media sosial. Foto karcis éta kasebar di akun @infojawabarat.

“Beredar foto tiket parkir motor di Bandung dikenakan tarif Rp10 ribu di kawasan Asia Afrika tepatnya depan museum KAA, Kota Bandung. Kata warganet: Bandung Lautan Pungli! Nah, selain harga yang tak wajar, di tiket tersebut juga ditulis segala kehilangan bukan tanggung jawab pengelola,” tulis katerangan dina éta akun.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan