Jejer : Karaman Sasak Gombong
Bag : ka-1
Angin leutik ngahiliwir nebak dangdaunan sorana pating korosak, awor sora cihcir jeung caricangkas disawuer pepengéng anu ngahéang tina dapuran pungpurutan sisi jalan jajahan. Nganteur srangéngé anu naleukeum kana wanci sareupna dina satengahing usum halodo panjang.
Sora talapok kuda pating kotoprak nincak rentulna batu di jalan jajahan meupeuskeun sora sora alam wanci harita.
“Héa…,” Lalaki tengah tuwuh ngabedal kuda roda, dituturkeun dua kuda anu ditumpakan ku jalma-jalma nyorén bedog, kamprét dadana ngaliglag ngélébét katebak angin.
Anjog ka wates leuweung lebah biwir sasak gombong. Reg, maranéhna areureun, rut-rét jeung pada baturna, pasemonna bangun ngemu karémpan.
“Kéla euy!” pokna jalma anu dina kuda roda. nyapukeun panénjona ka sabudeureun sasak anu di sisi walunganana pinuh dapuran awi gombong, tayohna ku sabab dapuran awi anu rajeg numatak sasak éta disebut sasak gombong téh.
“Kadé Gan, sing iatna,” pokna jalma katuhueun roda, panonna milu ngaroris sabudeureun. Pon kitu deui sarua pamolahna jeung jalma anu sakéncaeun roda.
“Enya, Dira euy, sing waspada!” Anu disebut Gan nyarita, leungeunna ngaragamang kana bedog anu ngagaplék dina cangkéngna.
Dina kaayaan anu bangun tugenah kitu.
Jleng, jleng, teu kanyahoan ti kénca katuhueun jalan jlung-jleng opat jalma badé amprotan pating garajleng laju ngabedega jajalaneun.
“Jiahahah, aya anu nganteuran euy,” Jalma béwok panghareupna ngagorowok, seuri ngalenggak.
“Heueuh, Bah! Rada euyeub sigana ieu mah yeuh,” témbal jalma sulah gigireunana, ngajéléng.
“Hé saha ki silah, rék naon ngahalangan jajalaneun?” pokna jalma dina roda. Leungeunna geus ngaragamang kana pérah bedogna. Bangun anu geus ngabadé kana galagat teu hadé hareupeunana.
“Ééh, bangun anu teu apal ka urang ieu jalma téh, Dak,” Gorowokna jalma béwok.
“Heueuh Bah! Tayohna kudu wawanohan heula sigana, sangkan aya adab tah mangkluk téh,” Satukangeun jalma béwok nimpalan.
“Heueuh Dak! Tayohna jalma anyar yeuh bebengok téh,” Si Béwok ngaléngkahkeun suku jébragna, bedog panjangna diisedkeun rada kahareup bangun nyingsieunan.
“Nya saha atuh aranjeun sakabéh téh, hah?” Bari nangtung jalma dina roda neuteup seukeut ka jalma béwok.
“Hahahaha, yeuh déngékeun ku sia, nya aing nu katelah Bah Béwok anu ngageugeuh sasak gombong, jeung sing saha anu hayang ngaliwat ka sasak ieu, kudu nyérénkeun harta bandana, mun henteu!” Nu ngaku Bah Béwok nétélakeun dirina, ngajéléng.
“Mun henteu, rék naon ki silah?” Jalma nu dina roda nambalang.
“Mun henteu, baris jadi tumbal sasak gombong ieu, hahaha” Ditungtungan ku ngahahah Bah Béwok ngomong, molotot.
“Ééh, ngeunang amat ki silah mikahayang harta banda kuring bari teu gugur teu angin,” tambalangna jalma dina roda.
“Euh, teu bisa dilemesan siah, sugan kudu wawanohan heula jeung Si Samber nyawa, ieu mah, héaaa,” Bari mesat bedogna Bah Béwok ngagajleng narajang kana luhureun roda, laju ngaheumbatkeun bedog nu diarah sirah jalma dina roda.
Nempo Bah Béwok narajang, bangun anu dihucuhkeun tilu jalma satukangeunana milu narajang ngahurup dua jalma kénca katuhueun roda.
Trang, trang, kembamg seuneu pating burisat tina pakarang anu diadu dibarung tanaga anu rohaka.
Cag
Ku Ris Bhuwana